Bah MH,
di Jakarta mah geus resmi 'kawajiban menca' teh. ku kaluarna surat
Edaran ti Pemda. Cikan sugan aya baraya anu boga akses ka Dinas
Pendidikan Jabar. Ulah eleh ku urang jakarta kituh, anu notabene
pendudukna campuran macem-macem suku. Maenya Jabar jeung Banten,
tempatna Urang Sunda teu bisa 'ngawajibkeun menca', disakola-sakola.
-----
Assalamualaikum Wr.Wb
Alhamdulillah setelah sekian lama akhirnya Pencak Silat dimasukan
sebagai olahraga Bela diri pilihan wajib Sekolah pada kegiatan Ekskul di
sekolah-sekolah DKI Jakarta dengan keluarnya Surat Edaran
No.176/SE/2009 oleh Kepala Dinas Pendidikan Provinsi DKI Jakarta
Bp.Drs.H.Taufik Yudi Mulyanto.M.pd
Ini tidak lepas dari perjuangan insan-insan Pencak Silat di DKI
Jakarta, yang di lakukan oleh Bp.Drs.Denny Herawan selaku Ketua
Asosiasi Guru Pendidikan Olah raga DKI Jakarta ( AGPORI ) dkk.
Sebelumnya beliau menjadi Ketua Panitia Pelaksana Kejuaraan Pencak Silat
Pelajar DKI Jakarta yang diselenggarakan oleh Dinas Pendidikan Provinsi
DKI Jakarta yang baru lalu. Beliau juga menjabat sebagai Kepala Sekolah
SMK 30 Jakarta dan Wakil Ketua Dewan Pendekar PSN.Perisai Putih DKI Jakarta.
Ini kesempatan bagi Perguruan-perguruan Silat untuk mengembangkan Pencak
Silat di sekolah-sekolah di DKI Jakarta.
Terima kasih kami sampaikan untuk semua pihak yang telah
memperjuangkannya pada umumnya dan khususnya kepada Bp.Drs.H.Taufik Yudi
Mulyanto.M.pd.
Wassalam
Sudirman Yan
mh wrote:
Tah ieu hade keur program unggulan kadua, gerakan MENCA.
Jadi aya dua program unggulan nu perlu dikembangkeun teh: ":MACA jeung
MENCA"
Jigana hade mun MENCA bisa asup ko-kurikuler sakola kalayan mayeng.
-mh-
2010/1/9 oman abdurahman <[email protected] <mailto:[email protected]>>
Kajeun kang Irpan da kuring mah teu keur neangan EO. Program
kuring mah rek ngarojong sabisa-bisa anu naratas prak-prakana
ngawujudkeun ideu-ideu (ma'lum ari prak naratas sorangan mah kalis
ku .... teu bisa ngatur waktu di kantor, kajaba anu keur disorang
kitu oge teu sabaraha).
Wah, atuh lila teuing ngadata jeung milarian kontak person heula
mah. Kunaon teu ngagunakeun data anu aya, kari ngentry kana
komputer. Di Kang Acil (Bimbo) tos lengkep datana mah. Malah kang
Acil tos biasa ngayakeun gempungan para jawara di Jabar teh. Kari
der kang Irpan.
manar
2010/1/6 irpan rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Kang Oman, kuring mah lain EO jeung teu boga pangaweruh
ngeunaan nu kitu.
paling anu kapikir ku kuring mah kieu.
- Ngadata heula aliran atawa paguron silat nu aya di tatar
sunda. di forum sahabatsilat.com <http://sahabatsilat.com>,
lumayan lengkep najan can kabeh oge.
- Sanggeus boga daftarna, coba teangan contact person
tiap-tiap paguron.
- karak ngaliput
tah ngeunaan manajemen pra produksi, masa produksi jeung pasca
produksi, kuring mah teu nyaho. Nu matak masrahkeun ka
mahasiswa perfilman atawa ka reporter oge. he..he..he...
eta lamun rek nyieun film Dokumenter.
Tah, lamun rek nyieun film carita, neangan pemeran utama mah
teu kudu jauh jauh. Da aya nu geus sadia... ehm .... ehem
.... (kuring dehem yeuh he..he..he..)
oman abdurahman wrote:
Hade tah ideu teh, bisa sakaligus ngangkat darajat silat
(hehehe, na da kuring mah geus teu perlu sakadang "darajat",
ceuk silat teh). Mangga teraskeun kang Irpan, perelan
rencanana, tos janten proposal mah ke sugan urang bakian ka
anu sakira-kira tiasa maparin fasilitas, upama tea mah teu
sanggup ku arurang dilaksanakeunana.
manar
2010/1/6 irpan rispandi <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
Minggu kamari, kuring sempet ningali hiji acara liputan
di Discovery
Channel. Acara eta ngaliput hiji kontes Kung Fu di China
anu dikemas ala
American Idol. Eta saembara teh loba pisan pesertana,
daratang ti unggal
aliran bela diri anu aya di China. Samalah anu ti luar
negri oge aya.
Lilana eta kontes teh 6 bulan. Salian ti mentes
kaparigelan peserta dina
olah bela diri, kontes eta oge mentes 'bakat entertainer'
ti tiap
peserta. Si peserta kudu bisa tari jeung nyanyi.
Tujuan dasar eta kontes teh nyaeta ngangkat deui pamor
beladiri asli
China anu mulai ka geser ku beladiri luar nagri anu
ayeuna keur mahabu
di China.
Tah, kumaha lamun diurang oge diayakeun kontes model
kitu, naha misalna
"Sayembara Jawara" atawa "Pasanggiri Penca" jsb.
hiji eta.
anu kadua, pikeun ngangkat deui pamor Silat, kumaha lamun
dijieun Film.
Boh film dokumenter atawa film Carita. Ari usul kuring
ieu utamana
pikeun para mahasiswa jurusan perfilman (aya teu nya
jurusan eta
he..he..he..). Percaya lah ka barudak ngora mah.
Maranehna boga energi
anu gede pikeun ngawujudkeun hal-hal anu sifatna terobosan.
Kumaha tah baraya ?