Hade pisan ieu teh Mj,

Ngandelan pangajak Mj, hayu ka sing saha wae anu aya waktu luang jeung
rezeki luang oge (moal sabaraha asana mah ari keu meser buku mah), keur
pareng ka Gramedia balanja buku, ulah hilap ngagaleuh buku. -  buku naon wae
dina basa Indonesia jeung basa Sunda (basa Inggris oge meunang meureun nya)
asal anu ngandung eusi atika (atika naon wae anu hade) - hiji dua mah keur
ngeusian kotak pabukon anu geus disadiakeun ku Mj di toko Gramedia (ieu teh
di satiap toko Gramedia di Bandung jeung Jakarta? atawa toko Gramedia anu
khusus wae? Cikan katerangan rada jentrena diantos).

Ngeunaan buku kintunkeuneun ka Garut, mangga, abdi ngiringan. Enya hade
dikirim via paket pos wae ameh teu renced.

Bagja kacida jalma anu minterkeun jeung mere kasempetan ka nu lian sangkan
pinter atawa nambahan pangaweruh.

manar

2010/4/9 mj <[email protected]>

>
>
>
> Ka baraya urang bandung atawa nu wik-end di bandung, bilih haat atawa bade
> mantuan program pabukons-program nyumbang buku kanggo pabukon di desa-desa
> tatar sunda (utamana jawa barat), mangga tiasa kucara gampang, sakalian
> jalan-jalan.
>
> Di toko buku gramedia lantai 2 (gigireun kasir) aya dus bin kotak  kanggo
> wadah ka sing saha bae nu bade nyumbang buku. Timana bukuna, nya nu
> gampang mah meser we di toko buku gramedia eta. Di sisi dus kota eta aya
> tempat-tempat pabukons calon penerima. Ka nu bade nyumbang buku cenah tiasa
> nangtukeun ka tempat /kabupaten mana buku sumbangan kedah
> dikintun/disumbangkeun. Kaleresan, pabukons nu aya di daptar eta teh
> seuseurna mah nu kungsi ku urang “dijieun” ku cara dikirim buku-bukuna
> tea. Aya nu di garut, tasik, ciamis, bandung, cianjur, sukabumi, jsb
>
> Kang kang Oman, di pangulinan si kuring aya buku sakardus mie instant
> kintuneun ka Garut nu kapungkur ku kang Oman buku-bukuna dijajapkeun tea. Ke
> urang bungkus nu wedel, urang kintun via pos bae.
>
> Nuhun
>
> Wilujeng wik-en
>
> Mj
>  
>

Kirim email ke