Mawa Leunca ka Walanda

Ku Mang Jamal

Pereluna ka Walanda teh lain ngan ukur hayang ngasaan datang ka negeri nu
bangsana kungsi ngajajah Nusantara ku cara nyieun nagara Hindia Belanda nu
ayeuna jadi Indonesia, tapi susuganan manggih tambahan bahan pikeun nyusun
disertasi nu rek dikeureuyeuh di Program Ilmu Seni Rupa & Desain ITB nu
jejerna perkara Estetika Sunda tea. Kabeneran Dikti ngayakeun program
Sandwich-like pikeun mahasiswa tingkat doktor. Nya milu daptar,
alhamdulillah, lulus seleksi. Gura-giru nyieun paspor, da nu baheula geus
kadaluwarsa. Milih nagara Walanda jeung kampus Universitas Leiden teh
dumasar beja yen di Leiden aya pabukon KITLV tea, nu ngoleksi sagala rupa
soal Indonesia nu tangtuna aya soal Sunda. Sugan di dinya manggih naon rupa
nu keur diteangan. 

Indit teh bareng jeung Asnita Frida Sebayang, mahasiswa program doktor
Planologi ITB. Manehna mah rek ka Universitas Groningen, Walanda Kaler.
Sabenerna ka Universitas Leiden teh duaan jeung Innes, dosen Seni Patung
Fakultas Seni Rupa & Desain ITB, ngan Innes rek indit pandeuri.

Naek Pesawat Malaysia 
Ku travel biro dipesenkeun tiket pesawat Malaysia Air System (MAS). Poe
ngapung geus ditangtukeun, 29 Oktober 2009. Ti awal mula boga kereteg yen
pastina rute penerbangan Jakarta-Amsterdam teh, persisna mah ti bandara
Sukarno-Hatta Cengkareng ka Schiphol Belanda pasti bogana Garuda Indonesia.
Ngan kusabab aya larangan pesawat Indonesia teu meunang ngapung ka Eropa,
pedah kamari-kamari loba pesawat penerbangan Indonesia nu marurag, jalur eta
sigana mah 'disewakeun' ka penerbangan Malaysia. Enya we, basa pesawat turun
di Schiphol dina pengumumanana dina speker, pilot nyaritakeun yen
penerbangan ieu gawe bareng Malaysia Air System jeung Garuda Indonesia.

Pesawat nu ka Eropakeun mah nu badag, Boeing 747-400. Kalolobana penumpang
bule wungkul. Kabagean diuk teh jeung sapasang bule Amsterdam nu tas
jalan-jalan ka Australia. Katembongna duanana resep maca, da dina pesawat
teh mun teu sare, duanan maca buku basa Walanda. Si Ibu, basa pesawat geus
luhureun daratan Eropa, ngajak ngobrol ku basa Inggris. Nya mimitina mah
nanyakeun naha kuring teu sare-sare. Sabab ari pas manehna hudang, sok
kasampak kuring keur nonton tv leutik nu napel dina tonggong jok hareup.
Padahal sare oge sanajan sakerejepan. Si Ibu tatalek, rek naon ka Walanda.
Nya dicaritakeun yen rek ka Universitas Leiden salila tilu bulan. Ngobrol
uplek basa Inggris nu kabeneran marucunghul deui bari sakapeung saralah.
Apaleun latar akademis widang desain interior-nu deukeut ka arsitektur,
manehna nyaritakeun sababaraha tempat di Amsterdam jeung Belanda umumna nu
cenah desaina alus. Nyebut oge tempat imah munggaran karya Gerrit Ritvield
nu mangrupa realisasi teori gaya desain De Stijl- gaya nu kapangaruhan ku
aliran seni lukis Neo-plastisisme (atawa disebut oge seni lukis De Stijl
Piet Mondrian). Gaya desain ieu lahir di Leiden taun 1917.

Schiphol
Turun ti pesawat di bandara Schiphol Belanda jam 10an. Hate surak. Lain
kunanaon, eta we, ngalaman ka Eropah deui sanggeus dua belas taun, bari
manggih deui usum tiis (winter). Tahun 1997, munggaran ka Eropa teh. Eropana
oge ka wewengkon nu teu pati kawentar di urang, nyaeta ka Kopenhagen
Denmark, pikeun diajar desain mebel sasemester di Kunstakademiet
Arkitekskole. Harita mah meunang beasiswa ti Danida (Danish Agency for
International Development). Bedana harita mah datangna Januari, keur
meumeujeuhna tiis, hawa tiisna ge teu kira-kira, 15 darajat celsius
handapeun enol! Jadi luhureun cai di basisir teh loba balok es, alatan
beungeut cai laut katiisan teuing. Kitu deui, beungeut cai di dano, beku,
nepi ka bisa dipake leumpang. Di Finlandia jeung Swedia mah dipake maen ski
tea.

Ayeuna teh keur musim gugur (fall/autum). Disebut musim gugur, sabab
dangdaunan maruragan tina tangkalna. Cara alam pikeun nyaimbangkeun
kahirupan. Sabab salila usum tiis, cahaya panon poe saeutik pisan malah
euweuh, jadi dangdaunan muragkeun maneh da teu bisa ngalakukeun fotosintesis
tea. Sanajan can boga kamer kos pikeun cicing, karasa tenang datang ka
Walanda mah. Make jurus piraku teu manggih urang Indonesia. 

Samemehna geus neangan kawawuhan di Belanda utamana Leiden, ngaliwatan
internet, milis jeung facebook, sakalian neangan tempat pikeun kos. Kamer
mah aya ngan can manggih nu cocog utamana dina segi harga sewa. Biasa,
neangan nu murah. Cara nyewa kamer di batur mah, kudu nunda duit jaminan,
basa Walandana borg (boreh) tea.

Neangan kawawuhan mah, nya manggih sababaraha urang Indonesia, malah urang
Sunda pisan. Diantara kang Rahman di Wassenaar, nu rek nginjemkeun sapedahna
salila di Lieden. Ka kang Rahman wawuh ngaran geus rada lila, da anjeuna nu
boga milis [email protected]. Hiji deui kang Deni 'Shudung'
Natasuanda. Duanana nikah ka urang Walanda. Wanoh ka Kang Deni mah
dituduhkeun ku kang Abdul Hamid, dosen di Jurusan Bahasa & Sastra Indonesia
Unpad. Turun di Schiphol teh reugreug we nu aya, da salamet jeung nepi ka
Walanda, sanajan sabenerna can boga tempat ampih. Nuhun pisan ka kang Deni,
nu ngahaja ngajemput bari ngajak ka tempatna nganjrek di Leiderdorp, kaleren
Leiden. Ngendong meunang dua peuting. 

Kang Deni 'Shudung" Natasuanda teh urang Cimahi kalahiran taun 1965,
blasteran Panjalu-Ujung Berung. Bapa kang Deni urang Panjalu Ciamis sareng
Ibu ti Ujungberung. Kuliahna di Jurusan Sejarah Fakultas Sastra Universitas
Andalas Padang. Meunangkeun istri urang Walanda, Gerdien Schriek. Duanana
panggih di kampus Unand Padang eta. Kan Deni boga bati tilu, Olivier (7),
Esmee (4) jeung Morris (2),. Milu ka panganjrekanana, di apartemen
Standhurst wewengkon Laan van Ouderzorg, Leiderdorp, kalereun Leiden.
Sapopoe kang Deni damel di hiji supermarket Dirk. Apartemen nu dicicingan
geus kapimilik kang Deni, cenah bari cicilinana can lunas. Hargana 200.000
euro (wayahna ulah dikurs ka rupiah nu rp 14.000) bisi reuwas!

Rencana teh rek indekos di Koningstraat, Leiden. Kang Deni ngontak ka Akbar,
mahasiswa S2 Universitas Leiden urang Sukamiskin. S1-nya ti UIN Jakarta.
Imah eta teh cenah nu urang Indonesia, nu nikah ka urang Walanda. Aya kamer
lima. Kabagean di lantey tilu, pangluhurna. 

Cikur & Leunca
Di Amersfoort, deukeut Amsterdam, aya urut mahasiswa kuring urang Majalaya
nu kawin jeung urang Walanda. Apal kuring rek ka Walanda, manehna pesen
pangmawakeun cikur jeung leunca. Cenah rek dipelak di Walanda, sugan jadi.
Bari gegelendeng, pesenan teh teu elit pisan, manehna malah maksa menta
pangmawakeun. Nya menta ka anak mitoha pangmeulikeun cikur & leunca di
pasar, wadahan terus selapkeun dina koper. Rada paur oge dipariksa di
imigrasi Walanda. Lain nanaon, nerangkeun cikur & leunca dina basa Inggris
kumaha. Rencana teh nya rek disebut we sayuran. Tapi alhamdulillah, di
bagian pemeriksaan koper, cikur jeung leunca teu dicuriga nanaon, atuh
salameut nepi ka nu pesen di Amersfoort Belanda. Jauh mela-melu!

Poe Senen 2 November, datang ka kantor Prof Peter Nas nu ngabageakeun bari
nyuguhan kopi (lain nyieun sorangan, meuli tina mesin kopi) jeung kueh.
Bageur pisan londo teh, loba mere bongbolongan utamana sagala rupa nu perlu
pikeun kuring neangan nu euweuh salila di Leiden. Pabeubeurang panggih jeung
alumni tea di stasion Leiden. Nya cikur jeung leunca oge ijasah manehna nu
disalin ka basa Inggris teh dibikeun. 
"Rek nyoba dipelak di tukangeun imah mitoha," cenah.

----
Dimuat Cupumanik no 78, Januari 2010.

Kirim email ke