Neng Minceu geus kasohor tukang ngagoda lalaki jeung ratuna tukang salingkuh. Hiji waktu manehna datang nyanghareup ka psikiater rek konsultasi masalah manehna.
Minceu: "Dokter cing punten abdi tulungan. Abdi teh boga sifat lamun paamprok jeung lalaki nu kasep jeung gagah sok hayang ngagoda jeung terus hayang salingkuh jeung maranehna. Tapi lamun saanggeusna salingkuh kuring sok ngarasa kaduhung, ngarasa boga dosa!" Psikiater:"Ah kaharti pisan ari kitu mah. Jadi anjeun hayang ngaleupaskeun diri tina dorongan hayang ngagoda jeung salingkuh, hayang ngaleungitkeun tina angen anjeun. Kitu panginten nya?" Minceu: "Ih sanes kitu dokter! Abdi hoyong dokter ngaleungitkeun perasaan kaduhung jeung ngarasa dosa tina angen abdi! =WLY=

