eta teh ngaran hiji wajoga. geulis, make jilbab. lulusan fisika unpad. ayeuna
damel di WRE, pausahaan minyak/listrik jerman. titte di divisi minyak. titte
anak pa doddy, ketua RT di antapani bandung basa si kuring dumuk di jl
palangkaraya antapani. manehna nganjrek di hamburg. basa manehna sma keneh,
bapana kungsi ngajak ka imahna, ngajak ngobrol soal sakola ka luar nagreg
(pedah ngalaman sasemester tea di denmark). sigana pikeun info k titte.
lulus ti fisika unpad, kungsi gawe di bdg, tapi teu nyambung jeung bidangna.
pangangguran sok kurah koreh di internet. neangan kasempetan. nya manggih
cenah. TU Delft ngayakeun program geofisika nu make beasiswa gabung jeung dua
kampus sejen, RWTH achen jerman jeung zurih swiss. manehna ngalamar. katarima.
tapi beasiswana ngan pikeun mayar spp.
sanajan katarima TU Delft jeung meunang beasiswa, tapi ngan pikeun mayar SPP
mah teu kaci da perlu jang biaya hirup. dasar milik cenah, keur bingung kitu,
aya e-mail ti jerman. nanya kabar titte. urang jerman eta, suami-istri, kungsi
ka bandung panggih jeung titte teu ngahaja di hiji supermarket. titte bebeja
yen manehna rek sakola ka delft, geus meunang beasiswa, tapi can aya jang biaya
hirup. si urang jerman bageur, terus transfer cenah ka rek bank titte di delft.
terusna mah, meunang beasiswa salian ti spp oge biaya hirup. si urang jerman
oge nulis yen dana eta teu aya patula patali nanaon, atawa teu matak nalian
titte kana hiji kawajiban. cenah itung-itung tanda friendship. sanajan ayeuna
di jerman, titte can panggih deui jeung kulawarga jerman nu ngabiayaan semester
1. basa karek lulus s2 geofisika, kulawarga jerman eta nawaran gawe di
pausahaanana (cenah pabrik farmasi). tapi titte hayang di widangna, di minyak,
mun bisa sakapeung ka rig
cenah-keur kuliah maca novel Epigram si kuring cenah haha.
kabeneran aya riva ti helsinki finland nu ngahaja nganjang ke leiden hayang
panggih. manehna menta titte oge datang ka walanda. nya pikeun reuni tilu
pemuda jl palangkaraya antapani bandung. haha. titte nyanggupan sanajan mundur
ka tanggal 2, da bosna ngajak heula ka sumur minyak lila pikeun naliti
kamungkinan aya keneh cadangan minyak/gasna cenah.
tadi titte nepi ka belanda. panggih di den haag terus ka delft. titte rek
ngendong di babaturan s2na di delft, urang walanda jeung jerman nu neruskeun ka
tingkat doktor. ditanya, titte, rek terus nyokot program doktor? bade A, cenah.
ke cenah tos gaduh pangalalaman rada lumayan di lapangan.
basa papisah di delft centrum tas ngopi, si kuring nyarita ka manehna, "Titte,
I'm really proud of you..!"
Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari
email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/