Wilujeng enjing,

Ditingali statusna mah boh di milis [email protected]* kitu deui
milis [email protected] statusna unmoderate janten pami akang
ngintun henteu nyangkoyot heula teras wae lebet ka milis. Cobi diparios deui
bilih  masalahna dinu sanesna, sareng deui bilih rumaos ngintun email teras
teu embol-embol ka milis saena mah tiasa dijapri ka kuncen atanapi tiasa oge
ka kisunda-ow...@*yahoogroups.com <[email protected]>, urang
[email protected].*

**
*Baktos*
*ERN

*
2010/3/23 Didin Kustandi <[email protected]>

>
>
> Sanggeus sababaraha bulan boga akun di fb sarta dilongok unggal poe, uing
> sok ngabanding-banding antara fb jeung milis Ki Sunda / Urang Sunda.
> Kacindekanana fb leuwih pikaresepeun tibatan ieu milis. Alesanana :
> 1.  Di milis Ki Sunda / Urang Sunda uing ngalaman sababarakali tulisan uing
> diblokir.
> 2.  Mun tulisan nu meunang hese cape terus diblokir, pan matak nyeri kana
> hate.
> 3.  Nu ngablokir postingan tangtu salasaurang kuncen, duka teh teuing
> kuncen nu mana.
> 4.  Ngablokir teh ngablokir wae, teu make tata pasini, alias teu aya
> bewarana perkara naon sababna.
> 5.  Siga kumaha beubeungeutan nu nulis di milis lapur teu kanyahoan,
> padahal cupat teh penting.
> Tah ari di fb mah teu aya nu deleka kana tulisan batur teh, najan sakumaha
> teu resepna oge. Paling-paling "tutup pintu" sangkan eta tulisan teu asup
> kana akun urang, basana hampura tong datang deui, urang tutup lawang
> sigotaka. Klick ..... beres !
>
> Ku kituna, uing mo kungsi nulis deui di ieu milis, bongan geus kabuktian
> Urang Sunda mah leuwih resep deleka tibatan bebela, leuwih resep silih
> jebian tibatan silih tulungan. Teu kaop miboga pangawasa, sirikna jadi raja
> nu salawasna kudu disembah. Mun nyarita teu weleh asa aing nu pang nyahona,
> mun teu kitu mending nyumput di nu buni nepi ka teu kajeueung kalangkangna.
> Tah uing mah reh milih nyumput buni, sabab teu wasa nyarita bari asa
> pangnyahona.
>
> Neda hampura ka sadayana.
> Permios
>
>  
>

Kirim email ke