BUMN/D teh beurat misina jang ka nagara kauntunganana, jang ka masyarakat sosialna jeung jang ka imah direksi/komisaris beutina -:) Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Date: Fri, 16 Apr 2010 18:21:37 To: kisunda<[email protected]>; <[email protected]> Cc: urangsunda<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Parakiyangan KA ditutup Kunaon ari di urang rugi wae nya ? Sagala nu diusahakan ku urang Indonesia, di na widang naon wae, teu weleh rugi jeung rugi. Can ngadenge sugan, aya hiji Usaha Nagara nu untung, kituh. Euweuh jeung euweuh, jeung moal bakal. Tapi eta usaha teh terus we dituluykeun. Geus nyaho rugi, diteruskeun we. Kunaon cing sababna ? Mun aya Usaha, masing nyebut Rugi kamana mana ge, tetep kudu aya nu diuntungkeun. Batur mah, atawa masyarakat moal aya nu nyahoeun soal untung rugi, nyahona oh Gan Anu teh Direktur PT Anu; pantes loba imah jeung gedong oge. Teu apaleun yen PT atawa PN na Rugi mah. Nyahona teh Direktur we; ari ka kampung, mani dihiap hiap, DEn Anu Den Anu deui wae. Da Direktur; padahal pausahanana rugi jeung rugi wae. Padahal mah, kanyataan nu usaha mun RUGI wae tangtu nu bogana miskin, usaha naon wae pasti loba hutang, mun rugi teh, nepi ka bangkrutna pisan. Kadang2 nu bogana jadi gelo, da nu ngatur jeung nu usaha manehna sorangan. Tapi ari PT ? PN ? BUMN ? Pan nu Nagara ? Atawa nu RAKYAT. Keun we rek rugi ge, nu penting aing nu ngurusna senang. Nu matak loba BUMN rarugi, ampir kabeh; tapi Direkturna balucitreuk. Pek we itung Pangaluaran 10 milyar; asup 11 Milyar; dicokleg 5 Milyar. Tah nu kudu untung 1 Milyar; malah jadi rugi 4 M. Diantep we da Kroni uing. Ku nu Kawasa teh boro2 disintreuk tah nu karitu teh, teu di polototan2 acan ? Da Kroni uing, cek nu kawasa teh, bari upeti mah terus lancar. Pertamina cenah rugi, PLN rugi, PT KA rugi. Saha nu dirugikeun ? NYa rahayat atuh, sabab Nagara = rahayat. Ku naon atuh diantep ? Eeeeeh da nguntungkeun keur pribadi nu ngarurus Nagara mah. Ari pribadi2 nu ngarurus nagara teh paling oge 500,000 hulu meureun; ari nu diurus 250 juta jiwa. Pan teu sabanding teh antara nu 500,000 baleunghar jeung sesana nu kekerehet. Rahayat mah da bodo, ngan ting polohok we; dititah surak, surak; dititah Demo , Demo; bari teu ngarti jero2anana maksud DEMO eta. Geus barodo, beuki dibobodo, jeung diantep sina bodo terus; ulah geruh cenah, bisi nurutan; loba saingan engke; ngurangan jatah. Tah mucunghulna nu rada palinter di rahayat teh ngabingungkeun ka nu geus baleunghar ti heula, lantaran engke bakal loba nu nyoro, hancengan teh. Da nu pinter anyar ge lain ngabela nu leutik tapi milu aub meakeun duit rahayat. Saha we sabobodo sapipinter. Saha nu pinter maling, bisa kaya; nu bodo mun teu miskin, nya dibui mun nyoba pipilueun. Jadi meureun jaman ayeuna mah Beunghar = pinter maling. Nu beunghar can puguh usaha alus, mungkin oge kong kalikong. Duka teh teuing atuh..........................

