III
Lebah-lebahna makam Ulikan Batara Karang dina Mushaff Utsmani

Samemeh asup kana bagian cara/metoda nu leuwih teleb ngeunaan ulikan kasundaan 
Batara karang jadi kanyataan karang, urang susud heula saksi tina kaagamaan 
Sang rahmatan lil alamin (qur’an) supaya dina asup kana disiplin ulikan batara 
karang karya tedak sunda nu ngawengku falasifah katut kamatihan kamampuhanana 
teh nu maca geus boga referensi nu bisa jadi saksi/acuan pakeun nyusud 
neuleumanana atawa bisa oge dipake dina ngan saukur ngaenya henteukeun ieu 
ulikan.

Jeung nunjukkeun yen loba (sanajan teu gampil nangenanana) nu ngagem 
Kamuhammadan nganggo jalan islam oge seueur nu tiasa ngawasa/make ulikan batara 
karang (sabagian atawa sakabehna kumaha undak luhur pamahamanana) sanajan beda 
beda metodana.


1. Ulikan Batara Karang jeung Ka-Adam-an

Ulikan ka- batara karang-an teh aya hubungana jeung maksud caritaan luluhur 
manusa nu ngaran Adam nu dipilih ku Nu murbeng alam jadi wakilNa/nu 
nuluykeun/gaganti Allah di dunya (khalifatullah):

Tiantara rupa-rupa mahluk kaasup Malaikat (dijieun tina Sunda (Nur) jeung Iblis 
(dijieun tina seuneu), Adam nu dipilih jadi wawakil/gaganti di dunya “inni 
zaailun filardhi khaliifah” (sapi bikang:30) teh dijieunna ngan dicaritakeun 
’bahan dasarna’ UKUR TINA KARANG. Malah disebutkeun karang/taneuhna teh taneuh 
likeut nyatana taneuh nu bisa/gampang diropea/dibentuk - taneuh liat/tiin. 
(benteng/tempat luhur:12).

Hal ieu aya bedana – mun teu kasebut beda pisan- jeung kajadian jelema umumna 
nu dicaritakeunana dijieunna tina nuftah, turobun jeung saterusna nu lain 
saukur/ngabogaan unsur karang tapi cai. Malah dicaritakeun yen sakumna mahluk 
(tangtu kaasup jelema da jelema ge mahluk) dijieunna asal-muasalna tina cai 
(teu disebutkeun tina karang/taneuh mungkul).

Harti Adam dijieun tina karang ieu bisa leuwih ngandung harti 
metaphore/figuratif/perlambang….yen maksudna… nunjukeun kana 
makam/pangkat/level/kualitas hiji jelema nu diangkat jadi wakil/generasi 
pengganti teh sabab boga karakter karang. Hartina….. jelema nu bisa kalawan 
gampang (tingali we taneuh liket/tanah liat keur diolah bahan keramik) narima 
lamun diropea / diajar / dibere treatment/dibentuk /dibere nyaho rupa-rupa asma 
/informasi/data/elmu/pangalaman jrrd.

Nyatana…. Adam mah pas diajarkeun rupa-rupa asma teh ku Allah bisa/mampuh 
nalar/nyangkemna. Pas dipiwarang nyaritakeun deui payuneun malaikat teh 
bisaeun/apal/nyangkeum sagala rupa asma nu tos diajarkeun malah 
katalar/kacangkem kabeh teu kacaritakeun ngan apal sabagian.

Jadi, ana kitu…Ngan nu boga ‘karakter/sifat/potensi’ karang/taneuh nu bisa jadi 
wawakil Allah didunya da jelema umumna mah malaikat ge tos apal geus loba 
‘jelema’ saencan Adam nu hirup di dunya ngan saukur ngocorkeun getih, nyieun 
pacogregan jeung papaseaan/ngarusak dunya “taj’alu mayyufsidu fiiha 
wayasfikuddimaa-a”(sapi bikang:30).

---
Sapertos nu pada terang,..aya dua mainstream pamendak ngeunaan Adam: 1. Jalmi 
nu ngawitan diciptakeun ku Allah (nu ngabuktoskeunana seueur ku argument 
percaya ka wartos cenah/euceuk/beja ti ‘versi agama’), aya oge 2. Pangkat/makam 
Jalmi nu ngawitan undak kana makam khalifah di dunya –pangkat jalmi dina 
ka-Adam-an seueur dieksplorasi diantawisna ku kaum agamawan/‘esoteris’ sapertos 
katingal dina kumpulan karya tasauf sunda) - seratan ieu sapertos argument di 
luhur aya dina posisi no 2, ngaeksplorasi ka-Adam-an.
----


2. KANYATAAN jelema boga karakter ka-adam-an / “karang taneuh liat”

kanyataan ka-adam-an/kanyatan karang ieu mimitina bisa ditrace dina kaayaan 
jelema orok keneh..aya hadis nu nyebutkeun yen nu karek lahir mah kawas 
‘keretas bodas’ nu bisa ditulisan naon wae. Hartina ieu budak mah boga karakter 
taneuh nu bisa/potensial rek dijadikeun kumaha wae gumantung kanu 
ngadidikna/mere informasina/nulisanana….Engke hasilna bisa 
nyaritakeun/nunjukkeun naon naon ASMA nu geus diajarkeun/dituliskeun ku indung 
bapana/guruna/’Allah’na. Nya jadi khalifah/generasi gaganti 
kolotna/guruna/’Allahna’.

