Ayeuna sim kuring rek nyoba2 ngadeskripsikeun hartina hiji2 ; sok we kaci
dibantah,
teu nanaon; da memangna kudu kitu.
1. tiseureuleu = tisorodot
saeutik meureun bedana teh.
Ari ti seureuleu mah di na taneuh nu relatif datar; ari tisorodot mah ti nu
rada luhur
taneuhna labuh ka handap. Ari ti seureuleu mah ku sabab leueur meureun; ari
tisorodot
mah nyekel naon wae teu ka cekel ; leungit kasaimbangan, terus nyorodot mudun;
tapi biasana teu jauh teuing antara taneuh nu luhur jeung nu handap teh.
Kacilakaan
atawa labuh nu kieu relatif teu pati ngabahayakeun.
Wuaduh hese geuning nya, nyieun definisi teh. Padahal kakara hiji kecap tah.
Wah euweuh curek diluhur di na komputer; jadi hese ngabedakeun mana kecap nu
hartina
bagian ti na kalimah; mana kecap nu hartina sarupaning kadaharan.
2.tijongjolong. Cenah di Ciamis mah cek kang Adiprana tijolongjong.
harti kecap ti geus jelas teu dihaja. Tapi masalah jongjolong atawa jolongjong
nya
nu bener ? Da geuning Kang Adiprana mah teu apaleun, naon cenah tijongjolong
teh ?
Asa babari keneh titatarajong nya ?
Keun we lah pokona ETA we.
tijongjolong teh leungit kasaimbangan, biasana lain nincak nu leueur, tapi
meureun
kasarimpet ku hiji barang sukuna; jadi maju kahareup bari sosolotokan teu
imbang;
tapi teu bari labuhna, jadi teu tigubrag, ngan nyolotok we ka hareup.
3. tikusruk - ieu ge labuh ka hareup; ngan pasti ti gubragna. Pasipatan
tigubragna
di na tikusruk mah sirah heula nu asup ka na lokasi labuh; biasana ka na jukut
atawa
jarian; bisa oge labuh teh ngarontok .......................eta munding.
Hehehehe.
Ngan lamun tikusrukna ka jalan aspal atawa koral tah tangtu bakal tatuna.
Bisa oge labuh nu kieu mah diopname di RS.
4. tigolepak - tah ieu mah labuhna nyangigir biasana mah.
5. tigulitik - oge labuh ka gigir ngan rada leuwih golepakna ti batan tigolepak
6. tigogolepak - leuwih loba golepakna ti batan tigulitik
7. tigugulitik - leuwih loba golepakna ti batan tigogolepak
Hanca lah. Sok mangga saha nu bade ngadeskripsikeun deui ?
Atanapi mangga upami aya nu kirang satuju ka na definisi sim kuring.
Mangga diantos