2010/3/12 Irfan Ubaidilah <[email protected]>

>
>
> punten ah.kuring rek tumanya, naha ari kupat,hususna rek lebaran nyieun
> kupat, eta kaasup kabudayaan (kuliner) urang (Indonesia)?
>
>
Naon pakaitna "kupat" jeung "udud".
Tapi kajeun ah, uing nyobaan noong kupat-kapit.

Jigana enya kupat teh khas Indonesia. Baheula di lembur, kamaheran nyieun
kupat teh sipatna "wajib" keur budak lalaki. Ngan duka teuing keur budak
awewe mah sunat atawa wajib. Mun budak lalaki teu bisa nieun kupat, sok
disingsieunan, enge lamun paeh cenah kudu daek ngagotong hiji barang nu
kacida badagna. Kulantaran kitu, nya kapaksa sok diajar nieun kupat, oge nu
sejenna.

Kupat keur urang Sunda baheula, lain wae dijieun keur usum lebaran, tapi
jadi salah sahiji kadaharan nu wajib aya dina acara ritual sejenna. Jiga
usum sidekah Mulud, Rewah, oge Rayagung. Kitu deui mun aya salametan rek
ngadegkeun imah, kupat, leupeut jeung dupi alias tangtang angin tea, wajib
aya.

-mh-

Kirim email ke