Sigana mah leres pisan tah, jang Dede teh geus jadi urang Batawi, da lamun di 
Ciamis keneh mah ngaranna jadi jang Dada, mun di Jawa jadi jang Dodo.
Tah ari kuring mah teuing ti mana, da ngarannya dimana mana tetep Dudi, tapi 
sakapeung mah di panggil Dudud.
He..he..he
 Enya lah asal papada ngarti we atuh,... 




________________________________
Dari: jangdede <jangd...@gmail.com>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sab, 19 Desember, 2009 09:33:40
Judul: Re: Bls: Bls: ....[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui

  
Kuring mah ninggali Basa Sunda teh teu pati bisa ngabedakeun mana nu benar 
jeung kurang bener. Alatan Basa Sunda teh loba corakna, gumantung wewengkon 
jeung lingkunganana. 
Sa Ciamis oge daerah si kuring, nyebut beubeur (sabuk) aya basa lain nyaeta 
benten. Salian ti eta Basa Sunda teh loba nu geus kaserepan ku basa malayu tea. 
Contona di kahirupan sapope di kampung si kuring di Gunung Gede, pan lamun 
lebaran teh basa sunda mah sok rada kasisihkeun, pamuda anu unggal poe hirup di 
dayeuh ngadadak make bahasa Leter Be tea alaias basa batawi, gue - eloe. 
Padahal bapaknateh tukang peuyeum. Kukitunamah da karasa pikeun sikuring anu 
sapopoe komunikasi make basa Indonesia jeung Jawa, mun balik ka imah teh rada 
kagok, kudu adaptasi deui mun hayang make basa sunda nu bener teh. 
Ceuk si kuring mah basa Sunda Komunikasi anu bener teh nyaeta basa Sunda nu 
bisa kaharti ku du pihakanana. 
Atuh perkara Basa Sunda nu aya aturanana, etamaha meureun geus asup kena basa 
sunda artistik atanapi kasusastraan Sunda. Dalah dikumaha oge Basa Sunda 10 
taun katukang jeung basa sunda ayeuna geus loba robahna. Eta teh meureun buah 
tina globalisasi jeung Indonesianisasi. Basa Sunda anu geus kaserepan ku basa 
lian.
Tah pikeun urang-urang anu aya di forum, salahsarebuna pikeun ngarumat kena 
basa Sunda anu bener. Ceuk kang Jalak mah UUBS tea, Undang -Undang Basa Sunda 
meureun nya kang Jalak? Hahahha.....
Atuh kagunaan sikuring milu anclub dian ieu milis teh tujuan utamana nyaeta 
sangkan basa sunda sikuring  minimal teu laleungitan, mudah-mudahanmah 
nambahan. Da gening kieu ari hirup di luar lingkungan sunda mah, sok ngadadak 
jadi urang Batawi, ngomong make gue elu sagala rupa.

cag ah
jangdede

 
2009/12/18, dudi mulyadi <dudi_m2...@yahoo. com>: 
  
>Enya sigana mah kang, kudu neangan mitoha urang Jasinga supaya teu aya masalah 
>mun ngomong basa sunda.
>Ngan rada hese mun neangan mitoha  nu ngomong basa sundana di Lombok. He..he
>Surelek du heubeul heubeul mah geus di pupusan kang
>
>
>
________________________________
Dari: "jalakpakuan@ yahoo.com" <jalakpakuan@ yahoo.com>
>Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com
>Terkirim: Jum, 18 Desember, 2009 14:48:47
>Judul: Re: Bls: ....[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
>
>  
>Mun balik ka lembur priangan mah masih sabisana make uubs da karuhun araya 
>keneh, mun ka mitoha di jasinga bogor basa sunda nu kumaha ge ditampa, mun di 
>jakarta aya nu make basa sunda reueus lah, mun di Lombok aya nu make basa 
>sunda atoh kacida atohna. Nu penting PAKE BASA SUNDA. Cag ah. 
>Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

>From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> 
>Date: Fri, 18 Dec 2009 14:40:40 +0700
>To: <urangsu...@yahoogro ups.com>
>Subject: Re: Bls: ....[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
>
>   
>hiha bagea kang dudi
>
>bener teh gumantung ka dadasar/asumsi nu ku urang dipake. jigana akang jeung 
>bah abas mah masih nyepeng bebeneran uubs nya? najan enya ge nyarankeun 
>sangkan basa sunda loma nu digunakeun. keur kuring mah, conto nu didamel ku 
>akang kedahna mah leres mun uubs dileungitkeun. memang keur saheulaanan mah, 
>utamana keur nu kungsi nyepeng uubs, kadanguna bakal rungseb. jiga preman 
>ngomong ka pulisi saur akang tea mah.. tapi da lila-lila mah kakupingna bakal 
>biasa...
>
>dudi ogew
>
>
>2009/12/18 dudi mulyadi <dudi_m2...@yahoo. com>
>
>  
>>Kang Jalakpakuan,
>>Ari akang ngarti teu naon anu disebut basa undak unduk basa ,basa loma, jeung 
>>basa nu bener jeung nu teu bener ngalarapkeunana?
>>Nu disebut basa teu bener teh upama urang niatna hayang make basa undak unduk 
>>basa tapi makena  teu merenah.
>>Upamana kulantaran  hayang  dianggap  andap asor terus  make kecap kieu 
>>misalnya.
>>" Duh abdi teh kamari mah nembe tiasa KULEM jam 12 wengi.Kumargi TUANG na 
>>kawengian teuing .Atuh GUGAHna  janten KASIANGAN, padahal di BUMI abdi teu 
>>aya nu tiasa NGAGUGAHKEUN"
>>Tah conto nu ditulis make hurup kapital diluhur basana teu bener. Make kecap 
>>undak unduk anu salah ngalarapkeunnana. Kabeh kecap diluhur kakara bener 
>>lamun pikeun jalma  sejen anu dianggap leuwih kolot atawa nu kudu leuwih 
>>diajenan ku urang.
>>Kuring ge asa sareukseuk mun ngadenge  kecap nu salah ngalarapkeunnana teh ( 
>>sarua jeung kang Abbas) . Asa ngadenge preman pasar/terminal  ngomong ka 
>>pulisi.
>>
>>Mun hayang make kecap undak unduk anu bener kecap nu ditulis  ku hurup 
>>kapital kuduna kieu : 
>>MONDOK keur gaganti KULEM, NEDA keur gaganti TUANG, HUDANG keur gaganti 
>>GUGAH, KABEURANGAN keur gantina KASIANGAN, ROROMPOK keur gantina BUMI, 
>>NGAHUDANGKEUN keur gantina NGAGUGAHKEUN. Kira kirana leres teu kang Abbas ?
>>Pek baca oge katerangan ti kang Abbas.
>>Kuring Insya Alloh bisa konsekwen lamun hayang make basa nu mana oge. Naha 
>>make basa loma saperti nu ayeuna ku kuring dipake ka kang Jalak pakuan, atawa 
>>basa anu make undak unduk. Kabeneran kolot kuring  di lembur masih  keneh aya 
>>nu make undak unduk basa. Lamun kuring nyarita make basa loma ka aranjeunna  
>>teh sok  kaciri nyureng. 
>>Sugan katerangan kuring kaharti ku kang Jalakpakuan ( basa loma) atawa 
>>Manawi kang Jalak pakuan ngartos  kana sakur kecap anu disanggemkeun ku sim 
>>kuring ( make undak unduk basa, kulantaran kuring nganggap kang Jalak pakuan 
>>teh  leuwih kolot batan kuring .Teu apal saha kang Jalak teh ).
>>Kaharti henteu ?( loma) atawa Naha kahartos ku  juragan ? ( undak unduk). 
>>He...he..he
>>Hampura kuring oge lain ahli basa sunda, oge aki buyut kuring ti indung 
>>kuring lain urang sunda pituin, tapi urang Jawa ti Pakalongan. Tapi kuring  
>>masih keneh hayang diajar make basa sunda nu bener. Naha make  basa loma 
>>atawa basa  nu make undak unduk.Insya Alloh teu masalah
>>
>>Nuhun
>>Dudi
>> 
>>
>>
>>
________________________________
Dari: "jalakpakuan@ yahoo.com" <jalakpakuan@ yahoo.com>
>>Kepada: dudi mulyadi <dudi_m2...@yahoo. com>
>>Terkirim: Jum, 18 Desember, 2009 13:30:02
>>Judul: Re: Bls: ..[Urang Sunda] Basa Sunda - nambahan deui
>>
>>Konsekuen atuh kang, lamun teu make undak usuk basa teu kaci aya bener teu 
>>bener, kabeh sajajar lin?
>
>
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>________________________________
Nama baru untuk Anda! 
>Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
>Cepat sebelum diambil orang lain! 




      Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com

Kirim email ke