Baheula nu ngarana mayar pajeg salian ti mayar PBB aya oge nu disebut pancen, 
ilaharna pancen sok ditagih ku aparat desa, jugul atawa hansip, mayarna oge sok 
ku pare diitung numutkeun legana sawah atawa lahan. Salian ti eta aya oge pajeg 
radio jeung telepisi, diasrog ka unggal imah ku petugas pajeg nu harita mah sok 
disebut tukang pajeg. Mun ringkang ringkang aya jalma datang, make saragam 
sepe, ditopi jeung ngengelek kantong kulit, geus dipastikeun eta teh tukang 
pajeg. Mangkana mun aya jalma nu ciri cirina jiga kitu, radio keur disetel ge 
sok pes we dipaehan, nu tadina reang ku sora radio mun aya tukang pajeg datang, 
lir gaang katincak, jep we jempling. Aya kalana tukang pajeg sok nanyakeun ka 
unggal imah,rata rata sok ngajawab teu boga, boga ge cenah radio ruksak bari 
nembongkeun radio nu batu batrena geus dicoplokan heula, geus ngaliwat mah 
tukang pajegna, radio teh rareang deui atuh tukang pajeg teh bati dengdek we 
ceulina ngadedengekeun timana jebulna sora.Nu moal bisa dibohongan mah nu boga 
tipi, lantaran katingali anteneuna nyarengceling, tapi nyakitu sok pura pura 
ruksak. Heueuh eta mah gambaran jaman baheula, matak kitu ge meureun kasadarana 
masih kurang, duka mun ayeuna, da mun nu ngedul mayar pajeg sok disindiran kieu 
ku iklan "Apah kata Duniaaaaaa!"

Kiwari perkara pajeg keur haneut, lantaran aya oknum petugas pajeg cenah 
kongkalingkong jeung pat gulipat, nepikeun ka rekening pribadina oge berlipat, 
inisialna GT kitu cek beja. Gaungna bisa ngelehkeun kasus century malahan 
Jatiluhur leber ge nu ngabalukarkeun Karawang jeung sabudeureunan kabanjiran 
eleh sahengna ku kasus ieu. Komo kabejakeun yen GT kabur ka Singapur tambah 
saheng bae bejana. Mun lagu mah GT teh "Benci tapi Rindu" loba nu mika ceuceub 
lantaran kalakuanana, tapi loba oge nu miharep GT geura balik, meureun meh bisa 
ngahaleuang lagu "Katakan Sejujurnyah!" 

Balukar ti oknum petugas pajeg nu cenah korupsi,padahal salian tigajih oge 
dibere remunerasi, rahayat loba nu murukusunu malah dipesbuk mah aya nu ngajak 
boikot sagala. Kitu deui kuayana markus pajeg ieu, sabagian jalma loba nu 
suudon, teu kaop ningali jalan lalogak sok murukusunu pajarkeun paingan jalan 
loba nu ruksak da loba diselewengkeun.**SR**

Kirim email ke