Sabab jadina eta budak teh gumantung ajaran/atikan/tulisan/asma-asma nu ngajar 
nulisanana. loba conto barudak jadi kumaha lingkungan anu nulisan/ngabentukna 
da masih keneh jadi karang ka Adaman.

Asalna budak teh teu naon naon….ditulisan diasmaan di arahkeun di format kumaha 
kahayang generasi saacana/utamana kolot atawa guruna lingkunganana…nya naon 
naon teh jadi aya di budak…nya budak jadi naon naon.

Lila lila ieu budak nu masih gede ka-Adam-an teh diwewelan khuldi ku 
kolotna/lingkunanana nu jadi ‘setanna’….jadi perlu aya atikan pikeun jadi 
karang deui…. sab asalna teu naon naon bisa ka naon naon ku naon naon tapi ulah 
nepika naon naon sanajan jadi naon naon…ulah angger di naon dinaon..

Wah maenya?......wani nyebut kolotna/lingkungana bisa jadi nu ngolo ngolo 
“setan” nu ngajadikeun karang kaadaman ngasaan sajaratil khuldi?

Kieu geura:…..

Adam nu nuju ni’mat (harti ni’mat = nambah) di jannah (kebon – karang taneuh nu 
geus diropea nepikeunka bijil tutuwuhan- silib karang kamulyan maha karya Sang 
Manarah luluhur Galuh)..diulahkeun soteh ngadeukeutan tangkal khuldi..ari 
hartina khuldi teh abadi/langgeng/angger. Sab kaolo nya bijil aurat (hal nu 
jadi kaera nu embung katingali batur nepikeun ka ditutupan)…diantara rupa rupa 
panutup nu jadi kaera (aurat) nu pangalusna panutupna teh taqwa (pengkuh) lain 
pakean…. TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna ka-Adam-an) ku rumasa 
moekan/ngadholiman nafsuna sorangan ku sorangana lain ku batur OBATNA ku 
ngajaran alam rahman nyatana rahmaniyah….(bab IX) ”robbana dolamna anfusana 
waillan tagfirlana wa tarhamna lana kunanna minal khasirin”…Jst. ---
---
referensi hartos kecap arab (qur’an) tiasa ditingali/nyutat dina/ti Tafsir 
Qur’an kenging M Quraish Shihab-teras disundakeun.
--

3. ka-adam-an jeung pangaruh khuldi di urang

Kumaha kajadianana ka (urang keur) budak di ka-adam-an? Nepika jadi boga aurat 
katundung ti jero kebon Karang kamulyan turun ka dunya meunang kangeunah nu 
sakeudeung sakeudeung sab aya bosenna aya leungitna? (harti kecap dunya = 
pondok/teu lana – integral soteh saliwat padahal disarungsum ku increment 
increment)

Mimiti keur budak can hayang sangu…dahar ge di olo-olo….nya meunang ni’mat 
(nambah) ngasaan sangu…lila lila deudeuieun…si sangu nu asalna di olo olo 
ahirna diteangan da hayang angger/langgeng (khuldi) ngasaan sangu….tungtungna 
sok moekan maneh (ngadoliman sorangan)..teu manggih sangu…sanajan geus asup 
baso/roti/lotek jeung sajabana..asa can wareg nyatu tuluy ditutupan ku neangan 
ka warung….jadi kufur ni’mat (nolak nambah) ku kadaharan lain nu padahal sarua 
bergizi…..cobaan cicing di nagara nu euweuh sangu….kumaha nyiksana eta 
khuldi….Matak tong sok hayang langgeng (khuldi)….. kumaha taqwana??

Bobogohan…mimitina bararingung….tuluy resep tuluy ngeunah…deudeuieun khuldi 
…dina anggeusanana /da moal lana …asa euweuh deui gantina.. moekan 
maneh..pohoeun lamun neangan terus manggih nu anyar sok poho kanu 
heubeul…panggih jeung nu anyar anyar…tanyakeun we ka nu nyandung?...matak 
diajar tileuleutik di sunda mah mun budak/jelema kudu loba kabogoh meh bisa 
ulah alih sukma…kabogoh teh hartina karesep..nu loba karesep mah tara 
katungkulkeun ku hiji..leungit hiji datang hiji taya kasabaranana teu tumamu 
kanu lian da kahijian hiji sabab aya nu lain memehna…kumaha taqwa pengkuhna?

