Kalam kasundaan no 41

*Kecap petingan Haji, kabuyutan, thawaf, nyusuk, kafir*

*I. Adeg-adeg*

Haji harti asal kecapna ngadeukeutan/ngadatangan/ngadeuheusan, ari kabuyutan
maksudna tempat suci. Jadi haji ka kabuyutan hartina
ngadeukeutan/ngadatangan tempat suci atawa ‘pilgrimage’, ‘journey to a holy
or special significance place’. Kongas nepikeun ka di bukukeun di filmkeun
di cina jaman dynasti Tang aya carita haji ka kulon…‘pilgrimage to the west’
nyokot kitab suci budha ku jalan leumpang/ngadeukeutan ka vulture’s peak di
rajgir India…. Cenah, di Indiana 13 taunan lilana, malah mah mun diitung
jeung dijalan bulak balikna mah nepikeun ka 17 tahunan (629-646M). Ari balik
Monyet ge (Sun Wu kong) manjing Budha ‘budhahood’.

Ari di Islam – nu jadi domain kecap- Haji ka kabuyutan (sok sering disebut
Haji mungkul /Al Hajj) … nya ngadatangan ka’bah (Mekah) jeung sabudeureuna
(Mina, Mudzalifah, arafah) ngan waktu didituna teu lila teu sing ukur
sababaraha poe. Baheula mah dijalan na mungkul nu lila, ayeuna mah bulak
balik teh ukur mimingguan. Ari balik saha wae oge disebut (digelaran) HAJI,
meureun supaya boga pangaji manjing Haji tuluy. Da ari hayang ngaran mungkul
mah teu kudu ka kabuyutan di mekah cukup indit ka pasar make kopeah/dikudung
tuluy siga rek balanja…salila dipasar moal burung disebut Haji oloeun tukang
dagang.

Dina babasaan di sunda sapopoe, kecap Haji ka Mekah jeung sabudeureunana
sering oge diganti ku kecap jarah (jarah hartina ngadatangan deuheus ka hiji
tempat sababaraha waktu terus balik deui). Jadi lamun aya nu rek Haji sok
nyarita na teh ‘nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana sim abdi bade jarah ka tanah
suci’ atawa ‘….bade jarah ka Mekah’. Ari kalolobaana kecap jarah dipake
pakeun pagawean ngadatangan maqom hal ieu teh sigana sabab di Masjidil haram
ka’bah aya maqom nyaeta maqom Sang Khalilulah Ibrahim as nu dicirian ku dua
tapak suku kawas dikabuyutan Sang Purnawarman jeung Rahyang Wastu kancana.

Tapi, jarang- malah asana mah can pernah manggihan- aya nu rek nohonan
ibadah haji ka Mekah nyarita, “nyuhunkeun pi’duana, abdi bade haji ka
kabuyutan (padahal ka’bah teh kabuyutan tempat/tanah suci); atawa sabalikna,
nu rek ngadeuheus ka kabuyutan nyarita..” nyuhunkeun pi’duana, abdi bade
Haji ka kabuyutan…(padahal ngadatangan teh haji)”. Dina ngomong na ge tangtu
loba nu nyalahkeun.

Naha??? padahal harti kecap mah sarua wae. Nu beda saukur nu hiji kecap
sunda nu hiji kecap arab. Tempatna nu hiji di sunda nu hiji di arab.
Diskriminasi gunana kecap ieu geus lila kapanggih sabab sikep urang sundana
sorangan nu sok nganggap leuwih bener/alus make kecap batur tinimbang
ngagunakeun kecap sorangan. Alesan ieu tangtu gampang disalahkeun –salah
sahijina –ku argumen yen beda soteh sabab beda realmna beda prakprakanana
beda tujuanana jeung utamana beda kayakinana/kapercayaanana.

Tapi,… naha enya kawas kitu sababna???? Yakin???

Tulisan ieu rek nyoba nganepikeun ngeunaan haji ka kabuyutan nu ditepikeun
di luhur bari ngawatesan maneh museur kana naon nu kapanggih di sunda jeung
di islam nu kaharti ku sunda.


*II. Kabuyutan di sunda jeung di Mekah*


Kabuyutan nu aya di Mekah, mimitina dicirian ku batu (wana hideung/hajar
aswad), wangunan mandala (pasagi/ka’bah) jeung Cinyusu (jam jam),…bangsa
Arab (turunan Semit) percaya pisan batu teh suci jeung ngabogaan
kakuatan/barokah nepikeun ka sok dicium saking ‘ngahurmatna’ sikep kieu teh
(nyium hajar aswad) tuluy diteruskeun nepi ka Islam ayeuna. Tangtu geus pada
nyaho kabuyutan di bakah ieu heubeul pisan ayana, malah ceuk beja Agama mah,
didamelna ngawitan ku Khalifatullah Adam as,…tuluy diadegkeun deui ku tedak
Ur Babylon nu ngababakan di mekah Sang Khalilullah Ibrahim as miwah Putrana
Isma-EL as. Bandingkeun jeung di sunda nu nurutkeun dulur ti kanekes mah
luluhur sunda teh sami buyut Adam : kabuyutan teh mangrupa mandala2 pasagi,
aya cainyusu2 jeung Batu2…urang sunda ge percaya batu boga kakuatan /barokah
contona sok dijadikeun lingga puseur mandala oge jadi batu
panayogean/pamangkonan.

Ngeunaan tempatna kabuyutan di mekah aya di hiji lengkob nu di kurilingan ku
sabaraha pasir nu ngahalangan pangaruh langsung sagara keusik, di sunda ge
kabuyutan teh sanajan aya di pasir tapi tara di puncakna pisan saukur di
mumunggangna jeung sok kaliung ku pasir-pasir sabudeureuna ngajaga pangaruh
langsung hawa ti luar.

Saatos jaman Islamna Sang Khalilullah ciri di Bakah teh nambahan ku ayana
Maqom Ibrahim nu ditandaan ku dua tapak suku; di kabuyutan sunda ge aya
tapak2 suku nu lumahingna,…. Tuluyna dijaman Islamna Sang Khataman Nabiyyin
nu ngangken milatul Ibrahim di sabudeureun kabah diadegkeun tempat
shalat-masjid al haram…kadieunakeun di sunda ge sarua,… dimasjidan (nu
panungtung ieu mah kaciri pisan pangaruh ti arabna (Islam-Muhammad).

Lobana wanda nu sarua kieu teh nepikeun ka sering ti babaheula keneh keur nu
resep susundaan sok ngadu renyomkeun saha atuh sunda teh saenyana, islam
henteuna sunda saencan islam Muhamad, mana nu heula islam teh di sunda atawa
di arab, jrrd. Komo sanggeus beja ti Prof. Arysio Santos sumebar mah
–Atlantis: The lost continent finally found – cenah atlantis teh ayana di
sunda (besar+kecil) beuki wae kahucuhkeun pakeun neangan jati diri. Sanajan
kitu, pakeun kapentingan ulikan kapribadian mah nu kitu teh lain hal nu kudu
digegedekeun katimbang teu pati guna sabab loba nu antukna saukur jadi
marebutkeun balung bari teu dihakan tuluy agul ku payung butut, nu leuwih
penting mah–nu dihanca ieu tulisan- kumaha ngahartikeun, ngarasakeun,
ngabuktikeun jeung makena warisan luluhur nu luhung tur mulya ieu teh
(luluhur hartina generasi saencan urang ayeuna) supaya hasil hese cape
aranjeuna -kalebet kanyaah asihna luluhur anu mulya Sang Rahmatan lil alamin
kapungkur teh- mantes di sunda ayeuna …sunda jadi pantes …sunda aya hargana
deui.



*III. Haji ka Kabuyutan di bakah*


Haji ka baitullah teh rukun Islam..pilar poko pakeun muslimin nu mampuh
migawena, Ieu haji teh wajibna dipigawe sakali Saumur hirup.

Sangges miqat, haji dipigawe ringkesna kawas kieu: ihram lillahita a’ala,
thawaf (ka hiji) 7x ngurilingan mandala ka’bah (mandala=ka’bah=pasagi)
dipasieup ku sa’I-; geus kitu, saencan migawe thawaf 7x nu kadua (al-ifadha)
jeung sa’i nu ka 2 migawe mabit (mina) wukuf (arafah) jumrah (mina) heula;
tuluy balik deui ka Mina (jumrah) karek we thawaf7x ka tilu nu panganggeusan
(wada) bari teu perlu sa’I deui. Terus balik..ninggalkeun kabuyutan.

