Wa'alaikum salam wr wb.,

Haturan kang Roni, nyanggakeun salam pangwanoh oge ti sim kuring.
Alhamdulillah urang tiasa ditepangkeun sok sanajan "media" patepangna teh
ngalangkungan urusan bencana. Teu sawios nya, kang, eta anu disebat hikmah
rupina.

Saterasna, mugia kang Roni henteu alit manah, jalaran dina urusan bencana
mah teu aya jalmi alit, teu aya jalmi ageung, sadayana kenging pancen,
sadayana wajib dilibatkeun. Komo jalmi anu kasebat ageung model pangagung
atawa anu nuju pancen di birokrat (kajabi abdi, da abdi mah ageung teh
estuning sajalatrahna alias ageung lambutna wae, alias gendut tea) kedah
pisan ngaheuyeuk balad saha wae nu alitna nu ageungna sangkan sasarengan
enggoning ngungkulan masalah bencana.

Waleran kana patarosan salira ngeunaan naha ieu program teh parantos kenging
pangrojong ti pihak pupuhu pamarentahan Jabar, waleranana parantos. Kaping
12 Maret 2010 ieu program parantos dibuka sareng diresmikeun langsung ku
Gubernur Jabar dina forum terbatas di gedong sate. Malah harita gubernur
Jabar nyarios yen – kusabab alam Jabar teh langganan bencana – nya apalna
masyarakat Jabar kana rupa2 bencana jeung kumaha ngungkulenana kudu saperti
apalna umat Islam kana Al Fatihah bari jeung prak ngamalkeunana.



Kang Roni, usulan ti salira kacida saena, ku abdi dicatet boh dina ati
sanubari oge dina laptop sareng abdi janji ka diri pribadi bade ngadugikeun
usulan salira dina rapat saterasna perkara kebersamaan (gawe bareng)
enggoning mayunan ancaman bencana alam di Jabar ka payun.

Kang Roni, mataholangna usulan ti salira ku abdi bade disurahan deui sarupi
dadaran ieu: Usulan, kahiji, rupina ringkesanana kieu: dina perkara ngurus
masyarakat sareng lingkunganana tina ancaman bencana, urang kedah
ngagunakeun cara-cara/media anu keuna kana sasaran kalayan didugikeun ku
para tokoh masyarakat anu masih diajenan, utamana pupuhu pamarentahan
kalawan ragem. Diantawis cara/media nyaeta ngalangkungan radio sareng tv oge
media sanesna saperti: koran, majalah, sareng sanesna. Anapon anu tokoh anu
ngumumkeunana sakedahna dikawitan ku gubernur teras disusul ku tokoh-tokoh
atanapi inohong-inohong pamutan masyarakat sanesna. Rupina kitu, sanes?

Usulan kadua, ringkesanana kl kieu: gubernur sareng pupuhu pimpinan sanesna
di Jabar kudu mernahkeun jeung ngupayakeun dirina sagkan jadi salaku
"pamimpin adat" Jawa Barat anu sadaya panggerona ditumut harita keneh ku
para bawahanana. Usaha ieu kudu disusul ku prak ngayakeun panggero atawa
instruksi ka sakabeh aparat pamarentahan di Jabar sangkan ariatna dina
mayunan bencana bari nuduhkeun pihak atawa bahan mana wae anu jadi rujukan
pikeun ngurangan risiko jeung ngungkulan akibat bencana.

Kana sadaya usulan salira, abdi sapuk pisan. Tos waktuna ayeuna aya gerakan
model HANKAMRATA dina urusan bencana (tiasa wae gerakan na teh dinamian:
MINARATA, singkatan tina : Mitigasi Bencana Rakyat Semesta), anu diresmikeun
ku gubernur kalayan aya lajuninglakuna anu nyata. Gubernur umajak di forum
terbuka (radio, tv, koran) sangkan sakabeh rahayat Jabar ancrub miluan dina
ieu gerakan MINARATA kalayan didugikeun naon wae program2na. Program2-na ieu
nya anu disayogikeun diantarana ku kang Acil cs kalawan asupan ti para ahli
(boh ahli bencana atawa ahli "gerakan sosial budaya"). Malah dina urusan
komunikasi radio, tiasa digunakeun oge JRSP (jaringan radio suara petani,
kaleresan abdi gaduh data ieu JRSP) sareng rakom sanesna.

Cag heula kang, sanes kirang sono. Mugia kapayun ngawujud Jabar anu
leres-leres aya kapadulian kana bencana, tiasa nyegah korban anu seueur
alatan bencana, kumna: tiasa ngungkulan satiap kajadian bencana boh
samemehna, nalika derna, oge satutasna. Amin.

baktosna,

manar (oman abdurahman)


2010/4/5 Suarsa, Roni <[email protected]>

>
>
>
>
> AsSalamu’alaykum pa Oman, wilujeng enjing.
>
>
>
> Nepangkeun simkuring wasta Roni, kawit pituin urang Bandung (pasisian, di
> wewengkon Kopo Sayati)
>
> Ngaraos kataji ku ieu ugeran utamina kanggo ngaraharjakeun masarakat Jawa
> Barat dina enggoning mapaes diri mayunan sagalarupi kajantenan anu teu
> dipikaseja disakulawadet Jabar, mung punten da simkuring mah sanes sasaha,
> sareatna mung salah sahiji jiwa nu di angken di Jawa Barat (sahenteuna mung
> kacatet wungkul) anu ngaraos prihatin ku ceuyahna kajantenan demi kajantenan
> nu parantos mateni dulur-dulur salembur sareng baraya satatar.
>
>
>
> Simkuring kirang paos kumaha breh na pangajak ti inohong-inohong ieu,
> maksad simkuring teh naha ieu ugeran parantos kenging rojongan-rojongan ti
> pihak pupuhu pamarentahan atanapi nembe ugeran wungkul? Tapi pami ningal
> tina jejerna mah sapertosna parantos serieus panginten nya? Heuheu..punten
> ah.
>
>
>
> Ieumah kasauran simkuring anu teu hir teu walahir, teu gaduh kaahlian
> kaahlian acan, mung gaduh impenan we wungkul J, sosialisasi atanapi
> publikasi ngeunaan ancaman demi ancaman saena diuger sajalantrahna, pihak
> pupuhu jawabarat sing tiasa ngalobi unggal media utamina nu mangkuk di Jabar
> satiasa-tiasa masihan lolongkrang kanggo bewara khusus ngeunaan ieu ugeran.
>
> Di urang parantos ceuyah ku media telepisi daerah na, sok atuh pihak
> pemprov “ngawajibkeun” unggal setasion nyelang heula bewara disatengahing
> acara2 aranjeuna, kitu deui media cetak na boh koran boh majalah, upama ieu
> cumpon, panginten lulumayanan da ceuk nu kaalaman ku simkuringmah media2
> kieu teh estu rada sekeut nerapna ka kum na masarakat, urang ulah kawon ku
> iklan2 komersial anu geuning sok janten kacapangan sabiwir hiji di
> masarakat.
>
> Ceuk simkuring, ieu cara langkung sekeut manan nyebar2keun sarupaning
> pamflet atanapi baliho, nanging nyaeta duka da ieumah mung impenan simkuring
> wungkul.
>
>
>
> Nu kadua, pamarentah pusat Jabar (pemprov) ngawitan deui rada teges tur
> lugas marentahkeun ka pemda-pemda di wilayah Jabar kanggo ngagalakeun Jawa
> Barat nu beresih, berseka, berhiber tea, sing teges weh.. ngalangkungan
> parentah langsung.
>
> Geura, pama ti pihak kabupaten marentah ka kecamatan, laju ka desa, ti
> kades bewara ka para rt/rw supados soson-soson umajak ka masarakat kanggo
> nyusun dusun nu awut2an, nata desa nu acak2an, ngariksa wilayah nu ngalayah
> teu genah. Ke sabada laksana, jrut turun tah pupuhu Jabar teh ka unggal
> lengkob daerah Jawabarat kanggo ngariksa ‘kapatutan’, adumaniskeun sareng
> standard anu tos disusun sateuacanna, sapertos SNI lah heuheue…
>
> Ah nyaeta ieu ge mung wungkul impenan, nanging pama jujur mah simkuring tos
> sono apruk-aprukan ngababad eurih, awak lamokot ku leutak kolomberan sareng
> susukan, nu kaangseu ayeuna mung kantun waasna, nu kairong ayeuna teh mung
> ingfo caah sareng caah, eta di wewengkon simkuring ayeuna.
>
>
>
> Aeh, naha geuning tina upaya ngirangan bencana bet ngaprak kana
> panghijowan? Euh, punten pa Oman, simkuringmah mung ngartos dugika dinya, da
> saur pangangken nu ku simkuring ngertos mah, langkung asri patempatan, nya
> disagedengen ngungkulan bencana identitas (maenya Bandung nu katelah hejo
> janten hawuk) oge angkanan teh tiasa ngungkulan bencana saendeng2na.
>
>
>
> Sakitu we ti simkuring nu teu hir teu walahir tea, punten pisan pami
> seratan simkuring ngadon minuhan BW e-mail pa Oman.
>
> Hatur nuhun,
>
>
>
> Ti simkuring nu nuju bubuara di nagri para nabi,
>
>
>   ------------------------------
>  RONI RA SUARSA**
> OPERATOR, YEP PP WET END
> Saudi Yanbu Petrochemical Company
> A SABIC Affiliate
>  Yanbu Industrial City 41912
> Saudi Arabia
> T +966 (4) 321 4275
>  E [email protected]
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *oman abdurahman
> *Sent:* Sunday, April 04, 2010 6:33 PM
> *To:* [email protected]
> *Cc:* urang sunda; milis_tasik; [email protected]
> *Subject:* [Urang Sunda] [Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat] -
> 1 : Uar Pangajak
>
>
>
>
>
> Usaha Ngurangan Risiko Bencana di Jawa Barat [1] : Uar Pangajak
>
>
>
> Baraya, minangka laporan, pertanggungjawaban dina hal informasi, jeung
> amanah pajemuhan anu akhir kamari, 2 April 2010, si kuring ti simet ayeuna
> Insta Alloh sacara rutin seja ngirimkeun seratan ka milist ngeunaan  naon
> rupa gerak-lengkah boh di  Pamarentahan atawa di masyarakat anu aya
> patula-patali jeung ngurangan resiko bencana, khususna di Jawa Barat anu
> kamonitor ku si kuring.
>
>
>
> Sanggeus riungan di gedong Sate tgl 12 Maret 2010 ngeunaan bencana, geus
> aya 2 riungan minangka lajuninglakuna. Anu kahiji tgl 24 Maret 2010, eusina
> leuwih nyoko kana ngarautan hasil pajemuhan tgl 12 Maret 2010. Anu kadua,
> kamari, poe Juma’ah, 2 April 2010 kalayan diluluguan ku kang Acil Bimbo
> jeung anu boga hajatna nyaeta Pak Surono, Kepala Pusat Vulkanologi dan
> Mitigasi Bencana (Ka PVMBG), Badan Geologi, tempatna di kantor pak Surono
> kuanjeun (PVMBG). Naon anu seja ditepikeun dina ieu kasempetan taya lian ti
> hasil riungan 2 April 2010 jeung uar pangajak minangka eusi pang pentingna
> tina eta riungan.
>
>
>
> Tina riungan tgl 2 April 2010, sababara hal anu jadi kacindekan kl bisa
> diringkeskeun kieu:
>
>
>
> 1)   Jawa Barat teh jawara (pang mindengna) kajadian bencana sa Indonesia
> utamana  gempa bumi jeung longsor (gerakan tanah). Potensi gunung bitu oge
> gede (di Jawa Barat aya 7 gunungapi anu sawaktu-waktu bisa bitu, pang lobana
> sa Indonesia). Dina hal korban bencana, ti saprak kajadian tsunami Aceh
> (salaku pengecualian), Jawa Barat pang lobana korban (maot) alatan bencana
> (utamana kusabab bencana longsor). Kukituna, masyarakat Jawa Barat kudu
> sadar jeung ngabiasakeun hirup “babarengan” jeung (potensi) bencana nepi ka
> parigel dina nyanghareupan jeung ngungkulanana (kasauran Kang Acil dumasar
> budaya/naskah kuno, carita rakyat, uga; pamadegan pak Surono berdasarkan
> bukti-bukti elmu pangaweruh);
>
>
>
> 2)   Kang Acil yakin yen kajadian bencana ka hareup di Jabar tinimbang
> ngurangan balikta (bahkan) baris ningkat atawa nambahan. Kayakinan anjeunna
> dikuatan ku pa Surono ku bukti-bukti jeung data ti widang geologi (upamana
> wae: 1) Gunung Guntru geus lila istirahat, biasana, hiji gunungapi aktif anu
> geus lila istirahat nalika aktif terus bitu tanaga anu dikaluarkeunana –
> hartina : potensi bencanana – tambah badag; 2) pusat-pusat gempa di darat
> sapulo Jawa lolobana di Jabar; 3) Di tahun 2009, korban manusa akibat
> bencana lolobana di Jabar, jeung di taun 2010 nepi ka bulan Maret 2010 Jabar
> geus “jawara” deui wae dina nandangan korban akibat bencana (akibat bencana
> longsor); 4) potensi bencana banjir Jawa Barat oge gede (kasus kabanjiran di
> Karawang).
>
>
>
>       Perkiraan bencana ka hareup anu baris ningkat – lain nyingsieunan –
> tapi dumasar kerentanan masyarakat kana ancaman bencana di Jabar anu beuki
> ningkat alatan perilaku masyarakat anu teu sadar bencana jeung Pamarentahan
> anu teu acan soson-soson merhatikeun jeung ngayakeun tindakan dina ngurangan
> eta kerentanan.
>
>
>
> 3)   Kudu aya tindakan anu saenggalna. Kang Acil ngusulkeun sangkan samemeh
> Agustus 2010 (mangsa datangna bulan puasa laju disambung ku bulan
> September-Oktiber nepi ka Desember- mangsa datangna usum hujan) kudu geus
> bahan mangrupa media sosialisasi (buku, brosur, pamlet, leaflet, jst)
> bagikeuneun ka masyarakat, pakumbuhan-pakumbuhan utamana di daerah langganan
> bencana; LSM2 jeung kelompok sukarela widang bencana, guru-guru, jeung kumna
> anu seja ancrub dina perhatian kana bencan.
>
>
>
>       Eusining eta media teh diantarana: lengkah-lengkah praktis pikeun
> nganyahokeun tanda-tanda bencana, cara-cara ngabewarakeunana ka masyarakat
> jeung pihak-pihak anu pakait; peta atawa kar ngeunaan jalur-jalur evakuasi
> jeung naon wae anu kudu dibawa dina waktuna ngungsi; nama jeung alamat
> kelompok sukarelawan anu bisa dihubungan jeung kumaha cara ngahubunganana;
> standar kerja para relawan dina mangsa samemeh, nalika jeung sanggeus
> kajadian bencana, jst.
>
>
>
>       Mataholangna: media praktis pikeun mitigasi bencana sangkan
> masyarakat – ceuk istilah kang Acil – bisa ngurus dirina sorangan (patali
> jeung nyanghareupan ancaman bencana, nyegah kajadian bencana, atawa dina
> derna pisan kajadian bencana). Dina pedaran pak Surono, mitigasi bencana the
> dihartikeun salaku naon wae tindakan anu tujuanana pikeun ngurangan risiko
> bencana saleutik-leutikna (minimal: teu aya korban jiwa).
>
>
>
> 4)   Anu disebut risiko bencana teh nyaeta kamungkinan korban jiwa atawa
> kailangan harta benda alatan kajadian bencana. Satiap bencana diwangun ku
> ancaman bencana (bahaya) jeung kerentan kana eta ancaman. Tah, anu bisa
> ditarekahan ku manusa nya teu aya lian iwal ti ngurangan karentanan kana
> ancaman bencana. Target nyieun media sakumaha kasebut di luhur taya lian
> pikeun ngurangan kerentanan kana ancaman bencana dina raraga ngurangan
> risiko bencana. Mataholangna: sangkan nalika kajadian bencana henteu loba
> atawa henteu aya korban jiwa kalayan masyarakat anu pakait bisa ngurus
> dirina sorangan (henteu gumantung kumaha anu di luhur wae, henteu telat dina
> ngayakeun tindakan nyegah korban jiwa anu loba dina hiji kajadian bencana).
>
>
>
> 5)   Kang Acil, pak Surono, jeung sadaya anu hadir dina riungan 2 April
> 2010 umajak ka balarea – kalebet anggota ieu milist – sangkan aub sabisana,
> samampuna boh dina gerakan jangka pendek atawa usaha jangka panjang. Gerakan
> jangka pendek nya program nyieun jeung nepikeun media katerangan/ informasi
> praktis pikeun masyarakat dina raraga sasadiaan nyanghareupan bencana
> sangkan dina kajadiana bencana ka hareup teu aya korban manusa saurang oge.
> Usaha jangka panjang diantarana: pajemuhan-pajemuhan pikeun ngadiskusikeun
> rencana tindak dina raraga mitigasi bencana; nyieun lengkah-lengkah kreatif
> dina raraga ngurangan korban jiwa akibat bencana; ngawangun kasejahteraan
> masyarakat sangkat kerentanana kana ancaman bencana ngurangan, jst.
>
>
>
> Panggero ka sadayana:
>
> Mangga diantos pamairanana ti sadayana patali jeung kacindekan nomer 5 anu
> kasabut di luhur; atawa postingan ideu anyar/sejenna ngeunaan bencana jeung
> ngurangan korban akibat bencana di Jawa Barat, khususna, dina aspek naon wae
> anu dianggap penting (anu parigel dina facebook, mangga geura kawitan muka
> panggero gerakan 1.000.000 dukungan bagi mitigasi bencana di Jabar, misalna.
> Anu tiasa ngadamel poster, leaflet, jst mangga usulkeun kanggo midamelanana,
> bahanna ke tiasa dikirim ku tim kang Acil, jst.
>
> Emut, lain nyingsieunan, sakumaha kasauran kang Acil anu dikuatkan
> kamungkinana ku pak Suronon: yen kajadian bencana ka hareup tinimbang
> ngurangan, malahan baris nambahan, kaasup di Jabar alias Tatar Sunda tea.
>
> Cag heula.
>
> baktosna:
> manar
> PS:
> - hapunten, postingan anu ieu panjang pisan
> - ka baraya anu aya maksad ngilo bahan-bahan pajemuhan kamari, mangga japri
> wae sugan teu badag teuing memmory bahan kirimkeunana.
>
> 
>

<<[email protected]>>

Kirim email ke