Mimiti teu apal roko…ngasaan ge diolo-olo/kabita ku nu eunggeus…tuluyna ngabaju 
(khuldina)..euweuh roko asa sagala poek….ramo ngulapes biwir cembrek…sagala teu 
puguh….jst..jst….kumaha pengkuh taqwana lamun keur euweuh roko jeung sesek 
napas bau sungut?

Ti kantor boga kakeuheul..hese leungit da jadi (angger/langgeng khuldi 
saharita)…balik ka imah jamedud keneh..nolak ni’mat seuri someah satiana 
pamajikan..nu rek mere ni’mat nambah pangalaman anyar ku kadaharan jeung 
kaasih..tungtungna hambar gedena pasea rongkah..da bongan poek sorangan 
ngadoliman sorangan..jst jst jst…kumaha petana taqwa eukeur kitu?

Lamun gelut butuh pamuk, kuat dikadek/ditembak keur perang (dimensi batu dina 
karang)….lamun khuldi angger dina weduk… teu bisa ngajadi karang 
ka-adaman-deui…diimah tara deukeut jeung anak (galak wae)… hese someah ka semah 
da keur jadi panglima moal bisa bisnis usaha dimana pembeli adalah raja matak 
loba nu poek usaha sok tuluy neangan asihan meh jualan payu….jst ..jst 
..jst…taqwa pengkuhna metu dimana?

Nyekel jabatan…terus pangsiun/ganti…lamun katalimbeng deudeuieun hayang angger 
khuldi…sok asa wae jadi…padahal mantan…karasana syndrome power..munteu bisa 
taqwa pengkuh narimakeun…aurat kaerana sok ditutupan ku loba omong 
ngadongengkeun nu enggeus…nu ngadenge bosen..da kabeukina dulu waktu saya anu 
begini…dulu saya begitu…tah kajiret khuldina sorangan…padahal geus lain laina 
deui….sorangana teu sadar dijebian/dijauhan batur….taqwana palebah mana?....

Tah komo arek ninggalkeun dunya pindah ka kalanggengan….

Pernah ningali ak-aki/nini-nini/kolot nu rek maot…kabeukina bernostalgia…macaan 
kitab kafa binafsika na sorangan….ngadongeng pangalaman baheula..tengetan naha 
rek ngajarkeun mindahkeun tapakna supaya teu jadi khuldina…atawa nu keur 
kajiret deudeuieun hayang kawas baheulana nu jadi khuldina……; beuki kolot 
ka-adam-an sok ngurangan nyatana hese diajar (geus hese narima asma anyar) nu 
anyar (meunang ni’mat nambah)…pan seueur professor/pejabat hese teu tiasa 
ngadamel status facebook..da geus mintul ku barang anyar hasil ICT 
(GapTek)..ari kana khuldina nyalira mah norolang…

lamun urang,...geus kasiksa/biasa ku kalangenan sorangan....naon bae nu teu 
bisa henteu resep dipigawe/dilakonan....kade tarapti nyaliksikna bisi 
"khuldina" kagedean hese ngaleupaskeunana...kasiksa poek lamun henteuna.

Lamun urang resep dodongeng pernah kitu pernah kieu 
kamari/mangkukna/baheula...kade teleb nyalusurna bisi karang geus neuasan resep 
nu enggeus enggeus bae..katalibeng 'khuldi' baheula....padahal ayeuna mah 
beda... can tangtu payu ka isuk

lamun urang manggih nu anyar -conto fasilitas/aplikasi dina facebook- geus teu 
hayang diajarna hese ngartina..kade tarapti bisi ka-adam-an geus ngurangan geus 
mintul/teuas hese diropea deui....

4.Perluna ulikan batara karang

Perluna ngulik ka- Adam-an - ulikan Batara karang- kanyataan karang nu teu 
kaseundeuhan Angger (khudi)… pakeun ngamanage sorangan nyanghareupan pangaruh 
'ka-khuldian' saperti sababraha conto nu disebut diluhur....saperti oge nu sok 
sering dipenta dina do’a nur buat embung kapasihan panyakit ka-adaman-‘…wa 
qakullaha min bani adam”…kumaha cara TOBATNA (balik deui ka asal/fitrahna 
ka-Adam-an)? kumaha nyatana OBAT alam rahman kanyataan rahmaniyah nyanghareupan 
jamaliyah jalaliyah di tangtung nu nyiksa lamun katalimbeng khuldi kaanggeran???

