Bisi perlu, aya dina Wikipedia basa Sunda: http://su.wikipedia.org/wiki/Tatakrama_Basa_Sunda
Sacara jumlah, sabenerna kecap-kecap dina tatakrama Basa Sunda teh leuwih saeutik batan anu aya dina basa sejen model "irregular verb" dina basa Inggris. Bangsa Asia nu maju modél Koréa, Jepang, jeung Cina, maranéhanana ogé boga undak-usuk. Baktos, Dian. 2009/12/18 Abbas Amin <[email protected]> > > > Kuring satuju pisan ka na make ieu basa sunda loma teh; tapi ulah peureum > sabeulah, > beunta sabeulah, hartina kudu dituntaskeun; mimitina nya eta na milis ieu > pisan. > Urang kudu rada Revolusi, ulah Evolusi wungkul; da teu hade kana > perkembangan > (asa maning ku bhs Indonesia ieu mah) Basa Sunda; kitu deui keur Bangsa > Sundana. > > Naon hartina Revolusi teh ? Nya eta lamun aya nu kurang "bener"; nya ulah > asa asa > ku urang dibenerkeun. Ulah diantep. Mun diantep; nya Basa urang teh bakal > hare2; > pan kurang hade tah. > > Jadi kieu : Mun aya nu nulis bari teu pararuguh; teu kaditu teu kadieu; tah > WAJIB > ku urang TUDUHKEUN ka na Basa Sunda nu bener. Ulah diarantep. Tah mun ku > cara kieu, bisa jadi Basa Sunda bakal uniform; sanggeuna kitu pan URANG > SUNDA > bisa leuwih raket deui, lain ? > > Upamana wae nu teu pararuguh teh kieu : > Abdi damang, cenah. > Ieu mah Basa Sunda LOMA teu ASUP; ka na UNDAK USUK teu ASUP ! > Kapan teu pararuguh tah ? Matak sareukseuk nenjona . > Jadi kuring lain teu satuju ka na BASA Loma; tapi aya nu LELEMESAN Basa > Sunda, > bari teu pararuguh. Sing bener we ATUH; mun rek make Undak Usuk; undak usuk > nu BENER; mun make Basa loma; tah gunakeun sing bener. Hartina kudu > KONSISTEN. > > Jadi sakali deui ku urang kudu ditungtun ulah diantep. salah nya benerkeun. > Model nyebut DAMANG bari teu puguh; ku urang tuduhkeun ku kecap Sehat ! > > Jadi mun nanya kumaha SEHAT? Jawabna sehat. > Ulah kumaha DAMANG ? Celengkeung teh dijawab : DAMANG nuhun cenah ! > Mani jiga handap ASOR ! Puguh mah SALAH ! > Tah kitu. > > Kuring ti babaheula sok nuduhkeun nu bener soal UNDAK USUK Basa SUNDA ! > Lain ngajar pikeun UNDAK USUK ngan lamun wae nyarita basa Sunda make > undak usuk; nya sing bener ! Mun make basa LOMA nya ALUS pisan; mun bisa > mah. > > Kade ULAH Salah SANGKA ! Lain kuring HAYANG ngomong make Undak Usuk ! > Da Basa Laoma oge ALUS ! Ngan kuring teu resep nempo nu ngomong siga enya > handap ASOR; tapi ningnang. Da teu pararuguh tea. > Tah nu ku kuring sok dilelempeng teh lain UNDAK USUKNA; tapi KONSISTENNA > jeung bener ngalarapkeunana. > > Mudah2an mj jeung baraya sakumna NGARTI naon nu ku kuring dipimaksud. > > Abbas Amien > Nu masih ngarasa jadi Urang Sunda, masing tempat mah ngumbara di > Balikpapan. > Malah meureun geus jadi Urang Balikpapan. > >