Tawaf 7x salila haji nepi ka 3 balikan bari ti ka1-ka 2-ka 3 teh si jiwa nu
keur haji nambah ‘improve’ sab kapasieup ku hikmahna susah cape tapi wekelna
sa’I, nyaruakeun maneh jeung batur wuquf, maehan setan nafsu – jumrah,
mencit sato (tingali qurban dewek), can cukup keneh (ditingkatkeun deui)
maledog setan deui di mina, sageuy ari nista maja utama mah teu matri teu
tapakan. Singgetna, sacara proses thawaf ka hiji nyobaan ngalalanyah, tuluy
di update jiwana di ka 2, update deui memeh balik pigawe deui thawaf supaya
matri sakinah di baitullah.

Bijaksanana sang mursalin ngagelarkeun ajaran pangparatan hakekat, hartosna,
nuturkeun talapakan Ibrahim ieu teh di sareatan ku cara cara nu ninggang
kanyataan hakekat. Hakekat nu kudu jeung bisa kahontal ku masing masing
tangtung boh dikabuyutan boh sanggeus balik deui ka lemburna sewang sewangan
ka pakuwuan na sorangan mawa bekel pikeun wekel boga pangaji Haji di
kabuyutan.

Haji ka baitullah di mekah mah ngan sakali (wajibna) haji ka kabuyutan
sorangan mah Saumur umur saendeng endeng da deukeut mawa bari milu kababawa.

Kajadian thawaf teh ninggang hakekat kanyataan dina awak. Kieu geura:


*IV. Haji ka Kabuyutan di Tangtung *

Salian ti aya di Mekah baitullah teh aya di tiap jelema , nyatana, hatena
bisa jadi kabuyutan asal nepi ka pangkat mu’minin kongas “qalbu mu’minin
baitullah”.

Mu’minin hartina nu iman ari iman nyatana nur (sunda) nu dipasihkeun ku nu
maha hirup ka nu daek aslamtu (islam) nyatana sumerah pasrah ka mantena.
Iman mah rasul ge teu tiasa masihan komo guru resi ajar ustad kiai syech
jeung sajabana eta mah –iman- hak nu maha hirup mere jeung teu merena.

[Matak ulah gampang ngaku geus iman (mu’min) nurutan urang arab baduy… ..era
ku nu moncongok.
iman the ni’mat nu pangede gedena….ngaku mah cukup muslim (sabisana) weh
bari terus neneda sing kapasihan iman nur sunda nu maha suci. Can tangtu nu
geus ngaku muslim meunang iman jadi mu’min].

Ngan, sabab aya jangjina Ar Rahman nu Maha suci lamun enya enya aslamtu
bakal dipasihan iman nu mangrupi nur sunda rukun (islam)na kudu enya enya
dipigawe…..nyatana (nu ka lima) Haji ka kabuyutan deuheus ka baitullah.

Deuheus ka hate nu nyunda caang (qalbu mu’minin baitullah) bisana ku thawaf
museur keun maneh;

Pancegan ihramna, tuluy munajat: denge nu lain salian ti itikad hate teu
didenge, deuleu salian ti kana hate teu di deuleu ucap salian ti gerentes
itikad du’a hate teu diucapkeun ambeu dieuweuhkeun; dua mata teu dipake
neuleu dua liang irung teu dipake ngambekan dua liang ceuli teu di pake
ngadenge liang sungut teu engab 7 lawang kadunya nutup…mateni patang (opat)
perkara (pangdenge pangdeuleu pangangseu pangucap) angilo/ maca/ nimbang/
museur kana paesan tunggal… malikeun peta latipah ti talab ka qalbu
ngaliwatan ruh sir nafi kahfi akhfa, unggah alam ti insan nu kamil, ka ajsam
misal arwah wahidiyat wahdat ahadiyat di taratas disaliksik… ti amarah ka
salwiyah ka lawamah ka mutmainnah ka rodiyah ka mardiyah ka kamilah (thawaf
muter ngalawan putaran jam –malik malikeun deui alam nu kajamanan) make cai
caina kahuripan kajayaan kawedukan kinasihan darma menceger anjlog ka (ci)
paingan…

lamun kaffah museur buleud nya tangtung masagi tubadil, munggah haji, naek,
asup, ka alam sunda alam nur alam malak alam para hyang. Nyata geura naon nu
kapanggih waktu keur thawaf di baitullah di mekah SARUA jeung keur thawaf
kana/dina hate nu geus caang –kapasihan caaang ku nu maha suci,

waaaah maenya?....bener kitu?....mana buktina?.....

urang saeutik bukakeun sababaraha lalangsena:

*(bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)*

Kirim email ke