hampura teu beja-beja. ma'lum tadina teu pati yakin. hehe tadi, rebo 27 januari, jam 13-15 waktu indonesia bagian belanda (+ 6 jam waktu indonesia bagian bandung), si kuring on air di radio ranesi (asana singkatan ti radio netherland seksi bahasa indonesia), webna, ranesi.nl, rnw.nl (radio netherlands world wide) gawe bareng jeung radio Mara Bandung.
nu ngawawancara tiluan, saurang penyiar radio Mara Bandung, dua ti raseni, neng Feba Sukmana, jeung bu Julia (asana). make basa indonesia campur sunda. eusi acara mah nya ngobrol soal kagiatan si kuring di walanda, riset tea. geus beubeunangan lah. gambaran gede eusi calon disertasi tea. make jurus antropologi mazhab leiden tea. tapi keukeuh we hese nulisna. haha terus soal pasaka tea, pabukon simpay katresna, kagiatan yayasan perceka, program milis kusnet ieu ([email protected]) jeung soal tulas-tulis di kuring utamana novel. geus heula, keur beberes...

