Leres eta teh Wa Abas, di kampung kuring oge kecap nyondong teh ngan dipake
ku kolot nu geus kolot pisan.
Bari jeung langka pisan eta kecap dipakena teh.

salam
jangdede


2010/3/16, Abbas Amin <abas_ami...@yahoo.com>:
>
>
>
>   Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli Sastra Sunda, NOLAK
> ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ?
>
> Atuh da jelas pisan AYA mah teu kasar teu garihal. Teu kudu dilemesan deui,
> jadi
> aya teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing saha wae. Keur saha wae.
> Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu nyebut nyondong, enggal ku
> ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa Nyondong.
>
> Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra Sunda teu NYAREK ka nu
> sok
> make ieu kecap. Nya paling ge hukumna keleuleuwihi, atawa BID'AH mun cek
> Agama
> mah. Lolobana nu marake ieu kecap nyondong teh urang kampung.
> Wallahualam asal usulna mah.
>
> 
>

Kirim email ke