Si Ujang keur diajar sok ka Masjid, Jumaahan, ngilu ka bapana. Balik Jumaahan 
si ujang langsung nyampeurkeun indungna bari barang penta: "Mamah, Mamah, 
kenging Ujang nyuhungkeun artos sarebu,  keur Aki-aki nu JEJERITAN diluar?"

Ngadenge kitu, indungna kacida reueusna, nerap geuning, padahal budak teh 
kakara ngilu jumaahan dua-tilu kalina jeung bapana.

"Ih mani soleh kieu anak-anakan teh, tah artosna. Ari si Aki diluar teh 
JEJERITAN naon cenah, Jang?"

"Es krim, Es krim, ukur sarebu!", ceuk si Ujang bari ngaderegdeg kaluar....

=waluya=

Kirim email ke