Membongkar Gurita
Odang geus gereget hayang meuli buku anu kiwari keur jadi bahan omongan 
balarea. Nu dijugjug lain ka toko buku gede da cenah ditoko buku gede mah geus 
teu ngajual deui.
"Kang aya buku ngabongkar gurita?" pokna ka tukang buku.
"Aya ngan kade dibacana kudu geus nepi kaimah!" ceuk tukang buku omat omatan. 
Odang surti jeung beuki yakin yen buku nu dibeulina memang eusina 
kontrovesi.Teu loba omong deui creng dibayar terus gura giru balik kaimah bari 
ngeukeuweuk buku anu geus dibungkus rapih.

Nepi kaimah kasampak pamajikanana keur ripuh ngurus orok, ma'lum boga orok 
munggaran sagala teu bisa.
"Kang Odang tas timana atuh? Cik tong kuluyar kuluyur bae, aluk mah bantuan 
abdi ngurus budak, teu cara usulna mani segut!" ceuk pamajikanana bari 
muncereng.
"Lah pan akang mah tugasna ge mung ukur ngusulkeun, ari geus jadi budak mah 
tugas nyai!"tembalna
"Tuh nya da lalaki mah sok pinter kodek!"
"Cicing tong ngaganggu,geus teu sabar yeuh hayang geura maca buku!"
"Pasti meuli buku anu keur digujrudkeun. Tong pipilueun pupulitikan kang!"

Odang teu ngawaro terus we muka bungkusan buku bray dibuka. 
"Euleuh geuning.....!"
"Kumaha kang...jentre kitu saha sahana?"
"Sikasebelan!"
"Abdi milu keuheul mun enya teh kang!"
"Enya bener bener pikeuheuleun ieu mah!"
"Sing inget kang tong sok pupulitikan!"
"Puguh akang korban pulitik nyi!"
"Maksud akang?"
"Korban pulitik tukang dagang, katipu deuleu!"
"Har katipu kumaha?"
"Buku ieu cocogna jang nu keur orokan, pek we baca!"
Ku pamajikan Odang judul bukuna dibaca digorolangkeun.
"Cara Membongkar Gurita & Memasang Tatakan Ompol Yang Baik dan Benar"
                  -panduan merawat bayi untuk ibu-ibu muda-

Kirim email ke