Ngaheureuykeun Koruptor
Kocap kacarita dihiji nagri nu katelah republik ontohod kacaritakeun korupsi 
keur mahabu,naon bae nu bisa dikorupsi langsung disikat, ka waktu waktu 
dikarorupsi. Pamikirna korupsi waktu mah tara ieuh disebut koruptor, da nu 
disebut koruptor mah cenah nu korupsi duit mang juta juta nepikeun ka mang 
triliun triliun. Okelah kalow begituh (logat warteg boys), yang korupsi waktu 
tenang sajah lah! mumpung ga ada boss, bacalah dongeng ini sampe tamat!

Kunaon atuh nepika mahabu kitu? padahal sagala paraturan geus nalikung 
maranehna hamo moal bisa ngejat. Jawabna ngan ukur gideg, najan aya nu uab ngan 
ukur bisa murukusunu bari ningali kanyataan yen hukum pikeun para koruptor mah 
kawas nu ledu teu cara ka perkara leutik seukeut pisan, persis peso seukeut 
kahandap.

Rahayat republik ontohod kiwari keur gujrud deui, deui deui aya nu korupsi 
triliunan rupiah. Najan nu demo tambah getol nyowarakeun anti korupsi, para 
koruptor tetep ayem trentrem, ucang ucang angge. Malah teu rumasaeun korupsi, 
komo disebut koruptor mah mumul, sarua halna jeung nu karorupsi waktu. Enya da 
numutkeun papadogologi salah sahiji elmu papaling, moal aya maling ngaku najan 
dileketek nepi ka burial buncelik ge. Kukituna direpublik ontohod aya nu 
ngusulkeun, saha wae nu disangka korupsi, dihipnotis cena ngocoblak saluyu 
jeung eusi hatena, pasti moal ngabohong. Najan sacara hukum positip teu bisa 
dipake alat bukti, tapi sahanteuna rahayat bisa nyaho saha nu bener jeung saha 
nu ngabohong.

Rada asup akal oge,kacaritakeun usulan eta ditarima, atuh dikumpulkeun we 
sakabeh tukang hipnotis saantero republik ontohod, ahirna nu kapilih sikuya 
dedengkot hipnotis anu sok remen nyieun acara hipnotis pikeun hiburan. Singket 
carita, nu disangka kuroptor geus ngajogrog, tukang hipnotis geus siap 
siap,kitu deui kameramen, kamerana geus di-on-keun kawantu ieu acara disiarkeun 
langsung tur diriley ku lima setasiun tipi, kabeh rahayat republik ontohod 
maranco dihareupeun tipi ngayakeun nobar.
"Kamera ekseeennn!" gorowok pangarah acara, siaran langsung dimimitian.
Tk.hipnotis    : Saha ngaran?
Koruptor        : Jon towor
Tk.hipnotis    : Pagawean?
Koruptor        : Lugah ligeuh sakapeung ludak lodok!
"Ih amit-amit dilodok ku sieta!" ceuk salah saurang panongton awewe bari 
bibirigidigan.
Tk.hipnotis    : Kuring rek mere sugesti ngabohong teh dos...
Koruptor        : Dosoooolll..... eh dosa!
"Heuheuy asa kasindiran yeuh!" ceuk hiji awewe bahenol anu kaparengan lalajo 
bari ngaragap bujalna.
Tk.hipnotis    : Sakali deui ngabohong teh dos....dosa, sim salabin sare mun 
ningali seuneu! Bari langsung nyongokeun obor ka beungeutna, nu disangka 
koruptor dak dumadakan sare, terus ditanya deui ku tukang hipnotis. 
Tk.hipnotis    : Ngabohong teh dos.....
Koruptor        : Dosaaaa
Tk.hipnotis    : Saha ngaran teh?
Koruptor        : Jon towor
Tk.hipnotis     : Jon towor, pagawean?
Koruptor        : Luntang lantung, neangan untung tina enteng
Tk.hipnotis    : Kaasup korupsi?
Koruptor        : Pagawean matuh eta mah!
"Hmh...pantes kadodongesna tukang korupsi!" ceuk saurang ibu ibu semu nu gemes 
pisan.
Tk.hipnotis    : Geus sabaraha kali ngalakukeun korupsi?
Koruptor       : Wah geus teu kaitung!"
Tk,hipnotis    : Duit nu di korupsi?
Koruptor        : Sarua geus teu kaitung,narumpuk dikarungan,aya digoah, 
diparanje malahan aya nu dideang dina para seuneu meh teu ku rinyuh!"
"Heuheuy jagong kali....dideang!" nu lalajo reang.
Tk.hipnotis    : Naha make korupsi?jang nanahaon lubak libuk harta da moal 
dibawa paeh!
Koruptor        : Sok ateul atuh ari teu korupsi mah!
Tk.hipnotis    : Teu sieun kacerek?
Koruptor       : Henteu...!Kuduit mah sagala bisa dilakonan jeung ditarekahan!
"Huuuuuuhhhhhhh......!" nu lalajo reang deui
Tk.hipnotis   : Contona?
Koruptor       : Ku duit mah geus sabaraha kali kuring ganti kulit jeung ganti 
beungeut!
"Ey...kawas oray wae atuh make ganti kulit....tapi kalo ganti muka mau dong 
biar ga kena rajia terus!" ceuk hiji wanoja anu beungeutna pinuh ku jarawat.

"Hirup hurip warasssss!" ceuk tukang hipnotis bari ngusap beungeut koruptor, 
sakara kara si Jon towor sadar.
"Alah aya naon ieu teh?" Jon towor rungah ringeuh kawas tas hudang sare.
"Saha ngaran teh?"tanya tk.hipnotis
"Jon towor!" jawabna
"Pagawean?"
"lugah ligeuh sakapeung ludak lodok!"
"Lain neangan untung tina enteng?"
"Ah teu sing!"
"Sok korupsi?"
"Korupsi naon? paling korupsi waktu!"
"Huuuuuuhhhhhhh!" nu lalajo patembalan
"Pajar sok ateul mun teu korupsi!" tukang hipnotis neruskeun nanyana.
"Ah paling ateul bujal, kaparengan bujal kuring dosol jadi sok ateul!"
"Ari nu dikarungan di goah, diparanje tur dideang diparaseuneu?"
"Du du......!"
"Duit?"
"Du du...duka atuh da asana mah digoah euweuh nanaon pon kitu deui 
diparaseuneu!"
"Huuuuuuuuuuuuuuuuuhhhhh!" nu lalajo kadenge reang deui.
"Tah ayeuna kuring nek muter deui rekaman tadi basa anjeun dihipnotis!" ceuk 
tukang hipnotis bari gorolang muter deui vidiona.
Sajeroning ningali rekaman vidio, beungeut Jon towor reup beureum ray pias 
terus culang cileung neangan pilumpateun. Nu ahirna beretek lumpat! Nu lalajo 
bur ber nek ngarepung ngan dicaram ku tukang hipnotis.
"Para saderek tenang tenang, keun da moal kamana mana, samemeh kabur ku abdi 
dihipnotis heula cena linglung!" ceuk tukang hipnotis ngajentrekeun. Enya we 
parat tukang hipnotis ngomong, Jon towor balik deui semu nu linglung pok 
ngomong.
"Punten ari jalan ka panjara ka mana?" nu ditanya kaget, terus nanya ka tukang 
hipnotis.
"Kang kuya....dikumahakeun ieu si jon towor teh bet bisa kitu?"
Sikuya tukang hipnotis tea ngajawab bari ngaheheh.
"Ku abdi dibere sugesti supaya hideng sorangan asup ka panjara!"

Atuh ger kabeh nu lalajo sarurak bakating ku panuju bisa ngaheureuykeun 
koruptor.

Powered by kejobear®

Kirim email ke