Punten nambihan :
1. wanci panonpoe geus meletek : kakara tembong saeutik isuk2 di beulah wetan
2. wanci harieum beungeut : waktu sore kira2 tas sareupna, dina waktu eta anu 
katembong ngan wujud jelemana, sedengkeun beungeutna henteu sidik
3. wanci sareureuh kolot : kira2 tabuh 22.00 

Punten nyuhunkeun dijelaskeun :
1. wanci murag ciibun 
2. wanci ngampih laleur
3. wanci jempe gaang.

Hatur Nuhun
Gagak Hideung


________________________________
Dari: Gagak Bandung <[email protected]>
Kepada: [email protected]; [email protected]
Terkirim: Kam, 18 Maret, 2010 06:54:02
Judul: Bls: Bls: [kisunda] Wanci


Ieu mah kecap sesebutan waktu anu tos biasa :
1. poe ieu disebut ayeuna
2. poe nu geus kaliwat sapoe disebut kamari
3. poe sanggeus kamari disebut mangkukna
4. sapoe nu bakal datang disebut isukan
5. sapoe sanggeus isukan disebut pageto
6. sabada pageto disebut pageto amat ; tacan nganjang ka pageto : teu nyaho 
kana kajadian nu bakal datang
7. waktu nu cikeneh karandapan disebut bieu
8. waktu nu rada lila kaliwat disebut tadi
9. waktu nu geus lila kaliwat disebut bareto
10. waktu beh ditueun bareto disebut baheula
11. waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan disebut engke
12. waktu nu bakal datang (lila keneh) disebut jaga, isuk jaganing pageto

Ah ieu mah tamba ngalamun

Hapunten
Gagak Hideung
7. 




________________________________
Dari: Gagak Bandung <[email protected]>
Kepada: [email protected]; [email protected]
Terkirim: Kam, 18 Maret, 2010 06:34:13
Judul: Bls: [kisunda] Wanci


Nambihan :
1. wanci janari gede : kira2 tabuh 01.00 - 03.00 peuting
2. wanci janari leutik : kira2 tabuh 03.30 - 04.30
3. wanci balebat       : waktu pajar geus udat2 (sinar panonpoe) beulah wetan 
(kira2 tabuh 04.30)
4. wanci carangcang tihang : wanci liwat pajar,tetenjoan remeng2 keneh (kira2 
tabuh 04.30-05.00)
5. wanci haneut moyan : waktu sedeng ngeunah dipake moyan (kira2 tabuh 
07.30-08.30)
6. wanci rumangsang : waktu panonpoe geus mimiti karasa panas (kira2 tabuh 9.00)
7. wanci pecat sawed : waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna (kira2 
tabuh 10.00)
8. wanci manceran/lohor : waktu panonpoe luhureun sirah, tengah poe (tabuh 
12.00)
9. wanci lingsir ngulon : waktu panonpoe geus mimiti ngeser ka kulon (tabuh 
13.00)
10. wanci panonpoe satungtung : kira2 tabuh 15.00
11. wanci tunggang gunung : waktu panonpoe geus surup ayana dina luhureun 
gunung (kira2 16.00-17.00)
12. wanci sariak layung : waktu layung (sinar panonpoe) di langit katenjo 
beureum (kira2 tabuh 17.00-18.00)
13. wanci sareupna :  geus mimiti reup poek (kira2 tabuh 18.30)
14. wanci sareureuh budak : waktu budak leutik geus mimiti carapeeun tas 
hareureuy jeung dulurna (kara2 tabuh 20.00)
15. wanci tengah peuting : kira2 tabuh 24.00

Sesebutan waktu sejenna :
1. sakedet netra : (asalna sakedap netra) : kedep=kiceup,jadi sakedet netra 
hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
2. sakilat : nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, meh saharti jeung sakiceup 
diumpamakeun kana/lilana kilat anu ngaburinyay
3. sapanyeupahan : nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana, kira2 sarua lilana 
jeung anu keur nyeupah
4. sapangejoan : nuduhkeun waktu anu rada lila, kira2 sarua lilana jeung nu 
keur ngejo (nyangu)
5. saumur jagong : kira2 tilu bulan satengah
6. sataun landung : sataun leuwih
7. sawindu : dalapan taun
8. saabad : saratus taun

Punten ah mung ngiring ngaramekeun 

Gagak Hideung



________________________________
Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kam, 18 Maret, 2010 05:52:27
Judul: Re: [kisunda] Wanci

  
Nambihan wae ka nu tos aya:

- tengah poe sok disebut oge waktu panon poe manceran
- meletek panon poe = meletek srangenge
- memeh lingsir ngulon asana aya lingsir panon poe
- sareupna, antara / atawa sarua jeung burit / harieum beungeut?

manar


2010/3/18 dudi_ss <dudi...@yahoo. com>

  
>asana mah wanci AM: 
>1. Janari leutik (samemeh Janari atau waktu mapag Janari)
>2. Janari (teu aya Janari gede, cukup disebut Janari wungkul : waktu saur ari 
>rek puasa)
>3. Balebat (sigana sarua jeung fajar sidiq)
>4. Carangcang tihang
>5. Isuk/ meletek panon poe ( Nol darajat)
>6. Haneut Moyan
>7. Pecat Sawed (45 darajat)
>8. Tangah poe/ mancer ( 90 darajat)
> 
>sugan kitu ge, cag ah.
>wassalam
>
>
>----- Original Message ----- 
>>From: Lingkung Lembur 
>>To: kisu...@yahoogroups .com 
>>Sent: Wednesday, March 17, 2010 12:10 PM
>>Subject: [kisunda] Wanci
>>
>>  
>>Mengutip dari kang Irfan Anshory: 
>>Urang Sunda jaman "baheula" sudah membagi waktu dari tengah malam sampai 
>>tengah hari menjadi 10 wanci: 
>>1. Janari gede;
>>2. Janari leutik;
>>3. Kongkorongok hayam;
>>4. Balebat;
>>5. Carangcang tihang;
>>6. Murag ciibun;
>>7. Haneut moyan;
>>8. Rumangsang;
>>9. Pecat sawed;
>>10. Tengah poe.
>>
>>Berikut untuk 10 pembagian waktu dari tengah hari sampai ke tengah malamnya: 
>>1. Lingsir ngulon; 
>>2. Tunggang gunung; 
>>3. Ngampih laleur; 
>>4. Sariak layung; 
>>5. Burit; 
>>6. Harieum beungeut; 
>>7. Jempe gaang; 
>>8. Sareureuh budak; 
>>9. Sareureuh kolot; 
>>10. Tengah peuting.
>>
>>Baktos,
>>AGGI Sukmawan
>> 
>>


 
 
________________________________
Yahoo! Mail Kini Lebih Cepat dan Lebih Bersih. Rasakan bedanya sekarang!
________________________________
Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
br> Cepat sebelum diambil orang lain!


      
___________________________________________________________________________
Dapatkan nama yang Anda sukai!
Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com.
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke