mraktekkeun sorangan - salira - nyalira
Kuring sorangan, nempo jelas pisan yen manehna geus nampa duit
sajuta..............
Ajengan nyalira nu ngawartoskeun hal eta ka abdi teh.................
Dupi salira, dimana linggih teh ?
kuring mah di Cirebon, ari bapa ti mana asal ?
Abdi mah urang kampung, ti Rancak, ti jalan ge tebih keneh
abdi sorangan nu geus mindahkeun eta batu teh.................
Eta batu teh dialihkeun ku pun bapa; nyalira we teu aya nu ngabantuan
Abdi mah sorangan we neda teh, da sadaya nu di rorompok nuju ka Mall.
Kuring indit ka Jakarta kamari, nyorangan we................
Kade upami nyebat abdi NYALIRA; sacara palenggeran UUBS lepat.
Lantaran NGALEMESKEUN diri pribadi.
Da lemes mah keur ka batur, sanes kanggo urang.
Kitu tah, manawi bahan katampi