--- On Mon, 3/8/10, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Heureuy Sunda ( Banyol ) To: [email protected] Date: Monday, March 8, 2010, 7:55 AM Hehehehe, atuh da ti barudak baheula keneh cawokah teh geus jadi babasan sapopoe US; geura ieu waktu keur ucing2an; kapan cenah : Cokcang Mayang tampele jagong hideung; bongan hayang dibere H....... hideung. Tah maneh ucing. Eta teh teu kiteum2 kawas biasa we ngomongna teh. Atuh maen panggal teu weleh aya laguna "nu Cawokah tea"; Bang abarangbang saunda lika, atumpak TUNGGIR tungtung gajleng. Atuh lalaguan keur MULAN jaman baheula : Mang Soyi gedong malati Riri Riri nyandung ka putra Dalem Tumenggung, Bandung Bandung tipung parongpong saunda endo, poho. Poho tadi lalajo teu mawa simbut, Butut. Butut betet kekempis munding kadempet COET. Coet EGANG ngaleyak anu KACANGAN, JEBRED Atuh sisindiran jaman baheula komo cawokah pisan : reundeu leuweung, saladah gede beungkeutna deuleu iyeung, Nyi Adah GEDE H...................... Atuh jaman sanggeus Merdeka : Bas bas kalima lima Gobas, Baskom wadah lemareun, reuneuh tujuh BULAN, lantaran DIKOMPA..................... Jadi mun disebut US cawokah teh, nya panteeees atuh. Hehehehehe.......................... Kapan di Bandung ayeuna; Ibu2 nu sok arisan ari NGAROBROL teh, nya nu KARITU;mani geeer geeer, nyarakakak. Eta teh Ibu ibu anomna. Kantenan atuh panginten bapa2na mah. Hahahahaha. --- On Mon, 3/8/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote: From: oman abdurahman <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Heureuy Sunda ( Banyol ) To: [email protected] Date: Monday, March 8, 2010, 6:42 AM Ceuk beja, salah sahiji kualitas heureuy Sunda nyaeta tara ngaeksplorasi kakurangan fisik. Upami ningal dina TV, dominan pisan heureuy atawa bobodoran anu ngaeksplorasi fisik. Hartina, anu boga rupa teu kasep, atawa gendut teuing, atawa begang teuing, atawa huntu bangir jsb, beak dikekeak dina banyolan anu ngaeksplorasi kakurangan fisik mah. Tah, ceuk beja, heureuy Sunda mah henteu ngagegedekeun hal eta atawa henteu ngajadikeun hal eta salaku dasar mekarkeun humor atawa babanyolan. Ngan, kakuranganana, heureuy Sunda nyakitu, rada ngaharib cawokah atawa hal-hal anu patula-patali jeung jorang. Naha otak Sunda aspirasina kadinya wae? atawa...leuwih jero deui...kana kaendahan ngan larapanana karek kulit? Duka teuing. Perkara madungdengkeun banyol (ngadamel buku rereongan warga milist, maksudna?), kungsi dilakonan ku warga milist urangsu...@yahoogro ups.com. Duka aya terusna duka henteu, asa tos lami teu kakuping. Anu jelas, tos lahir salah saurang ahli heureuy Sunda produk milist nyaeta kang Syam Ridwan.(bukuna tos dipedalkeun asana ku penerbit Kiblat Buku Utama-Kang Ajip). manar 2010/3/8 Adi Sundayana <ephi...@gmail. com> Maca banyol ki dulur (duka kangrai/kangraka Waluya) KATUKEUR saminggu katukang jadi hayang milu ilubiung.Nu jadi implengan unggal maca tulisan di forum Ki Sunda utamana nu ku basa Sunda teu weleh aya bae bungbu heureuyna.Kapan cenah mun urang geus bisa heureuy boh aktif boh pasif tandaning urang geus "dewasa". Atuh ku kituna urang Sunda mah meureun jadi masarakat anu"dewasa".Muga-muga. Leuwihna ti kitu heureuy Sunda tara togmol,loba nu dibungkus ku sindir-sampir tapi da pada-pada surti, ngarti naon nu dimaksud.Sigana ieu teh kaasup nu disebut "dry humour" tea sigana mah. Balik deui kana banyol "Katukeur" asa diingetan,sabab aya nu boga panyangka cenah heureuy Sunda mah loba nu sok harib-harib kana `cawokah`. Naha enya kitu...? Eta bae geura ari keur atri parasmanan di nu kariaan nu hareupeun pedah kasebut rada budak ka uing bari mamandapan.. .. " mangga atuh bapa ti payun...". Spontan uing nembalan saebrehan... " keun bae sok bae hidep heula... da ti payun ti pengker oge sami raosna...". Na ana ger teh nu gigireun sareuri, nu nyenghel bae aya. Surti... atawa...??? Kuha nya mun urang padungdungkeun "Banyol Sunda" teh? Cag. Ti pun Adi.

