Alhamudillah, geus nepi ka imah. kari miceunan pangaruh luar nu beda. Cara pangalaman kamari. Meuntas jalan
Balik ti pangulinan, muru angkot peuntaseun jalan. Ngajanteng hareupeun zebracross (pameuntasan nu leumpang di jalan nu digaris-garis bodas). Rada lila ngajanteng teh. Karek ngeuh, ieu mah di nagri sorangan. Heuheu. Meuntas jalan kudu bari rada maksa. Da ngadagoan kandaraan areureun cara di walanda jeung eropa umumna mah, iraha boa.