Katangen gening,...poe ayeuna beda jeung poe isuk…

Euweuh nu angger..datang jeung pamitan teu bisa diulah ulah..da kitu beukina…. 
Kawas cai palid disusukan lulurung terus katutur..ari karang mah kitu hayu kieu 
hayu kitu bisa kieu bisa….datang pupuk jadi subur datang runtah bisa bau…kurang 
dipelakan longsor..dipiara jadi karang karesnan…teurak bisa soek eukeur…pamuk 
weduk sang Aji luhur pangaji….nyiksa soteh lamun deudeuieun…hayang angger 
khuldi kawas nu enggeus…. matak dicaram Allah ge puguh buktina.

Malah..tangtu katangen kusorangan....tong boro jeung batur..urang jeung urang 
ge tara angger..beda ku usum ku umur..mun keukeuh wae khuldi ka 
baheula/kamari/sabaraha menit nukaliwat..hayoh ngilu lumpat jeung budak ngora 
lain sehat kalahka nambru..jantung geus teu kuat....dongeng pikaseurieun menit 
tadi tadi didongengkeun deui ayeuna can tangtu dianggap lucu.

Pangrasa ayeuna jeung engke jeung isuk jeung kamari tara sarua jeung 
nyatana...matak nu sok diri dijadikeun acuan...kapoekan teu bisa 
leupas.....tina khuldina.

Matak kolot kolot nu luhur elmu jalma wijaksana nu pantes jadi seuweu Adam anu 
mulya kahifatullah mah:….

Pinuh ku tumarima…..sabar tawekal pengkuh dina kayakinan (bab VII) tara boga 
kasieun kunu eunggeus kahariwang ku nu acan…permana apal ka awak…ninggalkeun 
dunya… unggal usik….dileupaskeun tara jadi khuldina....sagala kumaha 
BrehNa(lain kawas budak kumaha behna)...narimakeun ku ayana tara khuldi ku 
euweuhna.

Ingetan/elmu/tapak hirupna loba dipiceun (istilahna diisingkeun deui) ku cara 
di tuliskeun diantarana kana buku/layang/do’a (ayeuna mah meureun 
hardisk/cd/blog he he he)…meh teu di tanya wae ku batur/murid/anak incu… jadi 
dileupaskeun/di bikeun kanyaahna teu jadi khuldina….hayang lugina tiis ceuli 
herang mata engkena….euweuh kabeungbeurat da geus jelas wasiatna, tarapti murak 
dadasar leupas teu angger katalibeng tapak kadunyaan…

Leuwih kongas deui luluhur nu ngawasa batara karang ditepakeun ditapakkeun ka 
sabudeureunana saperti nu katrigger ayeuna pustakana dikabuyutan 
kabuyutan….sadayana dileupas teu jadi khuldi anjeuna dina madep ka nu maha 
suci… da asalna ge teu naon naon…nya teu naon naon deui…kenging naon naon teh 
nuju keur naon naon di dunya… boroeun anu di dunya (jadi karamah jadi barokah 
jadi safaah kanu eukeur di dunya deui)….maungna di simpen keur nu butuh 
ngarajaan leuweung hirup…wedukna disimpen jadi tutunggul ….bedasna disimpen 
dina jajantung…mokaha aya dijero bekelna kasumedangan awak…

Lamun perlu awakna bisa ngawujud deui ( sok jadi kawenehan kanu tepungna)…

Lamun perlu nyieun awakna angger- teu ruksak kaurai mikroba- bari make trigger 
waktu ku itikad ke lamun geus kajadian anu atawa geus datang anu,... atawa geus 
robah jadi anu…karek lebur papan karo tulis…jll, ...jll,...jll... warnaning 
kawijaksanaan….moal jadi naon naon ka aranjeuna da naon naon teh kabeuki nu 
keur naon naon di dunya.

Kongas aya babasan patepang silih rawatan papisah silih pilali……datang jadi nur 
nu aen….tumarima dina ka-adaman sirna balik deui ka ka-adam-an.. sakeudeung 
salila di dunya..ukur gaganti…. gunta ganti sukma sinukma murbawisesa….indit 
buhung balik buhung pada pada buhung.

---

Make pamahaman saperti nu diluhur ayeuna urang ngoraan deui…nilik ulikan Batara 
karang tedak sunda…ngajawab inquiry nu ditepikeun dina bagian panganteur:…naon 
sababna (dina level batara karang makam mana) aya jasad nu masih beleger 
disebut ngawasa ajian batara karang?.....lebah mana onjoyna ti 
kajawaan?....kumaha tahapan/tingkatan makomna?…metodana? naon indikatorna? Ameh 
ngawengku kaharti karasa tur bukti…ameh jadi ulikan empiris tuturkeuneun 
(paling saeutikna bahan iloeun) nu daek ngulik Jadi kanyataan Karang nu pantes 
dina pangkat ka Adam-an.


BRAY SUNDA BRAY MANCUR DI BUANA TANGTUNG.

Bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng…..


      Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih 
cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

Kirim email ke