Kawin cenah ibadah, kulantaran kitu "ngahalang-halang" nu rek kawin hartina 
ngalanggar HAM. Perkara eta kawin rek dicatetkeun ku nagara atawa moal, kumaha 
niatna wae. Alesan ieu nu sering disebutkeun kunu nalak RUU nu rek ngahukum nu 
ngalakukeun kawin siri. Ceuk agama nu disebut kawin sah cukup aya wali jeung 2 
(urang) saksi.

Hanjakal pisan alesan kulantaran ibadah ieu sabenerna mah teu kuat, sabab 
ibadah oge, salian perkara kawin, tetep kudu mamawa nagara. Conto nu paling 
katingali dina Munggah Haji. Nyieun paspor jeung Visa ti Arab Saudi lain syarat 
keur munggah haji, tapi sing saha wae urang Indonesia nu rek ibadah haji, kudu 
nyieun paspor jeung boga Visa. Nu teu boga paspor jeung visa, siap-siap we 
"ditalapung" ku imigrasi Arab Saudi. Anehna teu aya nu protes soal ieu mah , 
naha ari perkara
eseks-eseks bet jadi rame jeung dihubung-hubungkeun jeung ibadah?

Kuring sorangan teu satuju lamun kawin siri kudu dihukum/didenda. Alesanana 
gampang we, nu kumpul kebo ge teu dihukum/ didenda, naha nu kawin siri kudu 
dihukum sagala. Cukup we dianggap "kumpul kebo", engke oge karasaeun ku 
sorangan, kumaha lamun teu boga dokumen-dokumen nagara nu sah, lir ibarat nu 
niat ibadah haji tapi teu mawa pasport jeung teu boga visa ....


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke