Ieu gaduh peperinian pakeman basa, bilih aya nu meryogikeun mangga nyanggakeu
 
Pakeman Basa ( Idiom )
Pakeman basa mangrupa wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu 
dikandungna henteu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa 
atawa harti nu dikandung ku unsur2 pangwangunna .
Pakeman basa dina basa kostana disebut idiom, asalna tina basa Yunani 
idios hartina has, mandiri, husus atawa pribadi.
Pakeman basa teh lahir ku ayana rupa2 cara enggoning nyebut atawa mere ngaran 
kana sagala rupana nu kanyahoan ku urang (katenjo, kadenge, kaambeu, karasa 
jeung kapikir). Cara2na mere ngaran (sesebutan) teh bisa nurutkeun tiruan sora, 
sasaruaan, bahan, tempat asalna, nu nyieunna, nu nimuna, sipatna, sabagian 
anggapan jeung lian ti eta.
Wanda Pakeman Basa.
Anu kaasup kana pakeman basa teh, diantarana ditetelakeun ieu dihandap :
1. Babasan, nyaeta ungkara winangun kecap (kantetan) atawa frasa anu 
susunanana  geus matok tur ngandung harti injeuman. Contona : ngaburuy, ceuli 
lentaheun, panjang tangan
2. Paribasa, nyaeta ungkara winangun kalimah atawa klausa  nu kekecapan katut 
susunanana geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan 
atawa siloka lakuning hirup manusa.
Contona : Anjing ngagogogan kalong ; Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak.
3.  Gaya Basa, nyaeta rakitan basa anu dipake sangkan nimbulkeun pangaruh anu 
leleb ka nu maca atawa ngaregepkeun.Gaya basa  teh mun dipake estu jadi mamanis 
basa, tetela maksudna, teleb karasana jeung alus iketanana. 
Contona : Tuang putra teh kirang pisan dina matematikana.
4.  Caturangga, nyaeta pakeman anu netelakeun tanda2 kuda, hade henteuna pikeun 
diingu.
Contona : Buaya ngansar.
5.  Cacandran, nyaeta panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun.
Contona: Bandung heurin ku tangtung
6.  Uga, nyaeta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting, babakuna 
parobahan kaayaan nagara/daerah. Geus nepi ka ugana ngandung harti geus nepi ka 
waktuna anu ditujum ku karuhun.
Contona : Pulau Jawa bakal kaereh ku kulit koneng lilana saumur jagong,
7.  Rakitan lantip, nyaeta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan make 
dadasar kalantipan.
Contona : Emh, bau nu ngagoreng tarasi. 
8.  Kecap kiasan, nyaeta kecap anu hartina dipapandekeun kana hartina kecap anu 
sejen
Contona : Si Eta mah teu kaop maju, sok gumede.

Hapunten bilih lepat, punten panglereskeun, upami kirang mangga tambihan

Hatur nuhun
Gagak Hideung 


      Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih 
cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. 
Dapatkan IE8 di sini! 
http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

Kirim email ke