kang hendi, eta nu nganggit (eh bener teu nya istilahna?) pupuh di handap saha nya? jadi panasaran. sareng tiasa teu abdi nyuhunkeun nu sanes potonganna?
nuhun... 2010/3/19 hendi suhendar <[email protected]> > > > Ngiringan ahh.. > Aya ku bingung sim kuring ka jalma anu nyekel islam anyeuna atawa sim > kuringna kitu anu belet, masih keneh lieur ku golongan2. Ari sugan teh ngan > ukur organisasi, ari sihoreng serius? majarkeun teh golongan nana anu bakal > asup ka surga...haarr aya kitu di surga golongan2??.. duh.. > ..... > > Ieu minangka potongan warisan ti Karuhun, papatah anu diteundeun dina lagu > pupuh supaya teu kapanggih/dirampas ku Penjajah : > > ASMARANDANA > 1. Dicarios geuning nabi, > sadayana hanteu kaliwat, > awal akhir dicarios, > kumaha hal Nabi Muhammad, > teu kocap aya Kur’an, > nu ka anjeun miwuruk, > nu wuruk bangsa manusa. > > 2. Tapi naha Kanjeng Nabi, > bet sagala gé uninga, > boro-boro nu geus témbong, > sanajan anu teu acan, > nya di kiamat dunya, > anyeuna anggeus misaur, > yén bakal kitu jadina. > > 3. Padahal ceuk Kanjeng Nabi, > teu aya nu ngawartosan, > anging ku terbitna haté, > jol tiasa sasauran, > nyaurkeun saayana, > ayat-ayat nu kasebut, > nu aya salebet Kur’an. > > 4. Jadi ngandika Gusti, > bener teu anggo soara, > sumawona anggo hurup téh, > sabab ngandika Alloh, > kana Kur’an Nul Adimna, > kana Kodimna jeung Rosul, > nyaéta éta kana manahna. > > 5. Maparin caang kana ati, > ka Kanjeng Nabi Muhammad, > ngadak-ngadak Anjeuna téh, > bisa baé sagala térang, > sagala geus kauninga, > lahir batin geus ka maphum, > caang padang narawangan. > > 6. Tah kitu ngandika Gusti, > nu mantak hanteu ku saur, > sumawona maké hurup téh, > ngan cumah maparin caang, > kapan sidik caang taya, > hanteu soara hanteu hurup, > Kanjeng Rosululloh. > > 7. Sadayana jol harti, > téras disaurkeun pisan, > ka sahabat opat téa, > nyaurna ku Basa Arab, > téras dicatet ku Usman, > sasaur-saur Jeng Rosul, > nya jadi kitab sakur’an. > > 8. Hawana Kur’an Nul Majid, > meunang nurun tina Kur’an, > Kur’an Nul Adim téh, > nu teu hurup teu sora, > jeung tulis teu papan, > hanteu arah enggon kitu, > tah kitu rai sababna. > > 9. Raina gumujeng manis, > mani rambang cai soca, > bakating tina ka hartos, > hanteu aya papadana, > tina kalangkung karasa, > geus sumurp kana Kolbu, > geus nyayang kana sumsuam. > > 10. Raina ngalahir deui, > rék naros rai ka engkang, > naha ari nabi sanés, > sapertos Jeng Nabi Isa, > midamel Injil téa, > éta téh pisanggem saha, > naha pangandika Alloh. > > 11. Tetep disebutna hadis, > pangandika anu anyar, > kapan Jeng Nabi Isa téh, > tunggal utusan Allah, > naha bet di béda-béda, > malah sumpingna ti payun, > saheulaeun nabi urang. > > 12. Ceuk rakana bener rai, > numantak hanteu disebat, > dalil pangandika Allah, > Injil Torét Jabur, > carioskeun geus ahirna. > > 13. Sanajan ayeuna pasti, > nu parantos kalakonan, > ku salira ayeuna téh hanteu sami saréng Kur’an, > kapan Kur’an mah eusina, > nyarioskeun wal-awalun, > nepi ka ahirna pisan. > > 14. Saha nu méré warti, > nanging ti Alloh ta’alla jadi anjeunana téh, > hanteu naros ti manusa, > sabab ti manusa mah mahal, > bisa nyaritakeun kitu, > kapan teu daya upaya. > > 15. Ngalahir deui kang rai, > nya nuhun Alhamdulillah, > aya kadar ngartos lantaran na ti engkang, > ayeuna mah moal samar, > sanajan saumur hirup, > moal patékadan. > > 16. Mung ayeuna aya deui, > badé tumaros ka Engkang, > margi rai tacan ngartos, > hal éta kitab nu opat, > hiji ngaran Toret téa, > ka duana kitab Jabur, > Kitab Injil katiluna. > > 17. Kaopatna Kur’an nami, > naon kanyataan nana, > dina sakujur téh, > kang rai hayang térang, > hakékatna téh di urang, > kitab hadis anu tilu, > dalilna mah Kur’an nyatana. > > 18. Ari sundana téh hadis, > nyaéta anu anyar téa, > dalil mah nu heubeul tangtos, > tah éta naon nyatana sadaya, > rai mah ku hoyong dumuk, > ulah mung ukur basa. > > KINANTI > 1. Rakana enggal ngawangsul, > kitu rai mun can harti, > pasal kitab anu opat, > kanyataan dina diri, > ayeuna baris di dadar, > geura dangukeun ku rai. > > 2. Mimiti Torét di catur, > sanyatana dina diri, > nyaéta pangdangu urang, > Jabur pangucap pribadi, > Injil paningal, > Kur’an mah pangangseu rai. > > 3. Sipatna napas geus tangtu, > sipatna hirup urang rai, > tah nyatana Kur’an, > nu disebut dalil, > anu tiheula ayana, > ti barang gurujag lahir. > > 4. Ari éta mah anu tilu, > nyaéta nu ngaran hadis, > anu pandeuri datangna, > pangdangu anu kahiji, > paningal saréng pangucap, > éta hanteu salah deui. > > 5. Meureun ku rai ka maphum, > keur waktu gurujag lahir, > tina kaluar ti biang, > panon teu awas ningali, > cepil teu awas ngadangu, > baham teu bisa wawarti. > > 6. napas mah geus jalan terus, > barang anggeus lami-lami, > saparantos barang tuang, > kalebétan aci-aci, > aci seuneu aci taneuh, > sinareng aci cai. > > 7. Bukti nu ngajentul, > katuangan rupi-rupi, > lami-lami éta soca, > bet bijil awasna geuning, > cepil ka luar danguna, > baham ogé bisa wawarti. > > 8. Kitu deui dina pupus, > anu pangheulana leumpang, > nya danguna jeung tingalna, > ucapna kitu deui, > nyaéta nu anyar téa, > napas mah anggeus bijil. > > 9. Numawi Kur’an disebut, > disebutkeun awal ahir, > awalna nu pangheulana, > pangahir-ahirna leumpang. > 10. Raina ngawalon nuhun, > leres mun kitu kaharti, > kanyataan tina badan, > éstu aénal yakin, > kahartos kabina-bina, > mo hilap saumur hirup. > > 11. Mung awon nu kapi unjuk, > aya deui nu can harti, > pasal tadi Gusti Alloh, > sipat Goniyul ceuk hadis, > hartina beunghar, > taya kabutuhna Gusti. > > 12. Naha engkang naha kitu, > Gusti Anu Maha Suci, > hanteu aya kabutuhna, > rakana ngawalon manis, > ceuk engkang pasti aya, > kabutuhna Maha Suci. > 13. Tapi kabutuhna Yang Agung, > teu butuheun kunu ngaji, > teu butuheun kunu ibadah, > kabéh kagungan Gusti, > teu butuheun ku alam > teu butuheun kunu muji. > 14. Raina lajeng ngawangsul, > atuh mun kitu mah Gusti, > hanteu kasebutna beunghar, > da mun aya kénéh pamrih, > eh engkang mah osok murtad, > naon kabutuhna Gusti. > 15. Rakana ngawalon Imut, > bener ceuk dalil téh tadi, > Alloh taya kabutuhna, > tapi engkang mah sok milih, > saréatna anu nyata, > nu karasa saréng bukti. > 16. Ceuk raina naon atuh, > kabutuh nu Suci, > rakana lajeng ngajawab, > ceuk anu bukti, > kabutuhna Gusti Allah, > hanteu seueur ngan sarupi. > 17. Ngan butuh na téh ku wujud, > teu ku naon-naon deui, > kapan buktina di dunya, > teu elat-elat nu bijil, > jalma pada aranakan, > tatangkalan nungtut jadi. > 18. Ting torojol ting pelentung, > ampir pinuh ieu bumi, > sato-sato aranakan, > najan seueur nu dipeuncit, > tapi teu kurang nu datang, > nandakeun butuhna Gusti. > 19. Rai mani ngagukguk, > seuri ngeunah bakat ngarti, > sidik pisan jeung buktina, > terus nyaur bari manis, > aduh sidik pisan > kasauran na téh bukti. > > __._,_. > _._,___ > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

