Aya deui, geus rada lila jigana 2 bulan katukang. HP babaturan aya nu
nyokot. Keur dahar di hiji restoran fastfood lobaan harita teh aya 7 urangna
sameja teh. Balik ti kantor hayang nongkrong heula bari ngilikan kaendahan
dunya (awewe tea). Harita di meja teh tinggal 2-an. Aya 2 lalaki anu keur
pasea di tukangeun meja sikuring teh. Nya kangaranan urang timur pan sok di
perhatikeun. HP babturan teh di tunda di luhureun meja. Teu kungsi lila eta
lalaki teh kaluar ti jero restoran. sikuring oge rada kasepak suku teh da
leumpangna meni ngagidig bari jeung ngocoblak. Barang geus rengse, sikuring
jeung babturan kuniang rek balik. ari babturan nyerengeh ka sikuring bari
namprakeun leungeun katuhuna. Ah sikuring teh teu malire.
Sini Hape gw! pok na teh.
sikuring kaget....gening hape anu tadi di teundeun di luhureun meja teh geus
lengit.

Ti dinya sikuring kakara nyadar, meureun tadi di cokot ku jelema nu pasea.
Kahade ka ki dulur sadaya, ulah sok neundeun hape dina meja mun keur dahar
di restoran nu rame.

salam
jangdede



2010/3/12, mang jamal <[email protected]>:
>
>
>
>
> Ati-ati ka baraya nu make angkot. Aya modus anyar nyopet hp. Mun aya
> panumpang (sababaraha urang), teu mati merhatikeun tadi teh. Terus 
> ngabagi-bagi
> brosur fotokopian pengobatan tradisional/alternatif,
>
> Terus rasa maksa menta dibaca, terus mraktekeun mencetan suku atawa
> leungeun.
>
> Terus maranehna turun.
>
> Mangga rampa saku atawa tempat hp. Hahaha.
>
> Bb si kuring ngalayang we. Hehe
>
> 
>

Kirim email ke