Hapunten, bilih aya nu teu acan terang, mangga nyanggakeun peperenian perkawis Basa Sunda wewengkon.
Basa Sunda Wewengkon Basa Sunda wewengkon (dialek geografis, reglolek)nya eta ragam basa sunda anu mibanda ciri2 husus tur mandiri sarta dipake ku masarakat Sunda di wewengkon sewing-sewangan keur ngabedakeun diri jeung wewengkon liana. Basa Sunda lulugu nyaeta basa Sunda anu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar makena ku masarakat Sunda, basa Sunda lulugu leuwih loba nu makena dibandingkeun jeung basa Sunda wewengkon, nya eta basa Sunda wewengkon Priangan utamana Bandung. Di handap ieu conto2 kecap tina sababaraha wewengkon di tatar Sunda, kecap2 anu aya sajeroeun kurung () mangrupa basa luluguna. 1. Basa Sunda Wewengkon Bogor. Begog (anak monyet), gelap (guludug), lempah (bubur tipung), kotek (conge), kapintih (kateunggeul), pedet (cangkurileung), ompod (sieunan), sumbaha (surabi), sonagar (wanian), jste 2. Basa Sunda Wewengkon Ciamis Amrin (beak), beleketebe (rijen,rigen), gebog (telebug), mantang (hui,boled), pane (dulang), pasaragen (paraseuneu), sered (gusur), tipagut (titajong), sanaon (sabaraha), sangu wadang (sangu poe), pakbeledug (ngabeledug), jste Tambihan ti Ambu : Isukan (iraha2), narah (embung), kodol (mintul), bedan (goreng patut), lading (peso), asbo (butut pisan), yuni peledek -e pepet- (pikasebeleun), buyut (pamali,prostitute), ngahiyang (maot). 3. Basa Sunda Wewengkon Cirebon Gepeu (comro), gurandil (korang), baleong (baligo), dadapitan (conge), gambuh (dalang), gandela (jandela), gendeng (kenteng), dekung (tuur), jejengkok (jojodog), kasapeu (sampeu), muhara (muara), warang (besan), jste. 4. Basa Sunda Wewengkon Karawang Boes (sariawan), campah (garit), dihirib (diiris), timblo (sesa angeun), jste. 5. Basa Sunda Wewengkon Kuningan Celem (angeun), rubiah (pamajikan), teoh (handap), karanghulu (bantal), menit (rieut), endi (mana), nyaneh (maneh), di dia (di dinya), jste. 6. Basa Sunda Wewengkon Lebak (Banten) Angkak (kopeah), bewa (ngewa), dia (maneh), dipantek (digebug), bacang (buah limus), cepil gemblok (ulen), daun roko (daun kawung), gembla (domba), geureung (cacing), gobed (bedog), cawene (parawan,mojang), ewe (pamajikan), mokla (getih), kaleci (serok), kotok (hayam),kolompong (peda), meong (ucing), menye (celemes), orok (maraneh), jste 7. Basa Sunda Wewengkon Majalengka Dilandih (diganti), diwuan (leuwih), bebeah (ngumbara), dipunahan (ditebus), gegerus (mutu), induing (kacida), karah (geuning), kadiparan (hanjakal), kagila-gila (kabina-bina), keding (teuing,pisan), jste. 8. Basa Sunda Wewengkon Pandeglang Dengkek (golat), diawar (dicampur), ceper (cowet), cetok (tiung,dudukuy), irig (ayakan), jste. 9. Basa Sunda Wewengkon Purwakarta Bocokok (anak buhaya), budeg (torek), camenong (emes), cempe (anak sapi), cungkir (kored), delak (peso), cureman (panyaweran), kagelo (kapengpeongan), kumur (baligo), lindung (belut gede,lubang), medu (kodol,mintul), ngabedol (narik), osal (posong), oyoh (sesebutan ka awewe), pajagan (pamoean), jste. 10. Basa Sunda Wewengkon Serang Dipantek (ditinggang), elos (buah), corocoan (curugan,panyaweran), ende (nini), garaha (gerhana), gesrok (alat ngala pare), gegem (cemped), godag (nyiru gede), isek (resep), jekus (teu sopan), kolo (boboko), kundur (baligo), lanang (lalaki), jste. 11. Basa Sunda Wewengkon Subang Dulur asin (dahuan), ditolok (dipanggul), dunak (korang), enang (sesebutan ka lalaki), goleng (teko gede), galotrak (garit), golo (cowet), gegesek (kere), jste. 12. Basa Sunda Wewengkon Sumedang Endek (arek), bebecek (pabinihan), derep (dibuat,ngala pare), jugul (pasuruh desa), mecak (alus), neneh (ngaran deudeuh), paso (wadah pindang), teko (teko tambaga), tiblok (wadah sangu), jste. 13. Basa Sunda Wewengkon Tasikmalaya Heurap (kecrik), congkrang (sarupa bedog tungtungna ngeluk), besek (pipiti gede), bongsang (ragaji gede), kelom (sandal kai), bel (kampak gede,patik), peso abir (peso bako), garok (paranti ngararata sawah), kero (ranjang), goblog (teu disada), badeur (heureuy), jste. Punten pang nambihan ku nu sanesna, kitu oge tambihan ku basa Sunda wewengkon Garut, Indramayu, Cianjur, Sukabumi, Tanggerang jste. Hatur Nuhun Baktos Abdi Gagak hideung. ________________________________ Dari: richadiana kartakusuma <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jum, 26 Februari, 2010 20:14:13 Judul: Re: Bls: [kisunda] punten ngarerepot kasadayana.. bagea juragan DIDIN... tah ieu istilah (dialektologi) CIAMIS diantawisna: isukan = iraha2.... narah = embung kodol = mintul bedan = goreng patut lading peso asbo= butut pisan yuni peledek (/e/ na nganggo pepet) = pikasebeleun buyut = pamali > oge tiasa diahartoskeun 'protitute' tereh 'ngahiyang' = tereh maot sakitu be heula abdi CIAMIS ASLI nun cag AMBU ________________________________ From: Didin Kustandi <rdkh...@yahoo. com> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Sat, February 27, 2010 7:48:19 AM Subject: Re: Bls: [kisunda] punten ngarerepot kasadayana.. Uing kungsi nganjrek di Ciamis, ngahiji jeung nu boga imah, kos tea istilahna teh meureun. Hiji mangsa si Ibu beberes di tengah imah. Ngarasa teu ngeunah mun cicing wae, da harita teh keur aya di imah. Nya atuh uing teh nyampeurkeun, rek mantuan ti dituna mah. Kakara ge jol, ujug-ujug dibageakeun : "Din, sered mejana !" cenah. Teu talangke, meja ku uing disurungkeun. Na atuh, ari gerewek teh si Ibu nyentak : "Heh ! Sered !". Uing ngahuleng sakedapan. Can ge kapikir, si Ibu geus ngagerewek deui : "Sered ka dinya !". Dina hate uing nyarita : "Ka dinya ? Hartian ka lebah dieu !". Terus dicoba, meja teh ditarik. Cek si Ibu : "Taaah kitu, lain titadi !" Sihoreng disered teh = digusur. Dina hiji poe saptu, saurang kepala seksi di disbun ciamis nyarita : "Pa, isukan urang ka Pangandaran, yu !" Cek uing : "Hayu !" Isukna (poe minggu) uing buru-buru tatan-tatan, bisi nu nyampeur kaburu datang. Tapi .... jadol teh, ditungguan ti isuk nepi ka sore .... teu embol-embol. Ambek lain meumeueusan ... (tapi ngan dina hate). Isukna uing nitah staf : "Panggil Pa "Anu" sina gancang datang kadieu !" Teu lila nu diogan teh datang. Uing nangtung, nulak cangkeng, jiga mentri nu keur ngambek. Cekeng teh : "Kaleuwihan teuing nyiksa batur teh !" Nu diambek teu narima salah. Sihoreng isukan teh hartina ...... iraha-iraha. Jadol ! Basa wewengkon ...... wayahna kudu dipiwanoh ..... bisi ngalaman kawas uing ..... ________________________________ From: UjangSupri <ujangs...@yahoo. co.id> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Wed, February 24, 2010 2:03:19 PM Subject: Bls: [kisunda] punten ngarerepot kasadayana.. Aya deui kang basa orok banten mah cenah : 1. Kekenceng = Katel 2. Kolaci 3. ________________________________ Dari: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> Kepada: kisu...@yahoogroups .com Terkirim: Rab, 24 Februari, 2010 12:11:51 Judul: Re: [kisunda] punten ngarerepot kasadayana.. kulkas, kompor gas, rais kuker (heuheu), blender, mikrowep saleresna mah eta ge da tos parabot dapurna urang sunda kang 2010/2/24 Wahid tea <swahidrizal@ yahoo.com> >kaleresan simkuring gaduh murangkalih nu sakola keneh di tingkat >dasar...sakali waktos naroskeun nami-nami parabot dapur tina basa sunda...ari >simkuring kaleresan mung apal teh kana katel we..jeng boboko katut >hihidna...cing manawi aya anu kersa ngaluangkeun waktos na kanggo kawaler >pamundut ti simkuring ieu...hatur nuhun sateu acanna... > >wasalam > >_,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk " ________________________________ Apakah saya bisa menurunkan berat badan? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! " Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

