Klop lah... memang nu di luhur nu di handap palinter ékol...
2010/1/6 Dudi Herlianto > > Aya nu aneh basa minggu kamari, 27 Desember 2009 mulang ka lembur teh. > Sapanjang jalan, patalimarga nu ngahubungkeun Wado-Kirisik terus tembus ka > Bantarujeg, Majalengka teh bet rea imah anyar. Boh nu geus diadegkeun, oge > nu eukeur jeung eudeuk diadegkeun. Mun mikirkeun yen musim kawin anyar > kaliwat, kuduna mah teu pianeheun. Ngan eta imah teh katingalina adegan > konstruksi wangunanana jeung lelemah nempatkeunana asa asal cle wae. > "Pasolengkrah" di buruan imah heubeul. Cek beja sanggeus ngobrol jeung > sababara urang mah, malah eta imah satengah permanen teh teu make > pondasi-pondasi acan. > > Kecap nu munggaran mucunghul dina uteuk sanggeus nempo kaayaan eta: > Motekar! Geuning warga sadesa kuring teh kreatif kacida. Pinter pisan dina > mateaan hirup di nagara nu amburadul ieu. Maranehna bisa ningali liang > melenge dina aturan nu aya. Teu eleh jeung pajabat-pajabat nu teu riuk-riuk > meral-meral anggaran. Naha nu kieu kitu, nu disebut korupsi "bageanna" > rahayat teh? >

