Hehehehe, alus pisan Cep Abbas Amin. Mupakat lah.
Punten, ngiring ngarewong sanaos kabeurangan oge.

Hayu urang diajar basa Sunda anu bener tur make aturan. Sabab, ari diantep sina 
bebas mah bakal tambah amburadul. Cenah eta aya anu nganggap hese, nya wajar 
bae da enya ari diajarna teu gembleng mah matak hese.

Husus, sadirieun sim Kuring, nya teu rido ari basa Sunda kudu ngahyang mah, 
isin temen ku luluhur, era temen ku incu-buyut. Meureun urang katanyaan, 
magarkeun henteu apik rumawat kana warisan para luluhur.

Ngan nyaeta, keuna ku paribasa "Jati kasilih ku Junti". Sok aya anu boga rasa, 
nyatur ku basa Sunda asa teu gaul, najan sadar ge yen inyana urang Sunda, dina 
prakna mah ngagunakeun basa sejen. Tapi da teu kabeh, aya keneh nu satia kana 
jatidirina, malah nyaturna teh merenah entep seureuhna, lengkep jeung lentong 
katut anggah-ungguhna. Sugan we atuh bisa keneh tepa kanu sejena, asal urang 
ulah kendat silih geuing jeung papada batur.

Cek pamikir sim Kuring, mun aya niat ngamumule basa Sunda, aya palakiahna. Kieu 
:
1. Anu ngarasa bisa, ngarti, surti, tur wani nyatur ku basa Sunda, boh catur 
(lisan) boh tinulis disuhunkeun rido galihna mugia kersa ngageuing kanu lian ku 
pangaweruhna. Cek kasarna mah, mun aya nu nyatur atawa nulis basa Sundana 
salah, geuwat bebener.
2. Kanu rumasa yen dirina seuweu-siwi ki Sunda, kalayan aya niat ngamumule basa 
Sunda, mun pareng aya anu ngageuing ulah belik ulah ijid, ulah bendu ulah 
pundung, mana komo ari matak pacengkadan mah. Mugia sing kersa nampi kana 
panggeuing, sangkan sasieureun sabeunyeureun (sakecap-kecapeun) nungtutan 
merenah, boh ngalisankeun, boh nulis, pon kitu deui dina ngalarapkeunana. 

Tos ah, sakitu heula nya?
Pokona mah, hayu urang silih asah ku pangabisa, silih asih ku pangarti, silih 
asuh ku pangaweruh, sarta silih simbeuh ku kadeudeuh. 
BASA SUNDA ulah dipikasieun, lila-lila bisi geuleuh, mun geus dianggap geuleuh 
bakal ditinggalkeun, ahirna bakal dipiceun. Leuh......ku harianeun. Palias.....


Nuhun






--- Pada Ming, 20/12/09, Abbas Amin <[email protected]> menulis:

Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Judul: [Urang Sunda] Hayu urang diajar Basa Sunda
Kepada: "urangsunda" <[email protected]>
Cc: "kisunda" <[email protected]>
Tanggal: Minggu, 20 Desember, 2009, 12:53 AM







 



  


    
      
      
      Sarerea pada maphum dijaman kiwari Basa Sunda geus teu puguh alang 
ujurna, sakadaek sakahayang sorangan. Teu naon2 , da nu penting mah NGARTI 
jeung Kaharti.
Ngan........ .. aya nganna. Naha teu harayang kituh Boga Basa Sunda nu BAKu ; 
nu Standard ? Nu konsisten dipake ku saha wae ? 
Ulah campur aduk teu pararuguh ?

Urang ayeuna nyaho Basa Sunda nu Baku teh aya DUA :
1. Basa Sunda loma
2. Basa Sunda nu make Undak Usuk tea

Tah nu dua diluhur aya lilinggeranana; atawa aturanana; da masing sabebas 
bebasna oge hiji Bahasa; pasti boga aturan !
Tah aturan nu ieu nu teu atawa EMBUNG ditarurut ku US jaman Kiwari !

Naha memang Basa Sunda teh ENYAAN HESE pisan !?
Atawa memang US geus ngaredul jeng MALES pisan diajak
BABASAAN anu BENER ?! Hayangna enyaan embung
 dibenerkeun ? Hayang sangeunahna bae ?
Naha enya Basa Sunda bakal sangeunahna ?

Kumaha cenah conto Basa Sunda loma ?
Nya eta Basa nu teu MEUNANG make kecap DAMANG; BUMI;
Pun RAMA; PUN Ibu; Pun Putra jsjte.

Ari nu make UUBS nya eta Basa nu KACI make damang, tuang jsjte. tapi make 
lilinggeran nu HESE !!!

Ari nyarita BASA Sunda, tapi bari jeung sangeunahna; asa maning keneh Basa 
Indonesia we atuh; da Bahasana Basajan ; teu garihal; ngeunah kadengena atawa 
macana oge.

Naha ayeuna urang SUNDA dialajar keneh BASA SUNDA teh ?
Atawa Basa Sunda memang rek MUSNA ?
Saha nu bakal miara mirosea ?

Ari kuring mah ngajakan 2we ka sarerea hayu diajar Basa Sunda deui 

Kira2 pangajak ieu dianggap salah ? Ngalieurkeun ka nu hayang ngomong Basa 
Sunda ?

Cik pek we pikiran ku sarerea.
Ari cek kuring mah memang Basa Sunda teh maning basa Loma tea we. Kade ulah 
gana2 ngagunakeun DAMANG jste. lamun teu bisa
 ngalarapkeunana.
Sok ti ayeuna sosialisasikeun; boh di milis boh di masyarakat Sunda umumna. Da 
enya karasa ngeunah oge basa loma teh; teu loba teuing aturan. Ngan wae ongkoh 
hayang Basa loma tapi make hayang LELEMESAN. 
Tah ieu kudu dijaga; pan basa eta nu aya UUBS teh !!!!
Lamun henteu; nyaaa eta tea Basa Sunda campur aduk tea.
Basa Sunda nu LEMES tapi teu bener tea.

NGAN !........... ... ngan bae lamun geus EUWEUH deui urang Sunda nu teu nyaho 
nu mana nu BENER jeung nu teu BENER; eta mah nya kumaha dinya wae. Kuring sok 
hayang menerkeun ; lantaran nyaho aya nu teu bener.
Tapi lamun NYOBA NGalempengkeun DIANGGAP MEUNTEUN BATUR !
NYa atuh kuma dinya deui we lah.
keun we silih asah, silih asih, jeung silih asuh mah ngan UKUR jadi slogan; 
saperti memang kabiasaan urang INDONESIA sakumna.

Mari kita berbahasa SUNDA yang BEBAS Blass semau gue.






      

    
     

    
    


 



  






      Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman 
ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke