Apih, di Bandung oge kantos bade ngadamel masjid, teu jadi alatan "diprotes"
warga. Padahal masjid teh ayana di komplek gedong sate, gigireun gedong dprd
palih kulon. Alesanana mangrupa-rupi. Asana jaman gubernur dani setiawan.
Ayeuna mung janten tempat parkir. Salah sahijina menyalahi desain cenah.
Pedah wangunan gedong sate teh apan dirancang walanda, gedong dprd na mah ku
Slamet Wirasonjaya, dosen arsitektur itb. Padahal naha kudu nurut ka
rarancang walanda da urang mah geus merdeka. Tuh, wewengkon lain di bandung
oge tos amburadul, rarancang tata kota walanda teu digugu deui. heuheu.


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Waluya
Sent: Friday, April 16, 2010 1:24 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Fw: Kasieunan teuing ....

Aya beja "rada aneh" ti detiknews Surabaya, cenah aya masjid keur diwangun
diprotes ku warga sabudeureunana, sabab warga teu nyaho saha-sahana nu
ngamodalan nyieun masjid ieu. Warga kasieunan sieun dijieun "sayang"
teroris.


Kirim email ke