Baraya, Sim kuring kamari nampi seri video (youtube) ti rerencangan. Eusi eta seri video teh ngabeberkeun samodel katerangan anu nuduhkeun yen film 2012 anu akhir taun ieu ngageunjleungkeun dunya perpileman sajagat teh ngandung propaganda khusus, laju ditepikeun dina eta video kontra propagandana. Sebut wae: "contra 2012".
Leres henteuna eta eusi "contra 2010" mangga wae diilo ku anu minat, sakumaha leres henteuna aya propaganda dina film 2012 tangtos parantos diilo ku anu kungsi nonton. Ka baraya anu hoyong ningalian eta eusining video, japri wae ka email si kuring, ke dikintun alamat panuduhna. Pamugi aya manfaatna. baktosna, manar