--- On Thu, 3/4/10, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Silih Asih - Silih Asah - Silih Asuh
To: "kisunda" <[email protected]>
Date: Thursday, March 4, 2010, 9:44 AM







 



  


    
      
      
      Ieu teh ngan ukur 3 Kecap. Lain kecap cap Bango tapi kecap mangrupa Bagean
ti na kalimah tea. Tah lamun ieu bisa atawa mampu dilaksanakeun. Beu kacida 
hebatna.
Lain ngan UKUR di antara US wungkul tapi sagemblengna Rahayat Indonesia; Bangsa
Indonesia.

Lamun palasafah ieu bisa dilaksanakeun, wah PASTI NKRI teh subur ma'mur, panjang
punjung, pasir wukir loh jinawi.

Kira2na bisa henteu nya, Bangsa Indonesia ngalakukeun hal nu diluhur ?
Nu ditulis di na subject ? Kuring ham ham jeung Cangcaya.
Naon sababna ?
Tuh tempo we di Wakil Rahayat, silih sigeung teh KEUKEUH we dicecekel.
Susah mun batur senang; senang mun batur susah. Eta kaciri pisan.

Naon sababna ? Sababna mah geus JELAS Urang Indonesia geus nyekel paham
Materialisme "gede teuing"; geus teu MIKIRKEUN nasib nu sejen, masing ka dulur
sorangan oge, mun bisa
 mah sabobodo, sapipinter tea. Euweuh pisan hate ihlas teh.
Lamun kitu caranya, beu......... ..... jauh keneh atuh kana cita2 adil ma'mur 
teh.
Boa mah nepi ka KIAMAT oge sigana mah MOAL BISA. Lantaran ieu mah soal
PANIATAN. Nawaetuna lain hayang ngamajukeun NAGARA, tapi ngama'murkeun
diri pribadi ? Naha bisa disalahkeun ?

Teu bisa, lantaran ampir kabeh jelema nyekel faham MATERIALISME. Saha we nu 
BISA; kumaha we carana mah; HALAL HARAM ge dirumpak.

Akhirna kudu aya sabaraha jalma nu ngelehan ( saeutik pisan ); saha eta 
jelemana ?
Nya eta nu tawadhu; nu sufi. Eta teh tanda ngelehan maneh; atawa CEK faham
Materialisme mah, lain singsingna ngelehn maneh; tapi ELEH. LOSER.

Saenyana mah, aya bedana antara ELEH jeung ngelehan maneh teh. Naon cenah 
bedana ?

Ari ELEH mah, ngunek2 teu ihlas. Sedengkeun ari ngelehan maneh mah; ku sabab 
boga WISDOM tea ( punten WISDOM teu ditarjamahkeun; lantaran HESE neangan
 sasaruanana nu PAS kana eta kecap Basa INGGRIS teh ) ; nu bogta WISDOM, nyaho
yen manehna teu bisa atawa teu mampu ulubiung di na persaingan, lantaran loba
waluratna; lantaran utamana teu WASA CURANG. Terusna pasrah ka GUSTI NU MAHA 
Suci. 

Tah eta bedana antara ELEH ( LOSER ) jeung ngelehan maneh teh.

Jalma NKRI ayeuna Geus kitu ditambah deui, teu percaya ka BATUR; suudzon. Ieu 
nambahan deui kia na kateu ihlasan.

Nu matak pantes mun urang kudu loba istighfar oge. Da ngagugulung DUNYA mah, 
moal
aya tungtungna. Sieun bisa TEU DUNYA TEU AKHERAT. dibaidkeun pisan.

Mangga, mudah2an aya mangfaatna.

hesena silih asih, silih asih jeung asuh teh





      

    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke