Wilujeng Mang, mudah2an sing beuki saqinah, mawahdah sareng warohmah.
Asa kakara kamari ieu nya ngabringkeun teh...
Ciciren hirup urang teh beuki riweuh ku dunya nepi ka poho kieu..
Matak kudu bisa nyumput dinu caang jeung riweuh ku cicing oge...bisi 
katungkulkeun ku dunya....

Sok Mang, ku kuring didu'akeun sing tamat ngalakonan Rukun Islam-na...
Ngan kahade Sunat Nabina ulah dibawa kabeh...he..he..he..he..
Pesen : 
Lain nyingsieunan, kahade dina usia perkawinan maju ka 8 mah...beuki loba 
ujian..
Mudah2an Salamet sarerea, didunyana oge di akheratna.....Amin
Bade iraha Tinzy adian deui ?...der ah....tilu we cukup...

Cag ah 
Wassalam : Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa





  ----- Original Message ----- 
  From: mang jamal 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, December 29, 2009 10:04 PM
  Subject: [Urang Sunda] hatur nuhun baraya KUSnet...29 desember 2002


    

  poe ieu, 29 desember 2002, tujuh taun kaliwat, si kuring jatukrami jeung anak 
mitoha aka indungna barudaks.

  nu pangheulna inget teh, salian anak mitoha oge dua incu mitoha, mitoha jeung 
kolot sorangan, oge baraya kusnet. sabab sasatna, baraya KUSnet, Ua Sasmita, 
Bah Willy, Bah Toto, kang Maman Gantra, kang Arovach Bachtiar, kang Oman Manar, 
kang Mamat Rachmat, ogenu sanesna, milu memeres urusan jatukrami si kuring nu 
kaitung telat.

  ti saprak nanyaan tug nepi ka prung kawin, oge resepsi. Ua Sasmita malah jadi 
saksi ti pihak si kuring. nuhun kana pangrojong baraya KUSnet, nu di bdg na, 
oge nu di jkt. da ongkoh si kuring kawin teh rada telat. umur geus 35. kanu 
acan, tong ditarurutan kawin telat :)

  fotona di simpen di file photo kusnet, [email protected], oge di 
facebook si kuring. 
  http://www.facebook.com/photo.php?pid=395179&id=1438907396

  geus boga bati dua, awewe wungkul 6 jeung 3 taun. keur meumeujeuhna kembang 
buruan.

  hatur nuhun. 

  mj



  ==================================
Nikmati Bulan C'RITA Flexi
(biCara IRIt Tiga rAtus rupiah)
Cuma Rp 300,- sepuasnya sekali bicara ke sesama
mulai pukul 23.00-09.00,
untuk SLJJ gunakan 01017. Bicara di bawah 6 menit
tarif tetap Rp 49/menit (Des s.d Feb'10).
================================== 
===============================
Nikmati Bulan C'RITA Flexi
(biCara iRIt Tiga rAtus rupiah)
Cuma Rp 300,- sepuasnya sekali bicara ke sesama
mulai pukul 23.00-09.00,
untuk SLJJ gunakan 01017. Bicara di bawah 6 Menit
tarif tetap Rp 49/menit (Des s.d Feb'10).
===============================
This Email Has been scanned : Anti Virus
===============================

Kirim email ke