> Surtiwa <surt...@...> wrote: > Yah sapertos PKS oge cenah aya anu nyebat sempalan IM di Indo..tapi > duka..kitu deui sareng FPI anu ustadz disebat Habieb..tiasa wae > sanes sempalan resmi..mirip2..ari tina tindakan sareng obrolan na > mah mirip...sareng IM...kacuali dina sikep ka Ahmadiah anu > benten...Aya hiji > rerencangan caket,isterina urang Arab saderekna Habib Riziek di > petamburan.
Bah, gelar Habieb mah gelar keur urang Arab nu "ngarasa" turunan Kangjeng Nabi. Gelar ieu lamun teu salah mah, aya di masyarakat katurunan Arab di Asia Tenggara nu umumna asalna ti Hadralmaut/ Yaman. (aya website komunitasna). Nu gaduh gelar "Habieb" oge, aliran Islamna bisa rupa-rupa, teu saragam. Ceuk sobat Pamajikan nu katurunan Arab, cenah urang Arab katurunan nyebut komunitasna teh "JAMAAH", sanes Ikhwan. Upami Habieb Riziek, sigana sanes perkara gelar Habiebna, tapi kumargi sakolana di Arab Saudi jadi wajar we seueur nu nyarangka "Ikhwan". "Ikhwan" didieu sanes Ikwanul Muslimin nu lahir di Mesir, tapi kolompok-kolompok suku Badewi nu asalna di NAJD Arab Saudi, nu ngadukung ngilu perang waktu Raja Abdul Aziz ngaleupaskeun Arab Saudi ti kakawasaan Kekhalifahan Turki Usmani. Tapi kolompok "Ikhwan" ieu akhirna barontak oge ka Abdul Aziz, keur numpesna Abdul Aziz menta bantuan Inggris. "Ikhwan Arab Saudi" ieu aliranana Wahabbi ... Ceuk cenah eta oge .... Baktos, WALUYA

