Kacaritakeun para selebriti Indonesia nu gareulis naek pesawat babarengan ti 
Jakarta ka Papua, maranehna rek nyieun kagiatan amal. Ditengah perjalanan, 
pesawat ngadadak ancul-aculan jeung abrag-abrgan. Para selebriti kacida soakna 
sieun pesawatna tikecebur ka laut. Tapi nu saurang kalahka dandan, ngageulis. 
Ditaranya kunu sejen, kunaon kalahka dandan mani tepika menor kitu, jawabna teh 
lamun kapal ieu ragrag tangtu nu diteangan tiheula teh nu panggeulisna.

Asa kaingetan nu saurang deui gagancangan make perhiasan, sagala diterapkeun, 
mani reunceum. Cenah alesanana lamun kapal ieu ragrag, pasti nu ditareangan teh 
nu make perhiasan nu pangkomplitna heula. Tah nu saurang deui, selebriti nu 
hayang jadi wakil bupati tea, kalahka  porosot-porosot weh sagala nu dipakena 
dilaanan, tepika bulucunna. Atuh kararaget, papada nanya kunaon manehna tepika 
ditataranjang kitu.

Jawab sang calon Wabup teh : "Dimana-mana oge, lamun pesawat ragrag, nu 
pangheula ditereangan pasti BLACK BOXna!"

=waluya=





 

 




Kirim email ke