sok geura mang jamal... kumaha tah Babad Sunda teh.... abdi ge hoyong terang iyeu teh.... salam ti margocity depok
2010/1/28 Aj Kusnet <[email protected]> > > > Cik Mang punten ditalungtik deui kumaha pamustunganana sajarah bubat teh? > Naha gajah mada teh gering nepi ka tiwasna sabab katoel keris singabarong ku > citraresmi? Naha gajah mada teh jadi buron sabab hayam wuruk ambek? Naha > gajahmada teh dipecat tapi diangkat deui? Naha kumaha? > > AJ > > --- On *Tue, 1/26/10, mang jamal <[email protected]>* wrote: > > > From: mang jamal <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] kemis 28 januari balik euy > To: [email protected] > Date: Tuesday, January 26, 2010, 3:51 AM > > > > > ka eropa nu ayeuna mah beda karasana dibanding taun 1997. padahal sarua di > usum tiris (winter). > > ari taun 1997 mah ka kopenhagen denmark. nagara nu euweuh patali sajarah > jeung urang. sanajan ari produkna mah aya oge di urang, cara mesin pompa > cai Grundfost. atawa beh ditu, danvespa motor, distributor vespa, nu urang > denmark. meureun pedah ayeuna mah geus boga buntut dua, 6 jeung 3 taun. > sono pisan ka maranehna. jujur, ka indungna mah sonona ge semu sieun. > heuheu. pedah ieu buuk, salila tilu bulan di walanda teu dicukur. hahaha. > huis beuki kaciri. > huisan da eusi sirah jarang dipake, karaahaan (karatan). karaha=karat. > > ayeuna mah ka walanda. nagara nu boga sajarah jero jeung urang. jadi > salian ti riset pikeun disertasi teh, oge neuleumen perkara hindia belanda > tea. haha jaba kungsi panggih deuih jeung urut KNIL. aki-aki na sepedah. > haha > > sirah pinuh ku urusan soal penjajahan walanda ka hindia belanda. plis, > lain indonesia, tapi hindia belanda. mun panggih jeung supervisor teh, > prof peter jm nas, pangsiun bulan2 kamari, diskusi soal riset si kuring > mah paling 15 menitan. sesana nu dua jam sok dipake ngobrol soal > kolonialisasi. jadi tambah lieur. haha > > teu karasa geus tilu bulan. 28 januari kemis, rek mulang. make pesawat > jiran. nepi ka cgk terus ka bdg, jumaah 29 januari. > > nya hasil riset mah geus manggih. teu beda jauh nu kapanggih di bandung. > teu neangan naskah sunda kuno (aya cenah di perpustakaan universiteit > leiden tapi teu dikorehan da rumasa lain filolog, teu bisa macana). jaba > make naskah sunda kunona oge nu geus diterjemahkeun we, sang hyang > siksakandang karesian. maca promosi sundalana anyar nu aya tulisan gunawan > ti perpusnas,jadi panasaran hayang maca heula eta. sugan aya patalina > jeung soal desain tradisional wadah pare beas sangu di urang. > > di leiden panggih jeung Urang Sunda oge diantarana: > 1. kang syaiful rahman, nu boga milis baraya sunda tea. > > 2. tuti c Atmawidjaja, nu nulis novel kunanti dirimu di yunani tea. alumni > biologi unpad, jadi dosen di udayana, s2 di james cook australi, tapi teu > tamat dan kaburu nikah jeung dosena, Dr Robert J Coelen. mereka pindah ka > leiden da Robert jadi vice president international office univ leiden. > cenah rek pindah ka kampus stenden university di leewarden, belanda kaler, > rada deukeut jeung groningen > > 3.kang sukmana, dosen (asana ushuludin) UIN jakarta -sigana balad Tantan- > nu keur s3 di leiden. s2 na di MacGill Kanada. manehna turunan cimari > cikoneng. sepuhna terus pindah ka banjar ciais. kang sukmana SMA na di > Gontor. > > 4. Jihad Akbar, alumni UIN jakarta, s2 progam Training for Indonesian > Young Leader (TIYL) progra depag jeung leiden. hanjakal manehna dititah > balik ku koordinator program, sabab teu lulus opat mata kuliah. kamerna > dipake si kuring > > 5. oib, ngaranna mah tholib, alumni UIN Bandung. sakola master islamic > studies program TYIL. > 6. Ali, alumni UIN Jkt sarua sakola master islamic studies program TIYL > depag. > 7. teh Maya, alumni mesin itenas nu nikah jeung kang ahmad, can > panggih,karek nelpon & mesbuk. ngondang dinner ka imahna di pasisian > leiden. kang ahmad alumni nhi, jadi chef dihiji resto leiden. > 8.jst > > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

