Kanu can apal, milis kusnet ieu gaduh yayasan, ngarana yayasan perceka. Salah dua program nu geus jalan nyaeta nyieun pabukon/perpustakaan komunitas di desa-desa tatar sunda (tapi banten can aya, can aya nu ngusulkeun). Daftarna aya di jero http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/files/PASAKA/
Sababaraha poe katukang, dina surat pembaca kompas jawa barat aya info ti toko buku gramedia merdeka bandung, yeh pihak gramedia baris ngayakeun program sumbangan ka pabukon/perpustakaan-perpustakaan. Nya ngirim e-mail, bari ngalampirkeun daftar pabukon. Sugan we salah lima tempat pabukon pasaka eta meunang sumbangan buku-buku. Tadi urang gramedia merdeka bdg nelpon menta datang. Nya ngobrol soal pabukon yp kusnet. Cenah salian ti pihak gramedia, oge rek ngayakeun program book drop, gramedia merdeka nyadiakeun kardus pikeun saha bae nu haat rek nyumbang buku bari dibere formulir ka tempat mana bukuna disumbangkeun. Mudah-mudahan pabukon nu ku urang dijieun kasimbeh buku-buku tambahan. Kamari ngirim tambahan koleksi ka pabukon lebak seti (asalna kacamatan cisurupan) ayeuna jadi di kacamatan sukaresmi garut, sigana pemekaran. Tos heula mj

