Tangtos yi, sae pisan kumargi seratan abah RI.Adiwijaja ahli nyerat basa Sunda 
nu kahot, abdi mah bujeng2 ngadamel syair basa Sunda, basa Sundana ge 
baladag-beledug,langkung awon ti ayi. Tapi hayu yi urang sami2 diajar basa 
Sunda, upami aya nu lepat utamina undak usukna tangtos aya wargi nu sanesna nu 
kersa manglereskeun.

Baktos abdi
Gagak Hideung 




________________________________
Dari: "[email protected]" <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Terkirim: Ming, 28 Februari, 2010 06:23:49
Judul: BLS: [Urang Sunda] Pasipatanana Basa Sunda

  
Aduh,akang.. .. meni sae pisan.Panginteun akang mah mahir oge ngadameul syair 
basa sunda,abdi urang sunda tapi upami nyerat sareng nyariosna teu aya 
katiasa.pokokna mah hebatlah kanggo si akang....

Terkirim dari telepon Nokia saya
-----Pesan Asli-----
Dari: Gagak Bandung
Terkirim: 27-02-2010 20.44.20
Subjek: [Urang Sunda] Pasipatanana Basa Sunda

Pasipatanana  Basa Sunda
Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina leotanana  
mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis, malah leuwih hade 
meureun.
 
Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha kaendahanana 
jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa asing  teh 
didangdingkeun, kieu unina :
 
Basa  Sunda upami ditilik,
Dititenan pasipatanana,
Ebreh eces wandana teh,
 Pangadeg nu sampulur,
Alus laur sinareng ginding,
Tur pohara gandangna,
Kewes mulus tangtung,
Cahayana ngagenyas  herang,
Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,
Gilapna lir permata.
 
Lir ciibun anu ngagarawing,
Nu maruntang dina dangdaunan,
Ngagarendang ting poncorong,
Cinyusu luhur gunung,
Anu muntang na cadas nawing,
Ana mangsana nyakclak,
Tina luhur gunung,
Kapireng sorana mencrang,
Guluyurna sora sari cai tarik,
Turun tina pagunungan.
 
Margaluyu sada cai tarik,
Anu nyorang tanah padataran,
Matak nyuat kana hate,
Husada ka nu Liwung,
Kadya mojang nu ngahariring,
Ana ninggang keur hegar,
Lir keureuleung angklung,
Pratengtang taya karingrang,
Ninggang sedih lumengis lir sora suling,
Sipatna basa Sunda.
 
Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.
 
Baktos abdi
Gagak Hideung.

Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman ke 
Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger .yahoo.com/ invite/




      Yahoo! Toolbar kini dilengkapi Anti-Virus dan Anti-Adware gratis.
Download Yahoo! Toolbar sekarang.
http://id.toolbar.yahoo.com

Kirim email ke