Assalamu'alaikum
Simkuring mah leuwih kana prinsip kaadilan wae, ari anu Syiah Rafidhah
meunang mosting naon wae, anu Salafy oge boga hak anu sarua, komo
mujtahid-mujtahid penting  Salafiah siga Ibnu Taimiyah, Ibnul Qoyyim
Al-Jauzi eujeung Syaikh Muhammad bin Abdul Wahab di gambarkeun sacara
negatif mah sarua eujeung ngagogoreng salah sahiji organisasi Islam besar di
Indonesia nyaeta Muhammadiyah. Lamun pihak anu di sebut “wahabi” tea
dilarang ngagogoreng Syiah nya Syiahna ulah mimitian ngagogoreng ulama-ulama
Salafiah atuh komo kumawani ngabentur-benturkeun sahabat eujeung sahabat
saperti kasus Mu’awiyah radiyallahu anhu eujeung Ali bin Abi Thalib
Karamallahu wajhah.

Ayeuna bayangkeun wae ari pihak Syiah bebas posting naon wae ka milis Urang
Sunda atawa milis Kisunda sedengkeun pihak Salafiah (Wahabi) dilarang,
meureun kumaha jadina pandangan urang Sunda anu sok noongan milis ieu?
Saolah-olah urang sunda teh sakabehna urang Syiah atawa sakabehna geuleuh ka
Muhammadiyah atawa Salafy, padahal Urang Sunda teh pan beda-beda aya anu NU,
aya anu Muhammadiyah, aya anu Salafy, aya anu Sufi, aya anu Syiah. Tah lamun
enya dilarang ti mimitina atuh urang Syiahna teu meunang posting-posting anu
ngajejeleh pihak sejen da Urang Sunda oge aya anu nyeri hate kusabab
manhajna dianggap sasar barijeung di fasilitasi ku milis urang sunda/kisunda
sorangan.

Lamun keur kaadilan mah sakabeh pihak kudu nahan diri pikeun ateul
ngagogoreng manhaj/firqoh/madzhab sejen anu beda ti dirina, lamun kitu mah
kuring sapuk. Tong aya deui pihak mana oge anu kumawani ngagogoreng ulama
mana wae oge komo para sahabat Rasul mah.
Secara pribadi simkuring menta dihampura ka sakabeh dulur di milis urang
sunda jeung milis kisunda bisi postingan simkuring jadi matak nyieun
harengheng. Mosting kitu soteh ieu mah keur pembelaan kana postingan anu
sepihak ti firqoh/manhaj/madzhab anu sejen bari teu ngaragap angen urang
Sunda anu beda ti manehna
Wassalamu'alaikum
Tisna


2010/3/15 jangdede <[email protected]>

>
>
> Tah eta meureun anu jadi salasarebuna MJ teu panuju teh. kualatan aya kecap
> AWAS. Meureun di topik lain keur ngabahas kecap WAAS. Hahaahah...teu
> nyambung gening!
>
> 2010/3/15 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>
>>
>> meureun kedahna mah teu kedah ngangge kecap samodel "awas", dina adu
>> argumen mah kecap samodel kitu teh tiasa janten 'pamali', jeung
>> satiasa-tiasa ngangge basa sunda :)
>>
>>  2010/3/15 jangdede <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>>
>>> meureun kuduna eta argumen teh di japrikeun we ka simanehna nu ngajejeleh
>>> ka Syaikh Muhammad bin Abdul Wahab. Ari pamadegan sikuringmah kitu sangkan
>>> ayem ieu milis teh. Alus sabenernamah eta argumen teh mun dialungkeun ka
>>> milis ieu, tapi jiganamah leuwih alus di tujukeun ka khususon nu ngajejeleh.
>>>
>>> nuhun
>>> jangdede
>>> 2010/3/15 sutisna abdulhamid <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>
>>>> Punten Mang Jamal, simkuring teu aya maksud nyieun kaributan di milis
>>>> urang sunda sareng kisunda, ngan simkuring teu bisa narima aya
>>>> postingan-postingan anu ngajejeleh Syaikh Muhammad bin Abdul Wahab padahal
>>>> anjeunna teh tokoh disatukangeun Muhammadiyah sareng ulama-ulama tsiqoh
>>>> sapertos Imam Bonjol, Ahmad Dahlan sareng Buya Hamka.
>>>> Komo barijeung aya postingan anu ngajejeleh para sahabat Rasulullah
>>>> sholallahu alaihi wassalam, biasana anu hobi ngagogoreng para sahabat Rasul
>>>> teh kaum Syiah, da ari ngaku Ahlussunnah mah moal mungkin.
>>>>
>>>> Kusabab ari Ahlussunnah mah insyaAllah pernah maca atawa ngadangu hadits
>>>> ieu :
>>>>
>>>> *Nabi sholallahu alaihi wassalam bersabda,* “Sebaik-baik manusia adalah
>>>> abadku kemudian orangorang sesudah mereka kemudian orang-orang sesudah
>>>> mereka.” (HR. Al-Bukhari dan Muslim)
>>>>
>>>> *Nabi sholallahu alaihi wassalam bersabda, *“Jangan mencela sahabatku,
>>>> demi dzat yang jiwaku berada di tangan-Nya, seandainya salah seorang dari
>>>> kalian menginfakkan emas seperti gunung Uhud maka ia tetap tidak menandingi
>>>> satu mud bahkan setengahnya yang diinfakkan oleh salah seorang dari 
>>>> mereka.”
>>>> (HR. Al-Bukhari dan Muslim).
>>>>
>>>> Kira-kira aya teu jalma anu langkung utamana dina kaimanan, kasalehan
>>>> sareng kafaqihan dina perkawis agama ngaleuwihan para sahabat radiyallahu
>>>> anhum??? lamun aya anu nyebutkeun aya jalma anu leuwih utama ti para
>>>> sahabat berarti henteu percaya kana sabda Rasulullah sholallahu alaihi
>>>> wassalam, kaum muslimin anu teu percaya kana ucapan Rasulna sorangan eta
>>>> disebutna jalma naon??? lamun teu kufur oge meureun geus pasti sasarna.
>>>> Wallahu a'lam
>>>>
>>>>
>>>> Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh,
>>>> Tisna
>>>>
>>>> **
>>>> 2010/3/15 jangdede <[email protected]>
>>>>
>>> ,___
>>>
>>
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>>
>  
>

Kirim email ke