Janten kesimpulanana kumaha Mang J? Leuwih maju jaman dijajah atawa ayeuna? 
dina harti ngabandingkeun Indonesia di tengah2 mancanagara. Lain ngabandingkeun 
Indonesia baheula jeung ayeuna, teu kaci da eta mah beda jaman. Nu jelas ukuran 
panggampangna. GNP jeung GDP tepikeun ka ayeuna angger rangkingna ditukang, 
sanajan lain pangbocot.
Teu kaci ngagulkeun tingkat kamajuan ti taun ka taun, ari tingkat kamajuan 
nagara batur leuwih mucunghul. Ibaratna naek  mobil, heueuh urang bisa 
kecepatan 120, ari batur bisa nepi ka 150, jadina angger we tinggaleun jauh.  

Mang J iraha amengan ka Hamburg? sok atuh nyimpang meungpeug tos caket, ngahaja 
ti Bandung ka Hamburg mah tebih.

Wasalam,
Kang Trias 

--- On Wed, 12/9/09, mang jamal <[email protected]> wrote:

From: mang jamal <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] re: Koleksi Tropenmuseum
To: [email protected]
Date: Wednesday, December 9, 2009, 5:02 AM







 



  


    
      
      
      nuhun kang Kumi



minggu kamarina ngulampreng ka Tropen Museum, terus ka pabukon KIT

(institut karajaan walanda pikeun urusan tropis) webna kit.nl,

gigireunana.



hulang huleng sababaraha jam. lain ukur ngilikan bin nempoan koleksi, tapi

mikiran pikiran londo ka urang. nu cek manehna seksi, pikeun urang mah

barang biasa. nya sabalikna, nu cek manehna biasa, cek urang mah seksi.



koleksi indonesia tangtu istimewa, salantey khusus. kitu deui di

volkenkunde, museum di leiden, oge cenah di delft. tropen museum eta,

cenah asalna mah ngarana ge museum jeung institut kolonial, lain tropis.

taun 50an diganti jadi tropis. nya mamerkeun beubeunangan walanda di

negeri jajahanana. indonesia jeung suriname.



dina ruangan introduction, aya tulisan sikep manehna, yen walanda ka urang

teh, dianggapna hade. soalna mawa kamajuan. dina judul proyek penelitian

nu objekna indonesia, toong di kitlv.nl, nu dimaksud Indonesian modern era

teh ti ngawitan walanda ngoloni indonesia. seug lah, bungkus.



salian kakaratak di perpus leiden, ub (perpus kampus univ. leiden) oge

perpus KIT, ngadu bako jeung sarjana walanda nu naliti budaya urang,

pikiran muter ka what they see and think about us. sanajan teu nanya

langsung, nya rada aya gambaran, yen londo balageur ka urang, sabab they

think they made us. white man burden concept, pikeun walanda geus

kacumponan kucara 'ngamajukeun jeung ngahijikeun' urang. sanajan ayeuna

jadi pertanyaan badag urang, naha enya,nusantara nu dihijikeun ayeuna kieu

ieu, cocok jeung kabukti hade?



da sajarah walanda sorangan, nu nagarana leutik camperenik bari

membosankan, baheulana mah nya parebut wilayah oge jeung nu ayeuna disebut

belgia & luxemburg. malah aya bagean di walanda nu disebut brabant kaler,

da brabant kidul asup belgia.



geus bosen di walanda teh euy. salian ti tiris..sono ka incu mitoha. tapi

da  programna nepi ka januari, nya dilakonan we, api-api betah. hahah





    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke