kumaha salemba kang...??? sehat? hehehe simkuring tos ngalih ka Popojok kang
... ka DEPOK .. sabaraha minggu ka tukang sikuring Bitu Ban Motorna persis
dihareupun Masjid Arrahmah janten we nongrong di hareupeun imah didinya
pisan di POS gardu Mantan RW kuring RW 04 tea... bari ngobrol jeung
babaturan leutik nu jadi tukang OJEG didinya

2010/3/8 Maman Gantra <[email protected]>

>
>
> Baraya, kumaha daramang? Tilam sono sareng pangbaktos ka sadayana,
> nyanggakeun pangacaprukan sim kuring ngeunaan Engko Xuping.
> Baktos,
> MGT
>
> =================================
>
> Ren Xuping jeung Kelenci
>
>
>
> Kamari mah aya semah. Nyodorkeun buku ngeunaan budidaya kelenci. Kituna teh
> bari alewoh ngobrolkeun Asep Lembang jeung teuing saha, poho deui – urang
> Bantul. Pajarkeun teh maranehna sukses salaku patani kelenci.
>
> Demi ngadenge eta, kuring lain bae inget keur zaman budak, nu kungsi olab
> ngdaharan daging kalenci, tapi oge inget ka Ren Xuping – salah saurang
> pahlawan Partai Komunis Cina kiwari. Siga Kang Asep Lembang, pon urang
> Bantul tadi, Xuping oge kawentar alatan sukses ngabudidayakeun kelenci.
> Malah, alatan kuring teu pati wanoh ka Kang Asep oge ka urang Bantul tadi,
> -- oge bisa jadi alatan antebna propaganda urang Cina jeung sawatara LSM, --
> kuring leuwih reueus jeung helok ka Engko Xuping.
>
> Teu kitu kumaha, jalan hirup Xuping lain bae siga dongeng. Tapi, oge kungsi
> jadi headline di Wall Street Journal. Malah, cenah, di lingkungan ahli
> perkelencian mah Xuping teh dipihormat pisan. Alesannana? Nya alatan sukses
> jadi pangusaha kelenci tea, bari, kituna teh, kajununanna dina perkara
> kalenci tadi lain bae geus ngahasilkeun sawatara buku, nu sacara ilmiah bisa
> dipertanggungjawabkeun. Tapi, oge geus mekar jadi institusi pendidikan jeung
> industri peternakan jeung pakan. Hiji situs nyebutkeun, nepi ka taun 2002,
> aset pausahaan Xuping teu kurang ti 6 juta yuan – kurang leuwih 8 miliar.
> (?).
>
> Lahir jeung gede di Desa Yuanyang, Kacamatan Jinyuan, Kabupaten Dayi,
> Provinsi Sichuan, sakola Xuping teu leuwih ti SMP.  Gampaong diteguh, teu
> bisa sakola leuwih undak teh alatan kulawarga manehna kaasup kulawarga
> masakat – lieuk euweuh ragap taya tea. Hiji mangsa, taun 1980, mangsa
> manehna umur 13 taun, bapana mere Xuping 2 kelenci nu keur reuneuh. Xuping
> memang resep iinguan ti leuleutik.
>
> Dua bulan ti harita, Xuping geus bisa ngajual dalapan anak kelenci. Hargana
> teu leuwih ti Rp 80 rebu-an. Tayohna, ningali hasilna nu lumayan, keur
> ukuran budak lulusan SMP, bari euweuh pangabisa lian, Xuping beuki junun
> ngurus kelenci. Dua taun ti harita, di Jinyuan, manehna geus kawentar salaku
> juragan kelenci. Harita, dina tempo sataun, total panghasilan Xuping geus
> nepi ka Rp 300-an yuta – nitih Rp 25 yuta sabulan.
>
> Taun harita, 1982-1983, teu kurang ti Yang Rudai, nu harita jeneng
> Sekretaris Partai Komunis Sichuan, kiwari salah sahiji Wakil Ketua PKC, nu
> maksakeun maneh ngalongok usaha Xuping. Malah taun harita oge Xuping dileler
> salaku “Pamuda Tuladan” tingkat Provinsi. Ku pangdorong eta Xuping beuki
> “maceuh”. Sok komo sanggeus Deng Xiaoping, waktu Xuping dileler jadi “Pamuda
> Tuladan” tingkat nasional, ngaharewos langsung kana ceulina. “Urang lain
> hayang beunghar sosoranganan, tapi hayang sakabeh jalma ngilu beunghar,”
> kitu pangharewos Xioping ka Xuping.
>
> Pangrojong lulugu PKC teu eureun ku harewos jeung nepakan taktak. Tapi, oge
> nyakolakeun Xuping. Disebutkeun, taun-taun harita, 1982-1985, Xuping remen
> ngilu sarupaning pelatihan jeung konsultasi ngeunaan prak-prakan ngingu
> kelenci. Boh nu diayakeun ku LIPI-na Cina boh nu diayakeun ku Universitas
> Tatanen Sichuan. Kaharti mun kajunun jeung katawakalan Xuping mere hasil nu
> mucekil. Da, dibarung ku kaweruh nu sipatna ilmiah jeung teknologi.
>
> Usaha Xuping lain bae narik perhatian Partai Komunis. Tapi, LSM Heifer
> International, nu puseurna di lembur manten Presiden Clinton, Litle Rock,
> Amerika. Ti LSM ieu, taun 1985, Xuping meunang hibah 48 kalenci unggul keur
> bibit di peternakannana.
>
> Teu munasabah. Ku alatan usahana eta, Xuping lain bae bisa ngaronjatkeun
> karaharjaan diri jeung kulawargana. Tapi, oge tatangga-tatanggana. Malah,
> rahayat Cina ti wewengkon lian ge ngilu karonjatkeun rezekina. Disebutkeun,
> mitra sakaligus murid Xuping dina perkara kalenci ieu teu kurang ti 300 rewu
> jelema. Maranehna datang ti mana mendi, ti saantero Cina. Teu aneh, mun
> Xuping bisa nga-ekspor kelenci ka Nepal, India, jeung Korea Kaler.
>
> Keur urang, nu hirup di hiji masrakat nu didominasi ku watek centil jeung
> pupujieun -- leuwih nganggap kalenci salaku cocoan manan sumber protein
> hewani nu kadar kolesterolna handap -- naon nu dilakukeun Xuping teh matak
> helok. Kadar tina kelenci?
>
> Lian ti miara kalenci – tangtu bae dina skala peternakan atawa skala
> industri – Xuping oge boga usaha pabrik daging olahan kalenci, jeung usaha
> peternakan embe jeung manuk japati. Lian ti eta, Xuping oge boga sakola
> Diklat Kelinci Xuping-Sichuan. Murid-murid nu sarakola, bari gawe,  di ieu
> diklat mangpirang-pirang umur jeung pakasaban. Mimiti ti budak nu karek
> garing lehona, 12-an taun, nepi ka aki-aki umur 70 taun. Ti mimiti rumaja
> putus sakola nepi ka pangsiunan, mahasiswa, karuhan pagawe negeri, jeung
> kader PKC mah.
>
> Mun noong naon nu diprakkeun ku Kang Asep Lembang, oge sawatara “aktivis”
> usaha kalenci, tayohna pola Xuping ieu – ayana sakola atawa diklat saencan
> prak jadi pengusaha kalenci – nu ditalurutan ku aranjeunna.  Sanajan, can
> nepi kana ngadegkeun pabrik (oge kampanye dahar daging kalenci, nu can umum
> di masyarakat urang). Malah, salah sahiji organisasi ka-Islam-an di Bandung
> kungsi nerapkeun gaya Xuping ieu. Mun teu salah, salah sahiji proyek ieu
> organisasi teh di Pasir Jambu, Ciwidey. Siga Xuping, Kang Asep, oge
> organisasi ka-Islam-an tadi, yakin yen kelenci bisa jadi alternatif pikeun
> ngaronjatkeun karaharjaan jalma loba. Tangtu bae keur nu boga karep ancrub
> dina widang ieu.
>
>
>
> Gang Tengah, 20 Februari 2009
>
>
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke