> Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@...> wrote:
> jeung eta deuih nyontokeun amerika. sakitu clinton geus kabukti & 
> geus ngaku, buktina pan ku masarakat amerika mah dihampura & tetep 
> ditarima...

Clinton ngalakukeun "salingkuh" saentasna dipilih jadi Presiden (jadi keur 
ngajabat), tapi lamun Clinton waktu keur kampanyeu kanyahoan salingkuh, biasana 
publik Amerika teu bisa narima. Aya sababaraha urang calon presiden Amerika 
akhirna mundur, kulantaran "kagiatan ranjang teu sahna" diguar ku media. Lamun 
teu salah mah, masalah ieu di Amerika teu aya Undang-undangna, ngan ukur 
standar moral nu teu katulis tapi gede pangaruhna kana parebutan sora.

Lamun teu salah mah, Clinton waktu disidang rek diimpeachment sanes perkara 
salingkuhna, tapi kulantaran dituduh NGABOHONG. Ceuk publik Amerika, teu pantes 
saurang Presiden tukang ngabohong .....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke