Wah, canggih pisan ieu mah.


On 12/4/09, Moch Dachman Maman <[email protected]> wrote:
>
> Kanu meryogikeun conto Text Walimatul-urusy tea, Abah ngintunkeun contona
> hiji.
>
> SUSUNAN ACARA DINA WALIMATUL URUSY
>
>
> 07.15 - 07.30
> Rengrengan Kulawarga Calon Panganten Istri tos siap kalayan merenah di
> payuneun bumi.
>
> 07.30 - 07.45
> Rombongan Calon Panganten Pameget, dugi ka tungtung Jalan, atanapi buruan,
> diandeg heula di payuneun bumi.
>
> Iber ti MC :
> Ka rombongan pipanganteneun pameget, pamugi kersa ngantos heula sakedap,
> sakantenan memeres rombongan, atanapi tamu nu sanes, anu kaleresan teu acan
> siap.
>
> Ka Pager Bagus sareng Pager Ayu nu bade mayungan Calon Panganten Pameget,
> mangga dihaturanan kanggo mapag, ngiringkeun Calon Panganten Pameget ka bumi
> Pipanganteneun Istri.
>
> Bari ngantosan nu mapah, Narasi MC, sapertos kieu :
>       
>       Itu geuning, calon panganten geus sumping.
>       Kitu deui nu garinding, haturan bagea sumping.
>       Enya geuning, mana lucu-lucu teuing.
>       Nineung teuing, bagja teuing.
>       Anaking bagea sumping.
>       Enya geuning, nu dianti-anti sumping.
>       Nu kasep jimat awaking.
>       Baeu banget deudeuh teuing.
>
> Di lawang panto, dina panyaweran, diandeg deui, dipapag ku Ibuna
> pipanganteneun istri, dikangkalungan kembang malati.
>
> Mangga ka ibuna pipangantenneun istri, pamugi kersa ngangkalungkeun kembang
> malati, saparantosna dikangkalungan kembang malati, pipanganteneun pameget
> munjungan ka ibu-ramana pipanganteneun istri, kitu deui ibu ramana
> pipanganteneun pameget, pada-pada munjungan kadua pihakanana.
>
> Narasi MC dina :
>
> Jemplang Karang.
>
> Haturan kasep haturan
> Haturan bagea sumping
> Ibu kebek ku kasono
> Ka hidep anu raspati
> Panyileukan beurang peuting
> Ibu teu weleh nunuhun
> Hidep nu jadi harepan
>
>
> Jagong tuhur beunang ngunun.
> Nu kasep bagea sumping.
> Cikur jangkung pamuraan.
> Anaking paranglay teuing.
> Cunduk waktu ninggang mangsa
> Nitih wanci nu mustari
> Nitih wanci nu mustari.
>
>
> Mangga ka Pipanganteneun Pameget oge ka ibu ramana dihaturanan calik di
> tempat anu parantos disayagikeun.
> Bawiraos ka para tamu nu teu acan kaagehan tempat, mangga milarian tempat
> heula, supados rada salse, sateuacan ieu acara dikawitan.
>
> 07.45 - 08.00
> Bubuka MC.
>
> Bismillaahirahmaanirrahiim.
> Assalamu 'alaikum warahmatullaahi Wabarakaatuh
> Alhamdulillaahilladzii khalaqa lakum min amfusikum azwaajaa, litaskunuu
> ilaihaa, waja 'ala bainakum mawadah warahmah, wash shalaatu was salaamu
> 'alaa mal laa nabiyya ba'dah. wa 'alaa aalihii washah bihii wamaw waalaah,
> laa haula walaa quwwata illaa billaahi al aliyyil adhiim. amma ba'du.
>
> Ibu-bapa hadirin sadaya, utamina para tamu, sepuh anom jaler istri
> rahimakumullah.
>
> Puji syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, anu nangtayungan urang
> sadaya, siang kalayan wengi. Muga-muga rahmat miwah barakahNa, kasanggakeun
> ka Nabi urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka para shahabatna, ka para
> kulawargana, sareng ka sadaya umatna anu satia-satuhu ka anjeunna, khususna
> ka sapasang calon panganten.
>
> Atas nami shahibul bait, sim kuring nyanggakeun haturan sumping, ka para
> tamu sadaya, disarengan ku kabingah nu taya hinggana, ku kasumpingan
> ibu-bapa sadaya, dugi ka rada sesah, ngarekana ku basa.
>
> Malah mandar teu ngalantur ngawur saur, urang kawitan bae ku acara nu
> munggaran, minangka nyerenkeun pipanganteneun pameget, dina acara seren
> tampi dinten ieu.
>
> Ka sesepuh ti rombongan calon panganten pameget,   mangga nyanggakeun.
>
> 08.00 - 08.15
> Nyerenkeun calon pipanganteneun pameget.
>
> Bismillaahirahman nirrahiim.
> Assalammua 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
> Alhamdu lillaahil ladzi arsala rasuulahu lahu bil huda, wadinil haq, liyudh
> hirahuu 'alladiini kullihii wakafaa billahii syahiidaa. Asyhadu allaa ilaaha
> illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan 'abduhu
> warasuluhuu laa nabiya ba'dah. Allahumma shalli wasallim wabarik 'alaa
> sayyidina muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqaa. Amma
> ba'du.
>
> Diawitan ku basmalah, nu jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panghias
> rasa, tur jadi santun ing kalbu. Tarate hate malati ati, sangkan jadi
> pangemat aworna omel jeung amal.
> Dituturkeun ku hamdalah, kalimah panundung rambu ing takabur, nu ngahunyud
> dina kalbu, nu sok jadi panghalang, jorelatna teja Al Qur-an kana manah,
> ngaheumpikkan tembusna cahaya kudus kana kalbu, sangkan ulah aya rasa riya,
> sum’ah jeung takabur, nu sok pasolengkrah jeroeun dada.
>
> Dipirig ku kalimah kalih, syahadat dua lir sumpah, jangji moal lanca-linci,
> luncat mulang udar tina tali gadang, mo rek ngijing sila, bengkok sembah,
> rek khusyu sumujud, tuhu nuturkeun galur ti Rasul.
> Ibu-bapa, hadirin sadaya, sepuh anom jaler istri rahimakumullah.
>
> Saba'da bubuka nembe, mitembeyan, minangka pangjajap saur, widian sim kuring
> medar pamaksadan, sok sanaos teu patos tebih, ti palih wetan, ti
> .....(tempat panganten pameget) ka dieu.......(tempat panganten istri ),
> saur basa pujangga mah, jauh dijugjug anggang diteang, ngaleut ngeungkeuy
> ngabandaleut, matak reuwas nu kasumpingan, sim kuring, minangka nangtung
> sambung laku, letah sambung carita, ti kulawarga Bapa ...........(Ramana
> Panganten Pameget), sarimbit, anu maksadna taya sanes :
>
> Kahiji, seja nganuhunkeun ka pribumi, wireh ditampi ku tata titi anu
> raspati, panyambatna nu bear marahmay, someah hade ka semah, matak lugina
> kana manah, nawiskeun, yen pribumi kalebet jalmi linuhung budi, anu resep
> ngamulyakeun tatamu, hatur nuhun ...., mugia bae kasaeanana ieu dibales ku
> Allah Nu Rahman Rahim.
>
> Kaduana, seja nyanggakeun silaturahmi nu langkung jembar, minangka
> panyambung tina silaturahmi nu kantos dilaksanakeun waktos kapengker,
> antawis kulawarga ............(Ramana Panganten Pameget ) sareng kulawarga
> ...........(Ramana Panganten Istri) didieu, mugia bae beungkeutan
> silaturahmi antawis rombongan calon panganten pameget, sareng kulawarga
> calon panganten istri saparakanca ieu, tiasa ngajantenkeun pirang-pirang
> kasaean.
>
> Katiluna, seja nyambung saur kapungkur, anu kantos pasini, antawis kulawarga
> .........(Ramana Panganten Pameget), sareng kulawarga .............(Ramana
> Panganten Istri) didieu, wireh pun dulur, Saderek .............(Panganten
> Pameget), putra lalaki, cikalna, ti kulawarga Bapa ...............(Ramana
> Panganten Pameget), sarimbit, kantos nyimpen carios sareng tuang putra Neng
> .........(Panganten Istri), upami teu aya cegahing Allah Nu Murbeng Alam,
> kalayan didadasaran ku itikad, anu clik putih clak herang, seja tatahar,
> ngajak sasarengan rumah tangga sareng tuang putra. Mun kapungkur, lamunan
> teh ngan ukur angen-angen wungkul, kamari nu masih keneh janten beubeureuh
> maneuh, bebene pamepes hate, kiwari, dina dinten Ahad ieu, aya kahoyong ti
> saderek Bambang ieu, manawi aya kaweningan galih ti tuang putra, sareng ti
> sepuhna tangtosna oge, hoyong ka palupuh nangtung saurna teh, hoyong
> kapimilik, malah dipaparah, diangen-angen, sangkan tiasa kauntun tipung
>  katambang beas, laksanana kapiduriat.
>
> Kaopatna, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna
> rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka iklhasan manah, ti wali calon
> panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka
> "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, getihna satetes, rambutna
> salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kala’ipanana sareng
> katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap
> pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina
> ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah
> tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu
> baldatun thayyibatun warabbun ghafur.
>
> Kalimana, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kitu
> ge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba
> ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti
> pun dulur, saderek .............(Panganten Pameget), beas sacanggeum, encit
> sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning
> saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak
> ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan saderek
> ...........(Panganten Pameget) ieu.
>
> Kagenepna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim
> kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining
> kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu
> teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja,
> estuning tina kakirang sim kuring wungkul.
>
> Pamungkas, sim kuring neneda ka Allah SWT, mugia anu bade ditikahkeun ieu,
> sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adoh
> balaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina.
>
> Deudeul du'a ti awal bae, geulis, kasep : "Barakallahu laka wabaraka alaika,
> wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin
> barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu
> bade ditikahkeun dina kasaean.
>
> Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin, Yaa Mujibas saa 'iliin.
> Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal inayah.
> Wallahu muwaffiq ilaa aqwamith thariiq.
> Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
>
>
> Hadirin rahimakumullah, rupina teu kedah dikomentaran deui, naon-naon nu
> parantos kasaksen sareng kakuping ku urang sadaya nembe. Bade dibujeng
> enggalna bae, ayeuna ka sesepuh ti pihak pipanganteneun istri, dina waktos
> ieu,  nu bade ngawaler sareng nampi, pipanganteneun pameget ieu teh,
> diwakilan kunu janten sesepuh ti pihak kulawarga calon panganten istri,
> waktos sareng tempat mangga kahaturkeun.
>
> 08.15 - 08.30
> Nampi calon pipanganteneun pameget .
>
> Assalamu 'alaikum warhmatullaahi Wabarakaatuh.
> Alahamdu  lillaahil ladzii arsala rasuulahu bil hudaa, wadiinil haq, liyudh
> hiraahu alladziini kullihi wakafaa billaahi syahidaa. Asyhadu allaa ilaaha
> illallaahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu
> waraasuluhu la nabiya ba'dah. Allaahumma shalli wasallim wabarik 'alaa
> sayyidina Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihii wa manit taqa, amma
> ba'du.
>
> Ibu-bapa, hadirin sadaya utamina para tamu, sepuh anom jaler istri
> rahimakumullah.
>
> Saba'da bubuka nembe, mitembeyan minangka pangjajap saur, Sim kuring
> minangka nangtung sambung laku, letah sambung carita ti kulawarga
> .........(Ramana Panganten Istri), Ramana pituin calon panganten istri Neng
> .................(Panganten Istri), nyanggakeun haturan sumping, disarengan
> ku laksa keti kabingahan, ka para wargi sadaya, anu parantos kersa
> ngadongkapan ka ieu patempatan, mugia bae, kasumpingan para tatamu ieu teh
> sing ngajantenkeun hiji ibadah anu ditampi ku Allah SWT.
>
> Amin yaa Allah Yaa Rabbal alamiin.
>
> Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh,
> balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna
> eusi dada sim kuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu
> beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu tegepna,
> dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, kantenan, eta nu
> diajeng-ajeng siang kalayan wengi teh, malah tos asa beuheung sosonggeteun,
> sim kuring sakulawarga tos cilingcingcat bae ti enjing keneh, komo Neng
> .............(Panganten Istri) mah, inggis pajar teh, sieun Kang
> ................(Panganten Pameget), teu cios sumping, saur juru mamaos mah
> kieu cenah geuning,
>
> Yeuh badan abdi buktina,
> kapan sakieu reksakna, manis,
> kapan sakieu reksakna, dunungan,
> hate teh awut-awutan,
> ku lami puyang payengan, dunungan,
> ayeuna mah geuning, ku lami puyang payengan..
>
> Nanging buktosna mah bet ngembang boled, nu dianti teu burung dugi, nu
> ditunggu teu burung cunduk, kalayan salamet teu kirang sawios-wios, atuh
> kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murba, binarungan bingah
> amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana.
>
> Nya kitu deui cacandakanana, sakitu seueurna, sakitu numpukna, kirang kumaha
> deui, sok sanaos yaktos teu diantos-antos, ditampi kalayan kabingahan,
> henteu bade diteundeun dihandap-handap, estu disuhun dina embunan-embunan,
> mugia bae, janten hiji kamangfaatan, pikeun barudak nu bakal nyorang
> kahirupan dunya anyar, dina wanda wangunan rumah tangga.
>
> Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina
> leresan panampian, utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga
> peryogana, mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten.
>
> Pamungkas rupina, urang sami-sami ngadu'a bae ka Allah SWT, mugia paneja
> barudak nu bade jatukrami ieu, miwah pamaksadan urang nu janten sepuhna,
> tiasa diijabah ku Allah SWT,
>
> "Barakallaahu laka wabaraka alaika, wa jama 'a bainakumaa fii khaiir" Amiin
> Yaa Allah Yaa Rabbal alamiin,
> Amiin yaa mujibas saa 'ilin, billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah wal
> inayah, wallaahu muwaafiq ilaa aqwamit thaariq.
> Wasallam mu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
>
>
> Alhamdulillaahi Rabbil 'alamiin, kalayan Rahmat Nu Maha Kawasa, acara seren
> tampi, dina enjing-enjing ieu, parantos dilaksanakeun kalayan lancar, teu
> kirang sawios-wios, keuna kana paripaos “batu turun keusik naek”. Cep
> .............(Panganten Pameget) purun Neng ...............(Panganten Istri)
> na oge daek.
>
> Kanggo langkung euyeubna ieu acara, ka sepuhna calon pipanganteneun istri,
> oge ibu-ramana calon pipanganteneun pameget, dihaturanan ngadeg, kanggo
> seren tampi, masrahkeun cacandakanana, tinu janten calon panganten pameget
> ka fihak calon panganten istri, simbolis bae rupina, ku ibuna calon
> pipanganteneun pameget ka ibuna calon pipanganteneun istri. Atanapi ti Ibu
> ................(Ibuna Panganten Pameget) ka ibu ..........(Ibuna Panganten
> Istri), atuh ka Juru Foto, bilih peryogi kanggo dokumentasi, mangga
> dipasihan waktos kanggo motoanana.
>
> Cacandakan nu sanesna, tiasa ekstapet bae, dihaturkeun ka rengrengan pager
> bagus, atanapi pager ayu, atanapi kadang wargi ti pihak kulawargi calon
> pipanganteneun istri, nu sanesna tiasa ngabantuan kanggo nampi cacandakan ti
> para tamu ieu, disimpen heulaanan dinu merenah, supados rada salse.
>
> Hadirin rahimakumullah. Saterasna, acara dilajengkeun kana acara akad nikah.
> Aya harewos ti dua pihak anu bebesanan ieu, akad tikah teh hoyong di masjid
> bae saurna teh,  ku kituna ka para tamu, kadang wargi, hadirin sadaya, urang
> sasarengan bae, ngiringkeun pipanganteneun ieu, ka Masjid
> ......................, kaleresan teu patos tebih.
>
> Mangga ka pager bagus anu bade ngiring ngaping pipanganteneun ieu, tiasa
> diawitan bae.
>
> Sing rada anca we Cep ...............(Panganten Pameget) oge Neng
> ...........(Panganten Istri) teu kedah gurung gusuh teuing, bilih geubis.
> 08.30 - 09.05
> Akad Nikah di Masjid........................
>
> Hadirin ikhwatul iman rahimakumullah.
> Alhamdulillah, ayeuna parantos dugi kana wanci nu mustari, calon panganten
> duanana, wali, para saksi, sareng Bapa Naib, parantos sami-sami hadir.
>
> Upacara akad nikah bade dibuka, ku maoskeun ayat-ayat suci Al Qur-anul
> Karim. Nu bade kasanggakeun ku kersana Ustadz ..............., sareng Sari
> Tilawatul Qur-an na, kasanggakeun ku kersana Ibu .................,
> kayungyun deui wae, nu ngaos Qur-an na carogena, sari tilawah ku istrina.
>
> Ka Ustadz ................. sareng .............., mangga waktos sareng
> tempat kahaturkeun.
>
> 09.05 - 09.15
> Bacaan Al Qur-anul Karim sareng Sari Tilawah.
>
> Salajengna ditema ku khutbah Nikah, nu bade kasanggakeun ku kersana Bapa K.
> H. ....................................
>
> Ka pangersa Bapa K.H......................, mangga waktos sareng tempat
> kahaturkeun.
>
> 09.15 - 10.00
> Khutbah Nikah
>
> Alhamdulillah, khutbah nikah parantos didugikeun nembe, kanggo pibekeleun
> para-putra urang nu bade dirapalan, nanging teu mustahil, khutbah nembe teh,
> pikeun panggeuing kanggo urang sadaya nu parantos janten panganten bari.
>
> Hadirin rahimakumullah.
>
> Insyaa Allah, dina acara puncak dinten ieu, mangrupi akad nikah antawis Cep
> ............(Panganten Pameget) sareng Neng ................(Panganten
> Istri), sareng nu janten walina.
>
> Bilih hilap, ka sadayana bae, panuhun, ka ibu-bapa sadaya, anu sami hadir
> dinten ieu,  upami engke dina ijab-qabulna lancar teu kirang sawios-wios,
> panuhun, sakali deui panuhun, teu kedah dikeprokkan sagala rupi, urang
> sami-sami du'akeun bae, ieu panganten teh ku du'a : "Barakallahu laka
> wabaraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khair".
>
> Ka bapa Naib, mangga nyanggakeun.
>
> 10.00 - 10. 30
> Akad Nikah
>
> Alhamdulillaah, ti danget ieu Neng .................(Panganten Istri) sareng
> Cep ..............(Panganten Pameget), parantos ngadahup kalayan resmi
> kasaksen ku balarea, mugia sing runtut raut, rukun sabilulungan, sapapait
> samamanis, rahayu salamet di dunya katut di akherat jaga.
>
> 10.30 - 11.00
> Ngalebetkeun lelepen sareng Masangkeun Mas Kawin kana Panangan Panganten
> Istri.
>
> Acara salajengna, nyaeta ngalebetkeun lelepen.
> Ka Cep .................(Pamanganten Pameget) oge ka Neng
> .............(Panganten Istri), mangga ngadeg papayun-payun. Neng
> ......(Panganten Istri) sok lebetkeun lelepen Kang..............(Panganten
> Pameget) teh, kana jariji tengenna, mangga bari maos
> Bismillaahirahmannirrahiim.
> Alhamdulillah, pancen Neng ..............(Panganten Istri) parantos rengse,
> ayeuna kantun Cep..............(Panganten Pameget), ngalebetkeun lelepen
> Neng......................(Panganten istri), Sok mangga Kasep, lebetkeun
> lelepen Neng .............(Panganten istri) teh, kana jariji panangan anu
> tengenna, teu kedah gurung gusuh, kasep, anca we, lalaunan, sing tarapti,
> peell, sok dedetkeun, kituh, tos lebet mah gampil, nya.
>
> Alhamdulillaah, acara ngalebetkeun lelepen parantos. Ayeuna urang
> lajengkeun kana masangkeun mas kawin, masangkeun pinggel ku panganten
> pameget, ku Cep ......(Panganten pameget) ka Panganten Istri, ka Neng
> ..............
>
> Hadirin sadaya, urang teraskeun kana acara sungkem ka ibu-ramana panganten.
> Ka ibu-ramana panganten, dihaturanan ngalih calikna, Ibu ..............(Ibu
> Panganten Pameget)  sareng Pa ...........(Ramana Panganten Pameget) di
> paliih kiwa, ibu ...............(Ibuna Panganten Istri) sareng
> Bapa.................(Ramana Panganten Istri) palih tengenna.
>
> Kahiji, Neng ..............(Panganten Istri), sungkem ka Mamah, Neng, sok
> munjungan ka Mamah, oge Cep ..................(Panganten Pameget) sok
> munjungan ka Ibu, Kasep.
>
> Kedalkeun, minimal atuh dina hate wae.
>
> Mamah, hapunten abdi, hapunten abdi.
> Salami Mamah ngarorok abdi, tug dugi ka kiwari.
> Du'akeun abdi duaan, rek hirup macakal.
> Mitembeyan, ngojayan kahirupan rumah tangga.
>
> Eulis,kasep, jimat Mamah anaking.
> Hidep pupujaning ati, Mamah jeung Bapa.
> Dihampura ku mamah, Geulis, Kasep.
> Sanajan ayeuna hidep macakal.
> Kanyaah Mamah, kanyaah Bapa, mo aya sudana.
> Bral didu'akeun ku Mamah.
> Lakuna sing jadi lalanang jagat.
> Tandang lir lalaki langit.
>
> Geura mangkat geura miang.
> Rajahna waras waluya.
> Beunang ngasuh ti lelembut.
> Ngatik ngaping ti leuleutik.
> Prak geura pajangkeun. Kasep, geulis.
>
>
> Ayeuna gentos, Neng ...............(Panganten istri). Cep
> .................(Panganten pameget), pek munjungan ka Rama sewang-sewangan.
>
> Eulis, kasep,  Jungjunan.
> Hidep duaan kiwari rimbitan.
> Kawajiban keur duaan.
> Sing sareundeuk saigel.
> Sabobot sapihanean.
> Mugia temen tinemenan
>
> Bapa  ngajurung laku.
> Ka hidep duaan.
> Rek nempuh lalakon anyar.
> Ngeusi hartina rarabi.
> Hirup kumbuh rumah tangga
> Mustari nitih ka wanci.
>
> Ayeuna gentosan, Neng ................(Panganten istri) munjungan ka Ibuna
> Kang ...............(Panganten Pameget), Atuh Cep
> ..................(Panganten Pameget) munjungan ka ibuna
> Neng.................(Panganten Istri).
>
> Du'a ibu ka hidep duaan.
> Hidep masing teguh rukun.
> Salebeting laki rabi
> Ulah unggut kalinduan.
> Gedag kunu lain-lain.
> Pria tata wijaksana.
> Mun istri titi berbudi.
>
> Sarigig kudu jeung harti.
> Sarengkak kudu merenah.
> Kelet bawel bahe carek.
> Tumanan heman ariman.
> Tatakrama ka sasama.
> Tuju laku nu rahayu.
> Siar jalan nu waluya.
>
> Mangga gentos deui, ayeuna Neng .................(Panganten Istri) munjungan
> ka ramana Kang .................(Panganten Pameget), atuh Cep
> .......................(Panganten Pameget) munjungan ka Ramana
> Neng..........................(Panganten Istri).
>       
> Pidu'a ti Bapa  saeutik.
> Bapa mah tangkal waluya.
> Pangeran anu Ngawasa.
> MantenNa anu Kagungan.
> Allah Nu Rahman Jeung Rahim.
> Mangka temen teguh iman.
> Mugi Gusti nangtayungan.
> Ka hidep duaan, salalawasna.
>
>
> Mangga, cekap. Alhamdulillaah acara sungkeman rengse nembe.
>
> Ka para tamu miwah hadirin sadaya, prosesi akad nikah di Masjid
> ........................... parantos rengse, acara pangwilujeng mah urang
> teraskeun di bumi bae, ku kituna ka ibu-bapa sadaya, ngawakilan pribumi
> tangtosna oge, manawi kawidian ti sadayana, kanggo pangwilujeng ka dua
> panganten ieu, diantos di rorompok saurna teh, di Jl.
> ..........................................
>
> Bilih bade aya acara sawer, buka pintu sareng huap lingkung.
>
> 11.00 - 11.30
> Sawer, buka pintu. Sareng Huap Lingkung.
>
> Hapunten ka para tamu, utamina ibu-bapa sadaya, hoyong pakaulan ieu teh,
> dina acara sawer ieu, sok sanaos sora teh teu patos sae, pedah ka Neng
> .......................(Panganten Istri) mah asa ka anak sorangan puguh ge.
> Da ti bubudakna sareng pun anak nu cikal sapangulinannana, oge ka
> Cep..................(Panganten Pameget), da puguh ka asuh unggal waktos di
> rorompok, urang sawer sakalian ka Bapa geulis, kasep.
>
> Kidung Pelog
>
> Kalayan asma nu agung
> Anu sifat rohman rohim
> anu welas ka makhlukna
> Amit medarkeun talari
> Medarkeun tungkusan rasa
> Parepehna hirup hurip
>
> Seja nuturkeun piwuruk
> Kawiatan ku pribumi
> Ngagentos ibu ramana
> Heulakeun panganten istri
> Anu geulis kembang soca
> Tekanan beurang jeung peuting
>
>
> Ka caroge masing tumut
> mipangeran lahir bathin
> Tumut sugri parentahna
> Singkiran sungkan sukingki
> Peupeujeuh arek ngabantah
> Bisi kasibat kabadi.
>
> Sing jauh tina salingkuh
> Malar jadi repeh rapih
> Ka sanak kadang sing jembar
> Mi asih ka kulawargi
> Bakti hormat jeung tilawat
> Ulah kendat masing meujit.
>
> Kidung Salendro
>
> Kang uga cunduk waktu
> Katitih katarik tulis
> Hidep dikawasa murba
> Nangtayungan beurang peuting
> Wajib mingpin ngasug garwa
> Mikadeudeuh, ngaping-ngaping
>
> Ka garwa sing asak ma’lum
> Pageuh mageuhan kadali
> Lamun garwa pareng salah
> Wurukan ku budi manis
> Ulah dihaok disentak
> Bisi mangpaung risingis.
>
> Pameget sing kukuh pengkuh
> Ulah dapon ngumbar biwir
> Sautak-saeutik talak
> Bisi kaduhung di akhir
> Harempoy ngarum mangasay
> Leumpeuh dipeureuh kapeurih.
>
> Amin Ya Rabbal alamiin
> Mugi Gusti nangtayungan
>
> Buka Pintu
>
> Embat-embat (Istri)
>
> Ya Allah tobat yaa Rabbi
> Eta teh saha diluar
> Bet ngetrokan bae panto
> Taya bemakaramana
> Henteu rido henteu suka
> Naha andika teu mafhum
> Kapan kula teh rimbitan
>
> Kentar Cisaat (Pameget)
>
> Aduh enung, teungteuingeun teuing
> Sing hawatos panto geura buka
> Engkang teh ngiring ka jero
> Kapan parantos tutuhu
> Dirapalan ku bapa Naib
> Nyumponan ki siku wungrum
> Papagon Agama Islam
> Engkang teh caroge eulis
> Ulah hamham salempang
>
> Sinom Pangrawit (Istri)
>
> Karah teh panutan ati
> Sembaheun dunya akherat
> Nu mundut dibuka panto
> Sumangga engkang sumangga
> Estu sukalillah pisan
> Nya hate balumbang timur
> Caang bulan opat belas
>
> Malah ti tadi ge abdi
> Parantos kesel ngantosan
> Hate asa diganggayong
> Mung abdi gaduh paneda
> Lawang mo waka dibuka
> Mugi nyumponan pamundut
> Tawis engkang mikacinta
>
> Pameget
>
> Gunung inten pupujaning ati
> Jimat engkang mas mirah berlian
> Mustikaning padon kabeh
> Naon anu dipundut
> Pinggel kalung sumber mas picis
> Raksukan sareng sinjang
> Sumeja kahatur
> Bujeng-bujeng harta banda
> Jiwa raga mo bade disisikudi
> Eulis anu kagungan.
>
> Istri
>
> Teu kinten kabingahan
> Engkang miwelas ka abdi
> Taya dunya kinasihan
> Ti lahir dugi ka bathin
> Ananging panuhun abdi
> Sanes emas inten jambrut
> Mung hoyong kalimah kalih
> Memeh lebet ngucapkeun
> Syahadat heula.
>
> Rengse sawer sareng buka pintu, diteraskeun kana acara huap lingkung. Ka Ibu
> ……………(Ibuna Panganten Istri) sareng ka Ibu …………..(Ibuna Panganten Pameget),
> mangga dihaturanan nyandak sangu koneng hiji sewang, teras ngahuapan putra
> masing-masing, disambung engke ku Bapa………..(Ramana Panganten Istri) sareng
> Bapa……………(Ramana Panganten Pameget), sakantenan, huap pamungkas tinu janten
> rama ka putra.
>
> Mugi Gusti Nu Sipat Rahman Rahim, ngalimpahkeun rahmat kurnia ka panganten,
> nu ayeuna bade ngicip-ngicip rejeki Gusti.
>
> Huap anu wekasan sareng munggaran, disebat huap wekasan, margi ngarupikeun
> huap pamungkas ti ibu-rama, disebat huap munggaran, margi mangrupi huap nu
> ngawitan ti panganten pameget ka panganten istri, sareng sawangsulna.
>
> Mangga ibu-ibu tipayun, teras disambung ku bapa-bapa, ramana.
>
> Anaking pupujan ati, puputon kembang kadaton.
> Ieu Mamah jeung Bapa mere huap nu pamungkas.
> Ti leuleutik hidep dijaring beurang peuting.
> Ku Mamah jeung Bapa.
> Ayeuna mah geus sawawa, bral geulis, kasep.
> Geura lugay macakal, hirup mandiri.
>
> Mamah jeung Bapa sambung du'a.
> Sing panjang punjung, panjang umur.
> Cageur beuteung waras badan.
> Jauh balai parek rejeki.
> Rahayu salamet dunya akherat.
> Kadeudeuh kaheman Mamah jeung Bapa.
> Nganteng taya wates wangenna.
> Lir gunung tanpa tutugan, sagara tanpa muara.
> Najan pangjeujeuh diheuleut ku papisah, rumah tangga.
>
>
> Pamungkas acara silih benyeng bakakak, sareng silih huapan.
>
> Bakakak hayam parantos sayagi, oge sangu koneng sakeupeul sewang.
>
> Benyeng
>
> Sagalana tos sadia
> Panganten tuang daria
> Panggang hayam dipayunan
> Panganten tuang duaan
> Nyeng, benyeng benyeng benyeng
> Saha nu tarik benyeng
>  Nyeng, benyeng benyeng benyeng
> Saha nu tarik benyeng
>
> Panganten silih huapan
> Silih beulitkeun panangan
> Jiga nu ayang-ayangan
> Ayang-ayang duaan
> Ayang ayang ayangan
> Bari eelengehan
> Ayang ayang ayangan
> Bari eelengehan
>
>
> Iber Ti MC.
>
> Ibu-bapa hadirin ikhwatulk iman rahimakumullaah.
> Alhamdulillaah, acara ka acara rengse kalayan lancar teu kirang sawios-wios,
> sambil ngantos panganten gentos raksukan, supados rada salse, urang
> lajengkeun bae tuang sapulukaneun lumayan sabrang salayan, lebet ka cabe mah
> henteu.
>
> Engke upami panganten tos saged deui, urang sami-sami para tamu sadaya, boh
> ti pihak panganten istri, atanapi ti pihak panganten pameget, utamina uleman
> sadaya, tatangga anu caket, dihaturanan ngadugikeun pangwilujeng, patepang
> dampal panangan, sareng Neng ……………..(Panganten Istri) anu parantos jatukrami
> sareng Cep …………………(Panganten Pameget).
>
> Nu dipalar pidu'ana ti sadayana. Kukituna, ngawakilan ti fihak kulawarga,
> sim kuring ngahaturkeun timpah nuhun anu teu aya hinggana, ku kersana
> ibu-bapa, ngaluuhan ieu acara, nyumponan pangulem ti  shahibul bait siang
> ieu, mugia bae sumpingna ibu-bapa sadaya, ka ieu tempat teh sing
> dijantenkeun ibadah, anu ditampi ku Allah SWT. "Jazakumullaahu khairan
> katsiraa, wa tsawaban jaziilaa".
>
> Kalihna ti eta, ngemut kana tuntunan agama, kapan saurna ge :"Bewarakeun
> pertikahan aranjeun ka balarea, sok sanajan ngan ukur siduru isuk". nu
> dipalar pidu'ana ti sadayana.
>
> Atuh ka panganten duaan, Ka Cep ………………..(Panganten Pameget) sareng
> Neng…………(Panganten Istri), anu nuju nyeuseup maduna pertikahan, ngawakilan
> ibu-rama hidep duaan, ngawakilan sepuh-sepuh urang sareng sadaya kadang
> wargi, mung ukur tiasa muntang ka Allah Nu Murbeng Alam, mugia pernikahan
> aranjeun duaan, dina nyorang kahirupan rumah tangga jaga teh, sing aya dina
> ginanjar kawilujengan, sing janten rumah tangga anu sakinah, janten wangunan
> rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah
> tangga anu baldatun thayyibatun wa rabbun ghafuur.
>
> Bawiraos, henteu aya nu langkung pantes didugikeun ka hidep duaan dina
> wangkid ieu, iwal ti deudeul du'a, mugia Allah SWT ngajantenkeun  pernikahan
> aranjeun duaan teh, pernikahan anu diraksa ku MantenNa salalamina.
>       
> Yaa Allah Yaa Rabbanaa, limpahkeun pirang-pirang anugerah ka panganten ieu,
> eusian sakuriling panganten ieu, ku pirang-pirang piwelas Gusti.
>
> Hijikeun anu ditikahkeun ieu teh, dina beungkeutan anu pageuh tur lana dugi
> ka jaga.
>
> Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngajantenkeun pisahna ieu
> pertikahan, sareng henteu aya dina pirang-pirang pacengkadan  
>
> Sareng mugi Gusti nyumponan sagala kabutuh dua pihakanana, kabutuh istrina,
> kabutuh carogena, kabutuh dunyana katut kabutuh akheratna.
>
> Yaa Allah Yaa Rabbanaa, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun pitulung ka Salira,
> pamugi ngalimpahkeun rasa deudeuh rasa asih ka dua pihakanana, eusian rumah
> tanggana ku putra-putra anu shaleh, putra istri sareng putra pameget, raksa
> tur piara duanana tina sagala rupi tipu daya, gampilkeun duanana dina milari
> rizkina, sareng mugia duanana  dijantenkeun kana golongan anu shaleh.
>
> Allaahumma Yaa Allah, abdi sadaya muntang ka Salira, tina kasalametan di
> dunya katut di akheratna, sareng mugia tiasa syukuran ka Salira tina sagala
> pirang-pirang kani'matan.
>
> Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh, sapertos
> ngahijina Nabi Adam sareng Siti Hawa, jantenkeun anu ditikahkeun ieu teh,
> sapertos ngahijina Jungjunan abdi sadaya Nabi Muhammad SAW sareng Siti
> Khadijah Al Qubra, jantenkeun anu ditikahkeun ieu, sapertos ngahijina
> shahabat Ali Radiyallahu Anhu sareng Siti Fatimah Az Zahra.
>
> Yaa Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu ditikahkeun ieu, sareng mugi
> Gusti ngahijikeun ka anu ditikahkeun ieu dina kasaean.
>
> Allaahumma bifadl lika 'ummanaa, wa biluth fika huffanaa, waj 'al haadzal
> 'aqda 'aqdaan mubaarakan ma'shuumaa, wa alif bainahumaa ulfatan, wa qaraaran
> daa-imaa, walaa taj 'al bainahumaa  furqatan, wa firaaran wajhusshuumaa, wak
> fihimaa mu-natad dun-yaa wal aakhirah.
>
> Allaahumma innaa nas-aluka an tulqiya bainahumal mahabbata wal widaada, wa
> an tar zu qahuman naslash shaaliha minal banaati wal aulaad, hattaa
> turiyahumal asbatha wal ahfaad, wa an tah fadhahumaa mim makaa yidil khalqi
> ajma'iin, wa an tuwas si'a lahumar rizqa, wa an taj 'alahumaa min 'ibadikash
> shaalihiin.
>
> Allahumma inna nas -alukal 'aafiyata wa dawaamal 'aafiyah, wasy syukra
> 'alaal 'aafiyah.
>
> Allaahumma allif bainahumaa kamaa allafta bainaa abiinaa Aadama wa umminaa
> Hawaa-a, wa allif bainahumma kama allafta bainaa sayyidinaa Muhammad
> Shalallaahu "alaihi wasallam, wa sayyidatinaa Khadijatal  Kubraa, wa allif
> bainahumma kamaa allafta baina sayyidinaa 'Alii wa  sayyidatinaa Fatimataz
> Zahra-i, wa allif bainahumaa kamaa allafta bainal maa-i  wats  tsalji.
>
> Barakallaahu laka wa baraka alaika, wa jama'a bainakuma fii khaiir.
>
> Washalallaahu 'ala sayyidinaa Muhammad, wa 'alaa aalihi wa ash haa bihi
> wasallam.
>
> Wal hamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
> Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alaamiin.
> Amin Yaa Mujiibas saa 'ilin.
> Billaahit taufiq wal hidayah wal ibadah wal inayah.
> Wallaahul muwaffiq ilaa aqwamith thaariiq.
> Wassallam u 'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.
>
>
>
>
>
>
> -----mmd-----
>
> ================================
> Drs.H.Maman Moch Dachman. MBA.
> Jl. Margajaya V. No. 5
> Bandung - 40224
> visit;
> [email protected]
> http ://abahbandung.blogspot.com
> ================================
>
>
>       Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari
> Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
> http://id.messenger.yahoo.com/invite/
>

-- 
Sent from my mobile device


------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke