Ari nguping hanburg teh, janten emut waktos bade nginep di hotel, pesen kamar 
hiji keur tiluaneun,ngirit,naha atuh janten ditaros papanjangan ku pagawe 
hotel, he he disangka homo.Jeung sialna teh waktu ulin ngadadak suku kram 
katiisan da harita keur musim dingin, kapaksa atuh diregenyeng ku 
duaan.Nostalgila nu hese kapopohokeun.
 


To: [email protected]
From: [email protected]
Date: Thu, 17 Dec 2009 19:18:17 +0700
Subject: [Urang Sunda] Re: Tropenmuseum --> uleman

  




wah nuhun kang ulemanana. aya dua opsi. hiji, ngantosan di ajak Ayi Tarya
ka Bremen, sigana sasih januarian. teras abdi ka Hamburg.

atanapi si kuring sosoranganan meuntas ke jerman, hamburg. hese di jerman
mah, teu unggal jelema bisa basa inggris. haha.

aya kajadian lucu di oetsgeest, kalereun leiden. basa diondang profesor ka
bumina. sadar sasab, naros ka bule nu nuju ngakut barang ka toko (teu apal
asalna merek tokona, toko Tjik Tjak, logona cakcak). nanya ku basa
inggris, di jawab ku bule eta, "ada apa?" cenah. "darimana?" cenah deui.
haha. kaget nya terus nanyakeun ngaran jalan, di bule ngajawab deui,
"waduh..maaf ya. saya bukan orang sini. saya tidak tahu." heheh

ke nya, hasil ngirit, tiasa meser tiket kareta ka brussel belgia, ke
minggu enjing, 20 desember.

ke atuh urang milih waktu. da akhir desember-3 januari aya urut tatangga
di antapani bdg nu nyaba ka helsinki bade ka belanda cenah. hayang
panggih jeung provokator nu geus ngabalakarkeun manehna ayeuna di
finlandia. haha. manehna pesen baju baduy, nya mawa jeung iketna.

mun bisa jeung jadi teh ka hamburg, jadi mulangkeun panineungan ka 12 taun
kaliwat...

---

Muhun ayeun di Hamburg deui, kempel deui jeung keluarga.
Mang J sok atus seriuskeun ka Hamburg, nginep di rorompok, teras enjingna
jalan2 kuma hoyongna, musium?, perpustakaan?, view Hamburg (teu eleh
alusna)? (Musium tutup dinten Senen), ke ku abdi di anteur ka Berlin,
meungpeung abdi ge bade cuti ngawitan tanggal 21.

Trias.
HP: +49 40 176 4949 4447




                                          
_________________________________________________________________
New Windows 7: Simplify what you do everyday. Find the right PC for you.
http://windows.microsoft.com/shop

Kirim email ke