Leres pisan eta teh bah.
Anggeus mah meureun sarua maknana jeung TARTIB (ngalakonan hiji pagawean tur
numutkeun aturan jeung mekanismena)
Tah lamun enggeus mah meureun pagawean anu asal asalan bin padu tea meureun
nya Bah>



2010/3/12, oman abdurahman <[email protected]>:
>
>
>
> Baraya,
>
> Tadi teh abah Surya dina acara "saresehan kepedulian bersama terhadap
> bencana di Jawa Barat" aya ngadugikeun dua kecap anu meh sarua: "enggeus"
> jeung anggeus". "Mun digawe kudu nepi ka anggeus, ulah asal enggeus", saur
> abah.
>
> Tangtu baraya sadaya geus bisa ngarampa, naon bedana antara "enggeus" jeung
> "anggeus". Kitu pisan, ari "enggeus" mah nuduhkeun pagawean atawa lakulampah
> anu parantos dilakonan, tapi can tangtu beres. Sedengkeun ari "anggeus" mah
> nuduhkeun pagawean anu tos dilakonan tur "beres", "sapuratina", "tamat",
> "junun", atawa "sampurna" tea.
>
> Lamun dina basa gaul Batawi mah "enggeus" eta nuduhkeun "udah" atawa
> "udahan" (tina bhs Indonesia: "sudah") anu bari can tangtu rengse. Anapon
> "anggeus" eta nuduhkeun "selesai dengan baik".
>
> Mangga bilih aya anu bade nambihan pedaran. Oge, bilih aya anu mendakan dua
> kecap anu padeukeut ucapanana, tapi beda jauh harti atawa maksudna, mangga
> asorkeun wae ka milist, tangtu pada muru.
>
> manar
>
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke