Assalamu'alaikum wr wb

     Kahatur baraya anu aya di manca nagara, sim kuring seja ngabewarakeun 
mamanawian aya anu katarik kangge nambihan silaturrahiim papada urang sunda anu 
aya dimana wae, nyaeta di salah sawios grup di FaceBook, sanaos urang parantos 
kagungan situs nyalira, namung teu aya awon na upami urang ngagabung ka anu 
sanesna oge salami eta situs di angge kangge ajang silaturrahiim dina kasaean, 
demi nanjerkeun tali duduluran sareng nambihan wargi anu teu acal kenal samemeh 
na, ieu situs na 
http://www.facebook.com/home.php?#!/pages/SKKS-BUDAYA-SUNDA/321822212579?ref=ts 
, kangge ngamumule budaya sunda dina perihal naon bae, husus ka sesepuh2 
urang-sunda.com anu katingal ku sim kuring ti kapungkur jembar manah sareng  
luhung ku elmu kasundaan nana manawi kersa mairan sabagean elmu na di grup SKKS 
eta, anu tangtos di peryogikeun pisan , salajeng na mudah2an urang tiasa silih 
asah,asih, asuh dina eta grup , manawi katampi, hatur nuhun sateuacan na.

Wassalam
K Nata



      

Kirim email ke