Baraya,

Lamun aya ngaran gunung anu panghesena ditulis tur diucapkeun, nya gunung
anu aya di Eslandia baris kaasup di jajaran pangluhurna. Ngaran eta
gunungapi teh nyaeta: Eyjafjallajokull. Ku pohara hese nuliskeun jeung
ngucapkeunana, juru warta di urang leuwih milih nyebutkeun eta gunung teh
"Gunung Eslandia" wae.

Gunung Eslandia anu anyar bitu, mimiti nembongkeun aktivitas gelobang
seismikna dina katompernakeun taun 2009, nepi ka mimiti bitu (eksplosiv)
kalawan angka VEI (volcanic explosivity index) 1. Mangsa puncak bituna (VEI
2 nepi ka 3) mah antara tanggal 14-20 April 2010, ngabalukarkeun loba
penerbangan di Eropa katunda nepi ngaakibatkeun karugian ekonomi gede ka
nagara-nagara Eropa di sabudeureunana.

Ceuk beja dina Yahoo, karugian akibat larangan penerbangan di nagara-nagara
Eropa jero saminggu mangsa bituna eta gunung ngahontal angka $ 1,7. Hiji
karugian anu kacida gedena, nepi ka sababaraha pausahaan jasa hiber di Eropa
kaancam baris rugi dina taun 2010 ieu. Padahal, bituna eta gunung teh teu
sabaraha (paling banter VEI tingkat 3) lamun dibandingkeun jeung
ngabeledugna Gunung Tambora di NTB taun 1815 (VEI tingkat 7) atawa Gunung
Rakata (Krakatau, VEI tingkat 6) taun 1883.

Ari VEI teh ukuran atawa skala gedena bitu hiji gunung sakumaha skala
Richter (SR) pikeun badagna hiji gempa. Skala VEI ti mimiti 1 (anu pang
handapna) nepi ka 8 (pang badagna). Tiap naek 1 angka dina eta skala ajenna
kudu dikalikeun 10 ti skala sahandapeunana. Upamana, bituna gunung skala 2
dina VEI eta 10 kali leuwih badag atawa leuwih rosa tinimbang bituna gunung
skala 1 VEI. Jadi, bituna ieu gunung Eslandia ukur 1/10.000 rosa-bituna
gunung Tambora atawa 1/1.000 na tina rongkah-bituna gunung Rakata, sakumaha
dina
http://nasional.vivanews.com/news/read/146351-letusan_tambora_vs_eyjafjallajokull__1_10_000
,
<http://nasional.vivanews.com/news/read/146351-letusan_tambora_vs_eyjafjallajokull__1_10_000>

Disebutkeun dina panujul (referensi) di luhur yen bituna ieu gunung di
Islandia teh lain bandingkeuneun pikeun Tambora. Badan Geologi Amerika
Serikat atawa US Geological Survey geus mere gelar ka bituna Tambora taun
1815 salaku "bitu gunung anu pangkuatna dina catetan sejarah". Sakumaha
disebutkeun oge dina Wiki (http://en.wikipedia.org/wiki/Mount_Tambora).
Korban anu maot-langsungna  wae alatan bituna Tambora taun 1815 leuwih ti
71.000 jiwa, ngabalukarkeun "taun anu teu ngalaman musim panas" di Eropa.

Malahan leuwih ti eta. Ceuk panujul Yahoo anu ka sebut di luhur disebutkeun
yen lebu tina bituna G. Tambora taun 1815 teh lian ti mateni rebuan jelama
oge ngarobah hawa/cuaca, malah nepi ka ngarobah sajarah. Ceuk Yahoo, poe ieu
(bhs Indonesia): "Tambora juga jadi salah satu pemicu kerusuhan di Perancis
yang warganya kekuarangan makanan. Juga mengubah sejarah saat Napoleon kalah
akibat musim dingin berkepanjangan dan kelaparan pada 1815 di Waterloo".

Upama dibandingkeun jeung bituna G. Rakata, rongkah bituna G. Eslandia ukur
1/1000 na. Atawa, bituna G. Rakata dina taun 1883 eta 1000 kali leuwih
rongkah dibanding kakuatan bituna G. Eslandia anu anyar keneh kajadian.
Rongkahna bitu G. Rakata taun 1883 ngabalukarkeun korban jiwa leuwih ti
36.000 jiwa. Lolobana korban kasapu ku ombak tsunami anu diakibatkeun ku
ngajelegurna eta gunung.

Ari  G. Tambora teh di urang, di Indonesia, Komo G. Rakata mah, baheula,
jaman samemeh Gus Dur alm jadi Presiden, ayana di wewengkon Jawa Barat
pisan, pasna mah di selat Sunda. Sakuduna urang waspada jeung nyieun
kasiapan-kasiapan boh bisi G. Rakata teh ngabeledug deui (ari Tambora mah
sigana keur rada tibra sare, jeung puncak gunungna teu sabarah gede ayeuna
mah). Atawa, naha geus siap urang salaku masyarakat nyanghareupan kajadian
gunung bitu anu aya di sabudeureun urang?

Aya sababaraha gunung di wewengkon Jabar anu kudu terus ditalingakeun
ayeuna-ayeuna ieu jeung ka hareup kusabab geus rada lila istirahat. Diantara
eta gunung-gunung nyaeta (jero kurung: daerah anu kapangaruhanana): Gunung
Guntur (Garut), Gunung Papandayan (Garut), Gunung Gede (Cianjur, Sukabumi,
Bogor) jeung Gunung Cireme (Cirebon, Kuningan, Majalengka). Kudu terus
ditalingakeun kalayan kudu aya anu nepikeun jeung nyiapkeun masyarakat di
sabudeureun eta gunung-gunung sangkan parigel nyinglar bahaya bituna eta
gunung-gunung dina mangsana kajadian.

Urang henteu apal, rek iraha eta gunung-gunung teh bitu, jeung baris
ngahontal angka sabaraha VEI-na. Tapi urang kudu tetep nitenan jeung
ngayakeun sasadiaan - upamana: latihan nyinglarkeun bahaya atawa
nyalametkeun diri dina waktuna eta gunung2 bitu; mere pangajaran ka barudak
sakola ngeunaan cara-cara nyinglar bahaya gunungapi, jst. Mataholangna:
atikan ngeunaan bencaa gunungapi kudu jadi kurikulum di sakola-sakola anu
aya di sabudeureun atawa pangaruh eta gunung2.

Latihan kasiap-siagaan nyanghareupan bituna hiji gunung teu kudu dilakukeun
unggal waktu atawa unggal poe. Tapi, mutlak perlu hiji masyarakat anu
kaancam ku bahaya bituna hiji gunung kungsi ngalaman latihan anu dimaksud,
jeung parigel dina ngalaksanakeun evakuasi dina waktuna breng kajadian
gunung bitu. Utamana, para pupuhu atawa tokoh masyarakat atawa pimpinan anu
ucap lampahna katurut ku masyarakatna, kudu pisan nyangkin eta kaparigelan
supaya bisa mimpin evakuasi atawa ngungsi dina waktuna kajadian kalawan
henteu galideur jeung tagiwur anu - ieu sikep galideur jeung panik - bisa
jadi panyabab karugian atawa korban jiwa.

Naha geus dikanyahokeun ku pangagung anu pakait wewengkon mana wae di Jabar
anu kaancam ku bahaya bituna hiji gunung? Naha geus kungsi diayakeun latihan
pikeun masyarakat anu nyicinganana sangkan bisa ngahindar tina bahaya bituna
eta gunung? Naha geus diitung sabaraha wae karugian anu baris kaalaman lamun
eta gunung teh bitu tur dilakukeun tarekah-tarekah pikeun nyinglarkeun eta
karugian, boh korban jiwa atawa harta benda?

manar

Kirim email ke