Basa Libur Paskah minggu kamari, kabeneran aya nu nitah "ulin", jalan-jalan ka
Ulubelu Lampung. Ulubelu sok disebut-sebut dina Sajarah, kulantaran didinya
cenah kapanggih aya prasasti, nu huruf-hurufna make huruf Sunda Kuno. Tapi
kuring ngajujug kadinya lain rek tempa-tempo perkara prasasti, tapi dititah
"akar-ukur" sakeudeung, sabab di Ulubelu aya proyek rek nyieun Pembangkit
Listrik Geothermal (PLTP).

Saperti umumna daerah nu ngandung potensi geothermal, Ulubelu aya ditempat nu
luhur/ gunung, kurang leuwih 700-800 m ti beungeut laut. Jadi rada sarimbag
jeung Garut atawa Lembang., Ulubelu ayana di Lampung Kulon-kidul. Ti Bandar
Lampung kurang leuwih 3 Jam make jalan nu nuju ka Kota Agung-Bengkulu (sok
disebut-sebut Jalan Lintas Barat Sumatera). Kuring sorangan acan kungsi nyaba ka
daerah dinya, jadi memeh indit teh buku-buka heula google maps, ngan hanjakal ka
daerah dinya mah, geuning jalan-jalanna acan digambar, ukur foto satelitna
wungkul. Jadi malah tambah bingung.

Kuring indit ti Bandung make mobil sewaan. Kulantaran libur panjang, pamajikan
jeung si Bungsu hayang ngilu. Jadi weh indit teh limaan, kuring, pamajikan, si
Bungsu, si J bababturan jeung supir mobil sewaan. Si J jeung supir cenah kungsi
ngaliwat alan Lintas Barat Sumatera, waktu maranehna balik ti Bengkulu. Jadi
rada tenang, moal sasab meureun. Indit jam 8 isuk-isuk ti imah, langsung asup
jalan tol di panto tol Pasteur, geus kitu nyemprung terus, sabab Bandung-Merak
geus kahubung ku jalan tol, teu kudu kaluar heula ka jalan biasa. Ketang
reureuh heula di rest area, karunya ka supir bisi capeeun.

Ti Merak nyabrang ka Bakauheni, make kapal ferri nu aranna Mufidah. Asa rada
wawuh jeung aran ieu teh. Tatanya ka awak kapal, eh bener we kapal ferri ieu teh
bogana Jusuf Kalla nu istrina aranna Mufidah. Lah lamun kuring konglomerat mah,
kuring oge bakal meuli kapal diaranan aran pamjikan atawa aran si
Bungsu..hehehehe. Kapal lumayan pinuh ku kendaraan, maklum usum liburan. Tepika
Bakauheni jam 5 sore. Pamajikan jeung si Bungsu kaciri geus capeeun pisan. Ku
kuring ditawaran tong ngilu tepika Ulubelu, sare we di Bandar-Lampung. Ke Balik
disampeur deui.

Pamajikan satuju, tapi hayang sare dihotel "N", hiji hotel jaringan
internasional nu kakara buka di Bandar Lampung. Pasti korting da kakara buka,
omongna teh. Ceuk kuring teh korting ge tetep we mahal, keur naon pira oge sare
sapeuting, lebar duit. Pamajikan keukeuh, kalahka ninitah muka internet dina HP,
nempo harga kamar hotel N. Nya kapaksa ditingalian, eh bener ...teu pati mahal.
Kuring kapaksa nyatujuan bari nitah ka Pamajikan sina nelepon pesen kamar. Jawab
ti hotel teh, poe ieu jeung isuk mah pinuh, cenah. Plong weh ...teu jadi
ngaluarkeun duit satengah juta, ngan pamajikan jadi kuraweud haseum. Kuring
ngupahan, engke mondokna di hotel di puseur kota wae, ngarah babari ari hayang
balanja. Cekeng teh, dipuseur kota oge, loba nu siga hotel N mah, ngan rada
sahandapeun, beda 200-300 rewu ...hehehe

Tepi ka Bandar-Lampung geus poek. Waktu neangan hotel di puseur kota ( Jalan
Raden Intan), sasab, kukurilingan. Sanajan dina Google Map peta Bandar Lampung
kumplit jeung aran jalan-jalanna, tapi Google Map dina HP alon pisan, ari geus
sasab, kakara petana mucunghul dina layar. Tapi akhirna kapanggih oge jalan
Raden Intan. Didinya ngaderet panginepan. Ngan nyaeta geuning pararinuh, untung
manggih di hotel Kurnia, aya kamar nu geus dipesen, tapi dibatalkeun. Nya
pamajikan jeung si Bungsu teh nginep didinya. Lumayan fasilitas kamarna mah,
ngan rohanganana laleutik jeung cai dina showerna nyerelek leutik. Ah maklum we 
da taripna teu mahal.

Sanggeus mernahkeun pamajikan jeung si Bungsi mondok, kuring jeung babaturan
neruskeun perjalanan deui ka Ulubelu. Rada wegah sabenerna mah, sabab 3 jam deui
perjalanan jaba geus peuting jeung teu kabayang diditu teh rek mondok dimana.
Kabeneran urang pausahaan nu nitah kuring indit ka Ulubelu nelepon, geus tepi
kamana, cenah. Waktu dibejakeun masih di Bandar Lampung, manehna nyarankeun ulah
langsung ka Ulubelu, peuting teuing, tapi mondok we di Gisting, hiji kota leutik
deukeut Ulubelu, isuk wae ka Ulubelu mah, da ngan sajam deui perjalananana.

Ke disambung deui lamun keyeng .....

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke